Puisi dan sajak

Sajak Sunda “SUMANGET KASUNDAAN” Sajak Populer di Jamannya

×

Sajak Sunda “SUMANGET KASUNDAAN” Sajak Populer di Jamannya

Sebarkan artikel ini

Hmm.. Gampang-gampang susah memang, ketika kita mendapati tugas disekolah untuk membuat sebuah sajak dalam bahasa sunda ini? Namun bukan berarti kita tidak bisa membuatnya, karna semua orang bisa membuat sajak misalnya kedalam bentuk bahasa sunda.

Yaps, sajak dapat kita buat dengan mudah asalkan kita dapat atau pandai memilih kata-kata serta merangkainya secara benar sehingga dapat saling berhubungan antara tiap bait katanya, pasti sajak yang kita buat akan bagus hasilnya.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Namun sayangnya terutama saya pribadi sendiri misalnya, bukanlah seorang pujangga yang pandai merangkai kata-kata tersebut seperti para sastrawan sunda lainnya yang begitu mahir dalam merangkai kata-kata dalam membuat sajak atau puisi bahasa sunda, aih sedap!

Nah, dari pada bingung-bingung, dibawah ini saya sediakan contoh sajak sunda dengan judul semangat ke-sundaan, silahkan disunting jika memang ada yang kurang atau perlu ditambahkan, namun jangan sampai merusak karya orang lain.

Maaf untuk pengarang sajak bahasa sunda dengan judul semangat kesundaan dibawah ini sendiri, saya kurang tahu pasti pengarangnya. Oleh karena itu, buat teman-teman jika ada yang mengetahuinya bisa di infokan lewat komentar agar dapat saya tuliskan.

Sajak Sunda Judul “SUMANGET KASUNDAAN”

Sajak Bahasa Sunda Dengan Judul "SUMANGET KASUNDAAN"
@ Foto – source
“SUMANGET KASUNDAAN”

Sumanget ka-SUNDA-an,
tara ngukut kanti risi,
tara reuwasan ku nu beja,
sikepna titih caringcing,
jauh tina hiri jeung dengki,
nyekel tetekon nu luhung,
gagah bedas teu aya lawan,
handap asor hade budi,
kasabaran nyata elmu katunggalan. 
Ciciren satria leuwih,
pageuh nyekelan jangjina,
tara ngawangkong ngabohong,
sumawonna pala cidra,
estu bener ucapna,
kasanggupna anu metu,
dibelaan pegat nyawa. 
Ciciren satria leuwih,
boga bakat tumarima,
katambah leber wawanen,
dina ngabelaanana,
ka sasama ka dunungan,
ka sakur nu enggeus nulung,
ku sagala kahadean. 
Ciciren satria leuwih,
boga bakat karunyaan,
estu resep mere maweh,
nulungan kanu sangsara,
melaan nu teu boga dosa,
hirupna pikeun tutulung,
resep kana kaadilan. 
Tara bedegong cirigih,
teu adigung adiguna,
estu pahing nyebut dewek,
lemes budi basana,
matak sugemaeun semah,
babaturan pada lucu,
resep ku prakprakanana. 
Tah kitu bakat sajati,
jauh tina pangarahan,
beunang disebut bolostrong,
teu aya pikir rangkepna,
ucap hate estu brukbrak,
teu nyieun budi salingkuh,
teu hayang senang sorangan. 
Tah kitu piwuruk ti aki,
patokan ka-SUNDA-an,
babakuna handap asor,
mitutur kasatrian,
make duduga peryoga,
nyingkahan ujub takabur,
teu agul ku kagagahan. 
Mungguh kamulia-an sajati,
lir ibarat wawangunan,
nu weweg alus tur gede,
hese piruntuheunana,
sababna ditihangan,
ku tabe’at anu luhung,
dihateupan kautaman. 
Dibilikan ku pamilih,
dikuta ku kasetyan,
dipademen ku wawanen,
dipaku ku kapengkuhan,
dihias kapinteran,
diparabotan ku elmu,
diukir ku karajinan. 
Jalma oge kitu deui,
lamun martabatna mulya,
hamo towong dipiomong,
moal pegat dipicinta,
sababna kamulyaan,
henteu kawengku ku waktu,
langgeng kawangikeunana. 
Luhur pangkat kudu karasa rumawatna ku ra’yat,
Gede kawasa kudu karasa rumaksana ku balarea,
Sugih mukti, rea duit, rea banda, kudu karasa sosialna ku nu teu baroga. 
Tapi ulah luhur pangkat dipake basilat
gede kawasa dipake terkosa,
sugih beunghar dipake teu wajar.

Nah, demikinlah contoh sajak dengan judul sumanget kasundaan-nya, semoga bermanfaat sebagai bahan referensi juga. Dan jangan lupa, baca juga kumpulan sajak bahasa sunda lainnya pada kategori yang sudah disediakan untuk contoh-contoh sajak lainnya.