Naskah drama

Naskah Drama “Lutung Kasarung” Bahasa Sunda, Untuk 8 Orang!

×

Naskah Drama “Lutung Kasarung” Bahasa Sunda, Untuk 8 Orang!

Sebarkan artikel ini

Sebelum membuat sebuah naskah drama setidaknya kita memerlukan waktu yang tidak sebentar untuk penulisan teks serta menyusun alur ceritanya, agar menghasilkan drama yang bagus. Tentu ini bukanlah hal yang sangat mudah apalagi untuk 8 orang dan harus dituliskan kedalam bentuk bahasa sunda.

Untuk menghemat waktu dan sebagai contoh saja, dibawah ini saya sudah menyiapkan sebuah contoh teks naskah drama bahasa sunda untuk 8 orang dengan judul “Lutung Kasarung”. Nah penasaran seperti apa dramanya? Berikut langsung saja disimak teks naskah drama bahasa sunda dibawah ini.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Naskah Drama “Lutung Kasarung” Bahasa Sunda, Untuk 8 Orang

Contoh Teks Naskah Drama Bahasa Sunda 8 orang

TOKOH DALAM DRAMA :
1. (Nama Kamu) : Sbg. Prabu Tapa Ageung
2. (Nama Kamu) : Sbg. Purbararang
3. (Nama Kamu) : Sbg. Guruminda
4. (Nama Kamu) : Sbg. Niti Suwari
5. (Nama Kamu) : Sbg. Aki Panyumpit
6. (Nama Kamu) : Sbg. Purbasari
7. (Nama Kamu) : Sbg. Sunan Ambu
8. (Nama Kamu) : Sbg. Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti prameswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakanca, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih, nu katujuh Purbasari.

Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh Purbasari lain Purbararang, putra cikalna.

Prabu Tapa Ageung : Anaking, Bapa téh geus ngarasa kolot, kulantaran kitu Bapa rék tatapa di leuweung. Tuluy gaganti Bapa téh anu ngolah ieu nagara nyaéta Purbasari.

Purbararang : Tapi Pa? Naha lain abdi anu ngagentos Bapa téh? Lain abdi téh budak anu pangkolotna?

Prabu Tapa Ageung : Bapa milih Purbasari kusabab Purbasari téh bangun pisabareun, pibageureun, leuwih ti nu séjén. Kusabab kitu Bapa leuwih percaya ka Purbasari dina ngolah ieu nagara. Pokona mah ieu kaputusan geus mutlak jeung teu bisa dirobah deui

* Tuluy Prabu Tapa Ageung indit tatapa ka leuweung.

Purbasari : Teu bisa kitu! Kuring teu narima! Kuring salaku budak cikal ngarasa dihina jeung asa ditincak hulu ku adi bungsu sorangan. Pokona kuring nu bakal ngolah ieu nagara. Purbasari, manéh indit…!!!

* Purbasari diusir ti Karaton jeung dipiceun ka Gunung Cupu. Kacaturkeun di Kahyangan, Guruminda putra déwata cikalna, titisan Gurian Tunggal ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu.

Guruminda : Ambu, abdi bieu ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Ambu.

Sunan Ambu : Jung geura téangan pijodoeun hidep anu sarupa jeung Ambu. Tapi ulah torojongan, anggo heula ieu raksukan… Lutung…!!!

* Janggelek Guruminda rupa jadi lutung katelah Lutung Kasarung. Kocap deui di nagara Pasir Batang. Niti Suwari ngersakeun hayang tuang daging lutung. Tuluy nitah Aki Panyumpit pikeun néangan lutung ka leuweung.

Niti Suwari  : Léngsér! Kuring téh haying dahar daging lutung.

Aki Panyumpit : Mangga juragan.

* Di leuweung…

Aki Panyumpit : Ka mana nya lutung téh? Meni ka sepi euweuh sasatoan pisan ieu leuwung téh?

* Aki Panyumpit geus pegat pangharepan. Barang rék muang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Barang rék disumpit, lutung téh nyoara.

Guruminda : Eh, Aki bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho nu ngaranna karaton.

Aki Panyumpit : Ih bisa ngomong lutung téh! Heg atuh ari kitu mah, sok geura turun!

* Lutung Kasarung dibawa ka Karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang anu teurak, teu bias dirogahala.

Niti Suwari : Aya naon Léngsér, asa rariweuh katingalina!

Aki Panyumpit : Ieu lutung meni ka hésé dipeuncitna, na kumaha atuh ieu téh Juragan?

Niti Suwari : Pasrahkeun wé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.

* Eta lutung téh dipasrahkeun ka Purbararang. Purbararang keur ngagembrong ninun barang Lutung Kasarung nyampeurkeun. Tuluy koloprak téh taropong Purbararang murag ka kolong Balé.

Purbararang : Cing lutung, pangnyokotkeun taropoong di kolong Balé!

* Tuluy éta taropong téh dicokot. Ari béréwék téh dibebekeun jadi lima, sor disodorkeun ka Purbararang.

Purbararang : Jurig lutung! Taropong Aing sabogoh-bogoh dibebekeun! Léngsér! Teu sudi Kuring mah, anteurkeun Si Lutung ka Purbasari di leuweung!

* Tuluy Lutung dianteurkeun ku Aki Panyumpit ka Purbasari di leuweung.

( LANJUT KE HALAMAN 2 )

 

<< PREV 1 of 2

sumber: google.co.id