Sisindiran, Pribahasa & Pantun

Terbaru! Tebak Tebakan Sunda Lucu, Bikin Ketawa Ngakak 2023

×

Terbaru! Tebak Tebakan Sunda Lucu, Bikin Ketawa Ngakak 2023

Sebarkan artikel ini

Tebak tebakan sunda atau dalam bahasa indonesia kita kenal sebagai plesetan atau teka teki, adalah merupakan sebuah pertanyaan-pertanyaan yang membutuhkan suatu jawaban dengan gaya yang berbeda dari pada biasanya. Dalam bahasa sunda tebak-tebakan ini beraneka macam jenisnya sesuai dengan kebutuhan, dan yang akan dituliskan dibawah ini seperti tebak tebakan lucu, tebak tebakan gombal dan romantis.

“Kecap tatarucingan téh asal kecapna tarucing. Tina tarucing jadi tatarucingan nu hartina kaulinan nu ngaluarkeun rupa-rupa tarucing atawa tebak tebakan.”

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Kumpulan Tebak Tebakan Bahasa Sunda

Tebak Tebakan Bahasa Sunda Lucu, Bikin Geli dan Ketawa Ngakak

Tebak Tebakan Romantis Gombalan Lucu

Tebak-tebakan romantis dalam bahasa sunda ini cocok banget nih dibaca ketika saat mengutarakan perasaan kepada doi, jadi tebak tebakan lucu ini berhubungan tentang percintaan alias menggombal, yuk simak tulisannya.

Neng, nyaho teu bedana eneng jeung mantan akang? | Ih, duka atuh akang | Nya, ari mantan mah masa lalu, ari enéng mah masa depan akang!

Neng, muka lowongan sanes? | Naha kitu kang? | Nya, soalna mun dekeut eneng mah, sok jadi hayang ngalamar baé!

Neng, nyaho teu naha menara eifel bét bisa miring? | Duka kang, teu terang | Nya éta téh gara-gara katarik ku cintana enéng!

Cik, naon bédana Enéng saréng jam dinding? Ih, kunaon tah! | mun jam dinding dipajangna di tembok, lamun enéng mah di haté Akang!

Neng, coba tebak, Malam naon nu paling éndah? | Malam minggu, nya kang? | Sanes, tapi malamar mu néng!

Coba tebak, mandi naon anu teu baseuh? | Naon coba! | Mandirikan rumah tangga saréng enéng!

Sok tebak Susu naon nu éndah neng? | Ih, si akang teu sopan, teu nyaho ah! | Nya, susu-ngguhna akang téh bogoh ka enéng!

Neng bade nanya, ari bapana tukang sablon sanes? | Sanés kang, naha kitu. | Soalna Enéng téh tos nyieun cetakan cinta anu paling éndah.

Neng nyaho téu eneng téh nyieun sieun Akang waé! | Har! Nyieun sieun kunaon kitu kang? | Nya, Akang téh jadi sieun kaleungitan cinta eneng

Néng, cing tebakeun naon bédana Vespa jeung Enéng? | Duka, teu terang atuh! | Yeuh, ari Vespa mah Antik, mun enéng mah Cantik!

Ayeuna, sok tebakkeun naon ari bédana cincin sareng Enéng? | Teu terang ogé ah. | Tah, lamun cincin mah nempelna dina ramo, lamun enéng mah nempelna dina haté Akang!

Néng, bantosan Akang di ajar atuh? | Diajar naon kang? Di ajar, pikeun mencintai kamu néng! Aih, sedap.

Néng, akang tiasa nyepeng panangana sakedap? | Ker naon kang? | Teu néng, Akang ngan hoyong ngasaan nyepengan masa depan urang dua’an.

Neng, tulungan akang, Akang sesek napas! | Aduh kok bisa kang? | Nya, soalna saparo napas akang téh aya di enéng!

Eneng téh sapertos kupu-kupu gé? | Kok bisa kang? | Nya, soalna enéng bisa ngisep rasa cinta akang!

Eneng téh mani geulis eh, akang téh jadi males | Har, naha jadi males kunaon kang? | Jadi males ngalirik awéwé nu sejen deui néng!

Akang téh hoyong jadi Astronot neng! | Kunaon emang kang? | Nya, supados tiasa ngadarat di haté enéng baé!

Tebak Tebakan Lucu Bahasa Sunda


Dibawah ini adalah beberapa kumpulan contoh tebak-tebakan dalam bahasa sunda pilihan yang menurut admin lucu, meskipun pertanyaannya sederhana, namun jawabannya mengundang tawa, selamat membaca.

1. Tanya: Aya Gajah keur ulang taun, loba sasatoan haladir, tapi aya hiji sato anu telat? Naon coba?

  • Jawab: Titinggi (Sabab lila teuing maké sapatuna)

2. Tanya: Diubek, diteangan, mun geus kapanggih tuluy dipiceun. Naon cing?

  • Jawab: Korong

3. Tanya: Bangku naon cing nu bisa didahar?

  • Jawab: Bangku-ang!

4. Tanya: Coba sebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan nu sok didahar, tapi sakali nyebut?!

  • Jawab: Rujak

5. Tanya: Batu naon anu teu aya di cai?

  • Jawab: Nya, Batu garing atuh!

6. Tanya: Bapana ngudud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. Naon cing?

  • Jawab: Kareta api

7. Tanya: Gunung di guar, bendera berkibar, naon cing?

  • Jawab: Jelema keur ngakeul sangu

8. Tanya: Ari pribumi di luar, mun semah dijero, naon coba?

  • Jawab: Jelema naék Béca

9. Tanya: Supir naon nu sok matak lapar?

  • Jawab: Supiring ku 10 urang

10. Tanya: Di luar hujan angina, mun di WC hujan naon?

  • Jawab: Hujan heujeun

11. Tanya: Mun Hayam bodas, terus anu hideung naona?

  • Jawab: Kalangkangna

12. Tanya: Monyet naék kana tangkal kai, terus tinggal naonna?

  • Jawab: Tinggal turunna

13. Tanya: Dicekek beuheungna, dieleketek beuteungna, naon tah?

  • Jawab: Gitar

14. Tanya: Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk waé ka tukang?

  • Jawab: Soalna teu maké kaca spion

15. Tanya: Hayam naon mun isuk-isuk tara kongkorongok?

  • Jawab: Hayam paéh

16. Tanya: Supirna opatan ari panumpangna saurang, naon tah?

  • Jawab: Pasaran

17. Tanya: Buah naon anu tara diala?

  • Jawab: Buah murag

18. Tanya: Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat, naon cenah?

  • Jawab: Remeh nempel di kapal

19. Tanya: Aya manuk 10 ditembak hiji, jadi tinggal sabaraha?

  • Jawab: Nya euweh hiji-hiji acan, da kaburu hiber

20. Tanya: Sato naon anu pang leutik-leutikna sadunya?

  • Jawab: Incuna kuman, nu can dahar saminggu

21. Tanya: Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing?

  • Jawab: Leketek heula weh, nu seuri berarti eta huluna

22. Tanya: Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung?

  • Jawab: Orok nu keur dikakandung ku indungna

23. Tanya: Sato naon anu pangharam-haramna?

  • Jawab: Anak bagong euweuh bapaan

24. Tanya: Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum?

  • Jawab: seupah

25. Tanya: Dicukur buluan, teu dicukur dugul?

  • Jawab: Kadongdong

26. Tanya: Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh?

  • Jawab: Rebab

27. Tanya: Hiji diala ari loba teu diala.

  • Jawab: Huis

28. Tanya: Lima kali sabaraha anu eusina 17 ?

  • Jawab: Lima kali solat

29. Tanya: Kasur naon anu nyeuri ?

  • Jawab: Kasura

29. Tanya: Di toel hipu, di takol ngabelentrang?

  • Jawab: Tai kotok napeul dina tihang listrik

30. Tanya: Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh?

  • Jawab: Kuda

31. Tanya: Diudag lumpat didagoan cicing?

  • Jawab: Kalangkang

32. Tanya: Nangkub dieusi nangkarak kosong?

  • Jawab: Kopeah

33. Tanya: Monyet turun naon heula?

  • Jawab: Naek heula

34. Tanya:Diajak dahar kalah naek?

  • Jawab: Tukang gali sumur

35. Tanya: Di paraban kalah beugang ?

  • Jawab: Batu asahan

36. Tanya: Di asupkeun kalah kaluar ?

  • Jawaban: Kancing

37. Tanya: Bisa naek tapi teu bisa turun, naon Sok?

  • Jawab: naek haji

38. Tanya: Hayam naon nu Sok di teangan ku jelema?

  • Jawab: Hayam leungit

39. Tanya: Kaca naon anu paling beurat?

  • Jawab: Kacalikan gajah atuh

Tebak Tebakan Jorang Heureuy

Tebak Tebakan Jorang Heureuy Lucu Sunda

Tebak-tebakan ini berisi tentang plesetan teka teki yang berhubungan dengan…? Eits, awas jangan pada kesana ya fikirannya, ini hanya untuk hiburan saja soalnya. Jangan sampai terkecoh!

40. Tanya: Di usapan heula tuluy di dengkak-keun, terus di abuskeun, naon tah?

  • Jawab: Jelema make kacamata

41. Tanya: Di buka Hela tuluy di kocok-kocok, dipencet kaluar weh bodas naon cing?

  • Jawab: Jelema keur make tipe-x

42. Tanya: Di buka jeceng badag panjang, aya sikian aya buluan, naon coba?

  • Jawab: Jelema keur mesek Jagong

43. Tanya: Kecap nu awalna tina M tungtungna K, aya kacangan di tengah-tengahna, Naon cing?

  • Jawab: Martabak

44. Tanya: Ku buka bajumu dan ku nikmati tubuhmu, naon tah?

  • Jawab: Jelema keur ngadahar cau

45. Tanya: Ditempo hideung, di korehkeun liangna beuerum, naon Sok?

  • Jawab: Durukan jarami

46. Tanya: Tiluarna mulus, ari di tempo jerona aya buluan, naon tah?

  • Jawab: Kadongdong

47. Tanya: Dicabak hipu upami di colok basuh jeung haneut!

  • Jawab: Tahu setengah mateng

48. Tanya: Dicabak hipu, di colok haneut, naon tah?

  • Jawab: Roti dina open

49. Tanya: Liangna katempoan, terus di tojos kaluar asup, naon eta?

  • Jawab: Nya, liang Kancing atuh!

50. Tanya: Naon bedana geutah gedang, jeung awewe?

  • Jawab: Ari geutah geudang mah ngahipukeun daging, Ari awewe mah ngaheuraskeun daging

51. Tanya: Dicabak hipu, karaos basueh sareng upami di ambungan bau, naon eta teh?

  • Jawaban: Nyekel tai kotok

Nah, mungkin itu saja beberapa tebak-tebakan lucu yang singkat namun menarik yang dapat dituliskan ke dalam bahasa sunda. Oh, ya kamu juga dapat membacanya dari bagian pertama, pada artikel tulisan sebelumnya dibawah ini.

Baca juga: 200 Tatarucingan Sunda Lucu, Pertanyaan Jeung Jawabana!