Atikan Di Indonesia Masih Eleh Saing

Warta Saptu, 21 Oktober 2017 | 00:51 WIB

Lembaga Pengkajian MPR RI nyatakeun yen masih kurangna keneh atikan di Indonesia, anu masih jauh tinggaleun sareng sababaraha nagara sanesna nu aya di ASEAN, sapertos Singapura, sareng Malaysia.

Ieu dibahas dina “Round Table discussion dina judul ” nyerdaskeun kahirupan bangsa: pendidikan nasional nurutkeun UUD NRI Warsih 1945 “, dina dinten Juma’ah (21/10).

Pupuhu Lembaga Pangkajian (Lemkaji) MPR RI, Rully Chairul Azwar nyatakeun, kaayaan atikan nasional di indonesia ayeuna tacan tiasa dihareupkeun. Masih seueur keneh masalah dina palaksanaan atikan nasional, sanaos anggaran atikan atos dironjatkeun (ngahontal Rp 416 , 1 triliun, kanggo taun 2017).

Nanging faktanya, daya saing atikan di Indonesia masih jauh dihandap dibandingkeun tilu nagara ASEAN sanesna. ” Dina 2015-2016 posisi Indonesia aya dina peringkat ka-37 ti 138 nagara. Nanging dina periode 2016-2017 posisi Indonesia turun ka urutan 41, dihandapeun nagara Malaysia (18), Singapura (2) sarta Thailand (32),” saur pa Rully.

Persoalan sanes anu jadi bukti ayana masalah dina sistem atikan nasional nyaeta data anu ditepikeun Unicef dina taun 2016. Dina data eta disebatkeun yen 2, 5 juta anak Indonesia henteu ngalanjutkeun atikana kusabab alesan faktor ekonomi sarta budaya.

“ieu teh bukti anu nyata yen sistem atikan urang masih dipangaruhan keneh ku sagala rupa masalah. Margi eta urang kedah neangan solusi, supados ka hareupna cita-cita nyerdaskeun bangsa tiasa geura-giru kahontal ” , saur pa Rully nambahkeun.

Nyondong dina acara kasebat, para pupuhu Lembaga Pengkajian MPR, yaktos Ahmad Farhan Hamid, Djafar Hafsah, I Wayan Sudirta, Andi Matalatta sarta Syamsul Bahri. Bade ngalanjutkeun acara “Round Table Discussion”.

Saloba 25 pakar atikan engkina bade dihadirkeun dina acara kasebat. Di antarana Arief Rachman, Satrio Brodjonegoro, Din Syamsudin, sarta Anwar Arifin.