Bahasa & Lainnya

25+ Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 2019 Bahasa Sunda!

×

25+ Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 2019 Bahasa Sunda!

Sebarkan artikel ini

Alhamdullilah, kita sudah memasuki saat yang sangat berbahagia yaitu hari raya idul fitri di tahun 2019 ini. Tak lupa juga saya ingin mengucapkan kepada kalian semuanya “Selamat hari raya idul fitri, mohon maaf lahir dan bathin” Apabila sekiranya ada kata-kata yang kurang enak di hati kalian selama ini. Hik hik! (emot sedih)

Baiklah, memasuki hari raya idul fitri atau lebaran ini tentunya kita ingin barbagi kebahagiaan dong? Ya, salah satunya bisa dengan memberikan ucapan “selamat” misalnya kepada rekan, sahabat, saudara, keluarga, atau kekasih tercinta. 😀

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Ucapan selamat idul fitri bahasa sunda 2019 ini bisa kalian kirimkan melalui berbagai media pesan dan media sosial seperti whatsapp ataupun untuk status facebook kamu sendiri misalnya.

Nah, dalam artikel ini setidaknya saya sudah menyiapkan beberapa kumpulan dari ucapan selamat hari raya idul fitri 1440 H tahun 2019 dalam bahasa sunda beserta nanti ada gambar kartu ucapan basa sundanya.

So! Mari meriahkan momen lebaran dengan berbagi ucapan selamat hari raya idul fitri untuk sahabat, dan keluarga tercinta kamu dengan bahasa sunda biar makin akrab! Aih sedap..

25+ Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 2019 Bahasa Sunda!

Yuks, mari kita mulai..

01. Batin nu usik nyaliksik ngawincik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut pupuhu qolbu, mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Taqobalallohu mina waminkum syiamana wasyiamakum. Minal aidin wal faidzin.

02. Carita nu matak rengat kana manah, lisan nu teu merenah matak nalipak rasa, saur nu niruk kalbu, laku nu teu luyu, mugia tong dianggo katugenah. Neda sihapunten lahir tumakaning batin. Hampura dosa simkuring sakeluargi boh lahirna, boh batinna, Minal aidzin wal faidzin.
03. Dijurung andum rahayu, dina mangsa bengras rasa, urang tundung kawuwung kabingung, mapag dewangkara rasa. Mugia malati ligar na ati lir dangiangna poe nu fitri. Taqobalallohu mina waminkum syiamana wasyiamakum. Minal aidin wal faidzin.
04. Gagang pacul potong, bedog rarompang, kampak dekol parunglak, kenteng imah balocor, panto rarujad, waluya jadi eusi cubluk, leuweung darugul, sagara lautan kiruh. Duh Gusti Nu Agung, hampura dosa manusa, boh lahirna, boh batinna, amiin. Minal aidin wal faidzin.
05. Poho jeung kahaja jalma tempatna, laku-lampah tur basa pantesna euweuh nu nyalahkeun ka salira, pangampura nu diteda maheutkeun tali ka sasama jalma. Taqobalallohu mina waminkum syiamana wasyiamakum, Minal aidin wal faidzin, mohon maaf lahir jeung batin!
06. Tina ati nu wening tur iklas, simkuring neda hapuntenna, rumaos diri sakapeung sok kaancikan ieu aing uyah kidul. Dina dintenan nu fitri ieu, urang silih lubarkeun kalepatan. Minal aidin wal faidzin.

07. Ginulur rahayu kersana Nu Maha Agung, ginanjar bagja kersana Nu Maha Kawasa. Agungna ping 1 Syawal urang papag ku kaiklasan sareng kajembaran manah, ngalubarkeun kalepatan lahir batin antawis urang.

Mugia Alloh SWT ngabulkeun kana pamaksadan urang sarerea. “Wilujeng Boboran Syiam 1 Syawal 1440 H” Sihapunten lahir tumekaning batin ti abdi sareng sakulawargi. Amiiin.

08. Bilih kantos kasisit sebit kapancah kalengkah ucap, tina galih sareng manah nu setra. Seja nyanggakeun “Wilujeng boboran Syiam 1440 H” Neda sihapunten lahir sinareng batin.

09. Sajatining manusa kumelendang di alam dunya, estu taya nu baqo, taya nu sampurna. Nyelerekna waktu nu kalaku, lampah lampah nu kasorang tangtu aya tatu jeung cawadna.

Ku kituna dina wangkit ieu simkuring seja nyungkeun kaweningan galih mugi kersa ngahapunten samudaya kalepatan sareng ka hilapana lahir tumekaning batin. Minal aidin wal faidzin.

10. Sanajan ramo teu patarema, sanajan urang paanggang, tapi hate teu aya hahalang. Ti salebeting manah anu wening, simkuring neda widi ngahapunten sagala kalepatan, hapuskeun sagala dosa diri. Minal aidin wal faidzin, Neda sihapunten lahir sinareng batin.
11. Bari tafakur neuteup lengkah batur, horeng katetegan na batin urang sorangan. Wilujeng boboran siam. Lawung pangampura teu weleh muka ti Gusti, Amiin.
12. Sora bedug meupeus layung, nyingraykeun lalangse langit, ngucurkeun cai suci nu nyarakclak minuhan umat. Taqobalallohu mina waminkum. Neda sihapunten samudayaning kalepatan, minal aidin wal faidzin.
13. Medal tina sugrining kaweningan galih, diwuwuh karumaosan ucap lampah teu merenah, aya pamundut nu saestu, salira wening galih jmbar manah, kersa ngahapunten. “Wilujeng boboran Syiam 1440 H” 2019
14. Cai soca teu kariksa, raheut manah nu teu kahaja, mugi janten pangampura ucap lampah nu teu kajaga tur samudaya kalepatan. Minal aidin wal faidzin, Neda sihapunten lahir sinareng batin.
15. Hiliwir angin takbir sabada saum akhir, neda sihapunten tina sadaya kalepatan. cuang setrakeun karungsing ku cihampura nu wening, Saninten buah saninten, saninten di parapatan, hapunten abdi hapunten, tina samudaya kalepatan. Taqobalallohu mina waminkum siamana siamakum. Minal aidin wal faidzin, neda sihapunten lahir sinareng batin.

16. Lamun langit angkeub kaleleban mega hideung nu teu disangka baris kasorang, seungitna katresna urang kalimpudan katugenah na ati, ukur rasa guligah nu kiwari marengan, kaseret diri tina harti.

Mugia bangbaluh anu sok biasa munjungan, mugia kalangkang nu sok marengan, nampi malati nu seret ku harti, nyinglarkeun angkeubna lalangit hate. Wilujeng boboran Syiam 1440 H 2019

17. Sahengna amarah, ngentab nepa raga nyangkalak jiwa. Geus tiis ayeuna mah, mangsa mapag Idul Firi dina tungtung Ramadan, anu geuningan ngan sakiceup ninggalkeun, anu boa bakal kasorang deui. Andum pangestu neda jembar pangampura. Taqobalallohu mina waminkum. Minal aidin wal faidzin. Neda sihapunten lahir sinareng batin.
18. Upami cahaya tos hibar, gumiwang fajar sinangling dina sabar. Sasasih ngadalian nafsu akbar, tos dugi ka wanci rajaning bagja. Hapunten samudayaning kalepatan. “Wilujeng boboran Syiam 1440 H”

19. Nu waas moal laas, geter hate tetep rame, najan henteu patepung lawung- paamprok jonghok. Dina boboran siam ayeuna, urang lalayaran dina lautan hampura.

Sim kuring neda tawakup anu kasuhun, neda jembar sihapunten lahir tumekaning batin. Taqobalallohu mina waminkum. Minal aidin wal faidzin.

20. Binarung rasa nu lenglang, neda agung cukup lumur jembar pangapunten tina samudayaning kalepatan. Mugia balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan. Wilujeng boboran siam 1440 H 2019.
21. Nyucikeun panyakit ati, ngikhlaskeun manah tugenah. Wilujeng lebaran. Hapunten binarung ikhlas, ngalubarkeun ku ikhlasna.

22. Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngajaheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura.

Wilujeng boboran siam  1440 H. 2019 Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum minal aidin walfaizin.

23. Bilih aya luhur saur bahe carek, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah iru hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal  1440 H. 2019 ku kabungahan tur kaikhlasan.
24. Ti Lahir datang ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur, ligar manah ku kaikhlasan. tiasa ngalubarkeun. tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur, lampah lali nincak salah, neda sihapuntenna. Wilujeng boboran siam 1440 H. 2019.
25. Teu aya basa nu bisa direka, teu aya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumekaning batin. “Wilujeng boboran Syiam 1440 H. 2019”

26. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum, taqobalahuyakarim. wilujeng boboran shiam 1440 H. Minal aidin wal faidzin.

Bonus Desain Kartu Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 2019 Bahasa Sunda

Selain teks ucapan ucapan idul fitri 2019 dalam bahasa sunda diatas, dibawah ini sebagai bonus tambahan 😀 Saya sudah siapkan pula beberapa contoh kartu ucapan selamat idul fitri dalam bahasa sunda yang saya buat, yang bisa lebih mudah dikirimkan kepada keluarga sahabat tercinta melalui facebook, whatsapps, atau media sosial lainnya.

Ucapan idul fitri bahasa sunda

Desain kartu idul fitri bahasa sunda

Selamat idul fitri bahasa sunda

Ucapan idul fitri basa sunda

“Selamat hari raya idul fitri mohon maaf lahir dan bathin”

Setiap orang tentunya mempunyai cara masing-masing saat menjalankan ibadah puasanya. Terkadang saat menulis artikel ini, saya sedikit merenung berfikir sejenak rasanya kok sedih juga yah kalau mengingat suasana saat menjalankan ibadah puasa ini?

Jadi gini, kalau dipikir-pikir terkadang sedih sendiri tuh saat mengingat suasana dibulan ramadhan ini, seperti saat kita menjalankan ibadah puasanya, suasana dimalam harinya, tarawih, sahur dan suasana subuh dibulan puasa, dan tentu dibulan-bulan selanjutnya kita tidak akan lagi merasan suasana seperti ini lagi.

Huft! Mari kita renungkan sejenak, dan pasti teman-teman juga merasakan hal yang sama seperti apa yang saya rasakan, untuk itu yuk mari kita berdo’a bersama-sama..

“Yaa allah ya rab.. Terimakasih atas nikmatmu selama ini, dan pertemukanlah kami dengan bulan-bulan puasa di tahun-tahun berikutnya. Amin, amin yaa robbal alamin..”

Selamat hari raya idul fitri untuk sahabat dan dulur-dulur basasunda.com semuanya dimanapun kalian berada, dan semoga amal ibadah dan semua amalan kita selama menjalankan ibadah di bulan suci ramadhan tahun ini dapat diterima oleh allah swt, amin.

***Wilujeng Boboran Syiam***

Assalamualaikum Wr. Wb

Haturan Wilujeng Boboran Syiam 1 Syawal 1440 H 2019 ka sadayana dulur-dulur sunda dimana wae ayana, mugia ibadah shaum dina sasih ramadhan ayeuna teh parantos dipinuhan ku rakhmat, hidayah, barakah, sareng mugia ibadah urang sadayana tiasa ditampi ku gusti allah ta’ala… amien!

Hapunten samudaya kalepatan sim kuring “Wilujeng Boboran Syiam 1 Syawal 1440 H 2019″ Sakali deui sihapunten lahir tumekaning batin ti abdi sareng sakulawargi. ”

Wassalamualaikum Wr. Wb