Atikan Kasenian di Sakola

ANU pangheulana jadi pananya teh tangtuna oge: naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD? Puguh bae tujuanna lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman.

Perkara isuk jaganing geto aya diantarana nu jadi seniman, eta mah tangtu henteu matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di sakola teh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kreatif.

Ku ayana atikan kasenian, siswa oge dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang kahirupan  di lingkungan sosial budaya Indonesia. Jadi, atikan kasenian teh henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon henteu.

Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran sejenna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni sejenna. Perkara eta nuduhkeun yen naon rupa perkara oge bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku seni.

Pamarentah kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya).

Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya teh mibanda harti yen atikan kasenian salawasna kudu nyoko kana budaya di lingkungan sewang-sewangan. Lantaran bangsa Indonesia mibanda kabeungharan budaya, tangtu bae di saban wewengkon teh nyampak seni jeung budaya nu mandiri, sarta beda jeung seni budaya sejen.

Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda oge kalintang beungharna. Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajen-inajen punjul, sarta boga ciri has sewang-sewangan.

Seni jeung budaya ieu pisan anu perelu ditepakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan lain hartina nutup diri kana seni jeung budaya global. Taya salahna mikawanoh tur mikaresep budaya mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya bangsa, tangtu karakteristikna beda jeung seni budaya deungeun.

Hususna di tatar Sunda, tangtu bae anu perelu diwanohkeun teh seni budaya Sunda. Rea urang deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan ngeunaan seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa kataji tur nganggap seni budaya Sunda linuhung. Tangtu bae kalintang lebarna lamun urang Sunda sorangan henteu mikawanoh.

Ngawanohkeun seni budaya Sunda bisa dimimitian ku nepakeun basa Sunda jeung rupaning kamonesan basa Sunda dina ajen sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu, sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yen basa Sunda teh henteu kampungan. Basa Sunda oge bisa jadi basa rupaning paelmuan.

Komo deui lamun ngagedurkeun nepakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana. Memang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari oge masih keneh rea nu nganggap yen aksara Sunda teh “ha na ca ra ka”. Padahal nu saestuna mah aksara Sunda teh “ka ga nga…”.

Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina kabiasaan sapopoe. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hese, tinggal basana nu kudu digedurkeun teh, lantaran basa Sunda mah masih keneh diparake dina kahirupan sapopoe.

Malah dina tayangan tivi nasional oge, basa Sunda mindeng dipake, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran. Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun oge apan bisa nuduhkeun yen basa Sunda teh masih keneh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu ngagunakeun dina kahirupan sapopoe. Nu leuwih utama, basa Sunda teh basa rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang Sunda.
 

Thanks__
sumber referensi: google.com