Babad Cijulang

Kanggo urang Cijulang pituin mah, ngadangu istilah sajarah cijulang tantos émutan téh ngalayang kana “Sajarah Cijulang” anu sok diaos waktos “Ngabukutaun”. Numutkeun “Sajarah Cijulang” mah, linggihna di Ta’al, gaduh putra sapuluh, genep anu tumetep di Cijulang nyaéta Sabarudin, Karangmawangsa, Sukamawangsa, Parajasinga, Martadimangsa, sareng Ayuwetan.

Ari Aki jeung Nini Gede anu ngalalakon dina “Sajarah Cijulang”, lanceuk pangedena Jang Langas, urang Kedungrandu, ayeuna eta tempat aya keneh, jadi ngaran hiji desa di Kacamatan Patikraja Kabupaten Banyumas. Ari nu jadi cukang lantaran Aki Gede abur-aburan, kusabab kahayang Kenjeng Sinuwun nu jadi panguasa di Banyuwas ngawin anak awewe Aki Gede teu disaluyuan.

Inggis ku bendu Sinuwun jeung ngadenge beja rek dirurugan, Aki jeung Nini Gede sabondoroyot dibaturan ku sawidak kuren terus mentas di Jaranmaganti (Cimanganti) teras linggih di Pakemitan.

Hariwang kapanggih ku pasukan Sinuwun, mindah deui Aki Gede teh ka Cikaso terus ka Kolemba, Bojong Cikur, Bubulak Karang Simpang, Binangun, terus ka Nagrog rek neangan tempat pinagaraeun tapi geus eweuh nu suwung, teras balik deui ka Binangun nembong geus aya Gandek Sinuwun nu dipiwarang neangan Aki Gede saparakanca.

Teras eta Gandek ku Aki gede dibadamian sangkan ngadehes ka Dalem Sukapura anu kagungan nagara, ari aki gede terus neangan tempat pinagaraeun, mimiti ka tempat nu jadi Lembur Sarakan, Cikadu, Cikawung, Pepedan, Cipanengah, Sipatahunan, Cipakawuk, jeung Gurago anu teras dijadikeun lembur ngalih ti Binangun.

Ngarasa mantep di Gurago, terus Aki Gede nitah anak awewena jeung minantuna ka Sukapura ngadeheus Kanjeng Dalem, nu harita ngarana Dalem Tambela.

Harita Cijulang teh asup ka wilayah Sukapura sanes Galuh siga ayeuna, dina “Sajarah Cijulang” kacarioskeun yen anu janten kapala pamarentahan teh Dalem Tambela di Sukapura, jadi kurang leuwih Aki Gede teh jumeneng dina mangsa Cijulang masih keneh janten bagian ti Sukapura anu ayeuna mah gentos nami janteun Tasikmalaya.

Sapertos dicutat di luhur, Cijulang zaman Aki Gede sanes bawahan Galuh tapi Sukapura anu ngagusti ka Karajaan Mataram, eta teh kulantaran nalika Karajaan Galuh runtuh dina taun 1528 wilayahna mung kantun saalit.

Waktos Sunan Amangkurat I janteun Raja Mataram, struktur wedana/bupati dihapus, digentos janten Ajeg, aya 12 Ajeg di wewengkon Mancanagara Kilen, salah sahijinya Sukapura.

Taun 1677, wilayah ieu dipasrahkeun ka VOC teras jadi bawahan Bupati Kumpeni di Cirebon, status ieu teu robah waktos VOC bangkrut digentos ku Pamarentahan Hindia Walanda, nembe dina tahun 1864 dialihkeun janteun bagian ti Karesidenan Priangan.

Waktos Pamarentah Walanda ngayakeun reorganisasi wilayah, dumasar kana Staatsblad 425 tahun 1931, Cijulang masih keneh janten kawadanaan anu lebet ka Kabupaten Sukapura, harita nu janten Wadana, R. Somawirya.