CALUNG TARAWANGSA

CALUNG TARAWANGSA
Contoh Artikel Bahasa Sunda Tentang Kesenian CALUNG TARAWANGSA
Foto: @google images

Tarawangsa téh méh sabangsa rébab atawa piul. Waditra kését anu gunana pikeun nambahan mamanis laras hiji lagu. Tarawangsa gé sarua maké kawat jeung pangését. Tarawangsa dijieun tina kai anu sakurilingna ditutup kalawan rékép. Ngan di hareup, di bagian tengah, aya liang, kira-kira ukuran 7 X 7 cm. Aya beuheungan wéh, panjangna kira-kira 45 cm. Bédana jeung rebab, tarawangsa mah wangunna pasagi. Kitu deui pangésétna ogé béda.

Tarawangsa mah pangésétna lain tina kenur, tapi tina injuk nu dilélésang ku arpus atawa menyan. Kasenian tarawangsa nu aya di wewengkon Tasikmalaya rada béda jeung tarawangsa di daérah séjén. Tarawangsa nu aya di kampung Cigelap, Cibalong, Tasikmalaya sok diadumaniskeun jeung waditra séjénna umumna lagu buhun anu geus moal dipikawanoh ku barudak ayeuna.

Aya lagu anu teu meunang sagawayah ditembangkeun, nyaeta lagu Ayun jeung lagu Pangungsi. Ieu lagu dianggap sakral. Ditembangkeunna ngan dina upacara anu tangtu, upamana dina ngaruat panén, ampih paré, jsb.

Ari lalaguan nu séjénna kayaning Pingping Konéng, Sangray Muncang, Cipinang, Manuk Héjo atawa mulang, sok ditembangkeun dina acara hajat nyunatan atawa ngawinkeun.

Calungna ogé béda jeung calung nu ilahar. Henteu bisa dijingjing da masangna ditalian, ngajéjér, dina raraga kai. Méh kawas arumba, ngan ieu mah ditalian. Di wewengkon séjén mah nu kitu téh disebutna calung rénténg.

Ceuk katerangan kokolot di Cigelap, kasenian tarawangsa téh geus dipikawanoh ti béh ditu kénéh. Aya nu nyebutkeun kira-kira ti abad ka-12. Basa anu dipaké dina lalaguanna ogé apan basa Sunda buhun.

Sanajan kaasup kasenian buhun, calung Tarawangsa ti Cigelap hirup kénéh tepi ka kiwari. Sok aya kénéh nu nanggap di lembur-lembur sabudeureun Tasik. Dina taun 60-an tepi ka 70-an mah ieu kasenian téh dipikaresep pisan ku masarakat.


Thanks__
sumber referensi: google.com

Terjemahan :Tarawangsa itu seperti rébab atau piul (alat jenis musik dari bambu sejenis biola). Waditra kését (sebutan untuk alat musik atau instrumen tradisional di tatar sunda yang sering dipakai dalam karawitan Sunda) yang gunanya untuk menambah tinggi rendahnya nada suatu lagu. Tarawangsa juga sama menggunakan kawat dan penggesek (seperti pada biola).

Tarawangsa dibuat dari kayu yang sekelilingnya ditutup dengan rapat. Hanya di depan, di bagian tengah, ada lubang, kira-kira ukuran 7 X 7 cm. Ada lehernya, panjangnya kira-kira 45 cm. Bedanya sama rebab, tarawangsa itu berbentuk persegi. Demikian pula penggeseknya juga berbeda.

Tarawangsa penggeseknya bukan dari senar, akan tetapi dari ijuk yang diberi pelicin oleh arpus atau kemenyan. Kesenian tarawangsa yang ada di daerah tasikmalaya berbeda dengan tarawangsa yang ada didaerah lainnya. Tarawangsa yang ada di kampung Cigelap, Cibalong, Tasikmalaya selalu dipadukan dengan waditra lainya, umumnya lagu lama (kuno) yang sudah tidak akan dikenali oleh anak-anak saat ini.

Ada lagu yang tidak boleh semaunya di nyanyikan, yakni lagu Ayun dan lagu Pangungsi. Ini lagu dianggap sakral. Diperlihatkan hanya dalam upacara tertentu, umpamanya dalam selamatan untuk penolak bahaya saat panen padi, memasukan padi, dan sebagainya. Kalau lalu-lagu yang lainya seperti kayaning Paha Konéng, Sangray Muncang, cipinang, Burung Héjo atau mulang, suka dibawakan dalam acara sunatan atau acara perkawinan.

Calungnya juga berbeda dengan calung pada umumnya. Tidak bisa di jinjing karna masangnya di ikat, berjajar, dalam rangka kayu. Supaya seperti arumba, hanya saja ini fi ikat. Di daerah lain yang seperti ini disebutnya calung rénténg (calung seuntai, serangkai).

Dari keterangan sesepuh di Cigelap, kesenian tarawangsa ini sudah dikenali sudah lama sekali. Ada yang menyebutkan kira-kira dari abad ke-12. Bahasa yang digunakan dalam nyanyiannya juga soalnya menggunakan bahasa Sunda kuno.

Sekalipun termasuk kesenian kuno, calung Tarawangsa dari Cigelap masih hidup hingga saat ini. Masih ada yang selalu menanggap di kampung-kampung disekitar Tasik. Dalam tahun 60-an hingga sampai ke 70-an, kesenian ini sangat disenangi oleh masarakat.

 
Artikel Terkait :

  1. Karawitan Adalah? Pengertian, Fungsi dan Contoh Alat Musiknya
  2. Fungsi Angklung di Jawa Barat Berdasarkan 8+ Jenis Jenisnya
  3. Ciri Ciri Lagu Daerah atau Musik Tradisional dan Pengertiannya