Contoh Paguneman 3 Orang Judul “Ulin Ka Sawah”

Paguneman atau percakapan 3 orang ini menceritakan tentang wisnu, radit, dan angga, dan kemudian mereka beranggapan bahwa bermain di alam terbuka itu lebih bagus dari pada hanya bermain game saja apalagi dengan berjam-jam lamanya didalam rumah. Nah mungkin ada benarnya juga tentang dialog paguneman kali ini.

Ada makna yang bisa kita ambil dalam paguneman kali ini, yakni jangan terlalu sering apalagi berlama-lama bermain game tanpa batasan waktu, karna hal ini juga dapat menyebabkan kelainan pada mata terutama pada usia dini. Nah langsung saja, seperti apa contoh pagunemannya? Berikut dialog bahasa sundanya.

Judul paguneman “Ulin ka sawah”

[NEW] Contoh pelajaran sekolah tentang paguneman sunda 3 orang "Ulin Ka Sawah"

Katerangan :
1. Radit
2. Angga
3. Wisnu

Basa istirahat sakola di ruang kelas X 2B. Aya tilu babaturan dekeut, anu sering ulin babarengan, ngarana yaeta radit, angga, sareng wisnu. Maranehana keur ngararobrol dikelas.

Angga : “Dit, basa poe minggu kamari maneh ka mana? Ning urang ulin ka imah maneh teu aya?”

Radit : “Oh, keur kamari urang piknik ka kebon raya, bogor.”

Angga : “Aih, geuning teu ngajakan urang sih.”

Radit : “Ah, eta ge pan mangkatna jeung kaluarga urang ga.”

Angga : “Oh, kitu.”

Wisnu : “Kumaha rea teu di ditu, Radit?”

Radit : “Nya rea oge, pamandangan nana aralus euy.”

Wisnu : “Mana atuh oleh-olehna, ningan teu mawa?”

Radit : “Bisi hayang oleh-oleh mah balik sakola weh ka imah urang, kamari balikna urang meser ka’emaman hela diditu.”

Wisnu : “Hayu atuh angga, engke balik sakola urang ka imah Radit, yu ah?”

Angga : “Hayu wae.”

Wisnu : “Kaparengan, abdi can apal pan imah si Radit teh. Ari Angga kamari ka imah Radit bade naon?”

Angga : “Puguh urang arek ngajakan si Radit nguseup belut, di sawah.”

Radit : “Lamun urang teu mangkat kaditu mah, daek pisan ngusep teh, bari ulin ka sawah weh sore-sore.”

Wisnu : “Oh, urang oge resep ari ngusep belut mah, ges lila teu nguseup belut di sawah.”

Angga: “Emang maneh biasa kamana lamun sore-sore, Wisnu?”

Wisnu : “Ari urang mah sapopoe ngan ulin game hungkul di jero imah.”

Angga : “Ulah sering teing wis, bisi mata maneh jadi lamur ke gera.”

Radit : “Bener tah ceuk si Angga, ulah sering jeung lila teuing maen game, bisi ngarusak mata.”

Wisnu : “Oh, kitunya?”

Angga : “Enya.”

Radit : “Kamari maneh menang loba teu ngusepna, Angga?”

Angga : “Ngan menang 2 siki”

Radit : “Naha ningan?”

Angga : “Atuda sore teuing, mangkat kadituna ge abdi jam 5 sore.”

Wisnu : “Mending daripada maneh teu menang? Hahahaa..!”

Radit : “Hahahaa.. Bener tah!”

Wisnu: “Nah, kumaha lamun isukan urang balik ti imah si Radit sorena jam 4, urang langsung nguseup belut ka sawah?”

RaditAngga: “Hayu..!”

Wisnu : “Dibanding urang ulin game wae di imah bisi ngarusak mata, mending urang ulin ka sawah nya?”

RaditAngga : “Bener.”

Wisnu : “Nah, okeh lamun kitu mah. Ayeuna kumaha lamun urang ka kantin sakola hela, lapar euy.”

RaditAngga : “Oke deuh!”