TEKNOLOGI BASAJAN URANG SUNDA

Nu dimaksud teknologi teh nyaeta elmu anu patali jeung teknik barangjieun. Sakapeung urang salah kaprah, upama ngadenge kecap teknologi, anu kapikir teh nyaeta barang-barang anu sarwa canggih atawa moderen.

Padahal henteu kitu. Sakur anu aya patalina jeung teknik barangjieun bisa disebut teknologi. Upama bae nyieun tempe, nyieun korsi, atawa nyieun bata. Ieu oge kaasup pagawean anu ngagunakeun teknologi, disebutna teknologi basajan atawa sederhana. Tangtu bae cara-cara migawena oge henteu bangga sarta henteu merlukeun waragad anu gede, beda jeung teknologi canggih.

Urang Sunda geus ti beh ditu mula katelah rancage. Nyieun naon bae anu diperlukeun dina kahirupan sapopoe. Upamana bae nyieun parabot dapur, parabot keur tatanen, parabot keur barangala, jeung sajabana. Baheula mah parabotan teh lain meunang meuli, tapi meunang nyieun sorangan. Beda jeung ayeuna, parabot nu aya di imah teh umumna mah apan meunang meuli.

Pek titenan ku hidep ieu parabot jieunan urang Sunda: Boboko teh wadah sangu atawa beas mun rek ngisikan. Dijieunna tina awi dianyam kepang atawa geometris. Biasana bagian awi anu dipakena teh hinisna. Aya oge boboko anu dijieun tina hoe. Ukuranana (diameterna) kira-kira 20 cm. Buleudanana diwengku ku awi sarta ditalian ku hoe. Bujurna make soko.

Ranggap gunana pikeun ngurungan hayam, pangpangna hayam nu keur anakan atawa hayam anu matak melang lamun dikencarkeun. Dijieunna tina awi, aya nu dialus-alus aya oge nu basajan, ngan kagunaanana mah sarua pikeun ngurungan hayam.

Nepi ka ayeuna ranggap masih keneh digunakeun, komo ku lobana nu resep ngingu hayam mah (hayam bangkok, bekisar, atawa hayam pelung), nyieun ranggap teh paalus-alus.
Seeng wangunna silinder rada neros.

Jangkungna kira-kira 50 cm. Biasana dijieunna tina tambaga, tapi aya oge nu tina kaleng. Tukang nyieun barang tina tambaga disebutna paledang. Seeng teh gunana pikeun nyangu, (aseupan teh numpangna kana seeng). Mun teu kitu seeng teh sok dipake kukuluban, kayaning ngulub jagong, cau, hui, jsb.

Lodong dijieunna tina awi guluntungan. Panjangna ilaharna 2 ruasan, kira-kira sameter. Tungtung beulah luhurna dicowak sarta sok make tali tina hoe. Keur panyangklekna oge sarua sok make tali tina hoe.

Lodong sok digunakeun ku tukang nyadap, pikeun nandean lahang tina leungeun kawung. Lamun teu kitu lodong sok dipake wadah cai keur nu jauh ka sumur atawa tampian mah. Wuluku mah pakakas paranti ngolah sawah, sok ditarik ku munding atawa sapi.

Eta pagawean teh disebutna ngawuluku, maksudna pikeun ngalembutkeun taneuh meunang macul. Wuluku dijieunna tina kai jeung ruyung. Bagian-bagianana aya nu disebut bubuntut, singkal, paseuk tanding, cacadan, jeung babantal.

Thanks__
sumber referensi: google.com