Puisi dan sajak

Sajak Sunda Cinta Tentang Percintaan, So Sweet..!

×

Sajak Sunda Cinta Tentang Percintaan, So Sweet..!

Sebarkan artikel ini

Membuat puisi atau sajak biasanya akan terinspirasi ketika kita sedang sendiri, misalnya ketika akan membuat sajak tentang cinta dalam bahasa sunda ini contohnya, fikiran harus fokus memikirkan kenangan tentang cinta, tentang saat-saat indah bersamanya, atau kenangan berkesan lainya.

Beberapa waktu yang lalu, kita sudah tahu bagaimana itu contoh sajak bahasa sunda, disana saya juga sudah menyediakan banyak contoh-contoh sajak dalam bahasa sunda yang numayan banyak yang dapat kalian lihat sebagai referensi.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Sajak Tentang Cinta Sunda

Sajak Cinta Sunda

Nah, pada kesempatan kali ini kita akan melanjutkannya kembali dengan judul artikel yang berbeda yaitu sajak bahasa sunda tentang cinta. Sajak sunda tentang cinta ini tentu saja menceritakan tentang ungkapan atau luapan hati dari perasaan seseorang terhadap kekasih tercintanya.

Contoh Sajak Cinta Sunda

 

“Anjeun nyieun kuring sampurna” (oleh: Kustian)
Tina sore ieu, sateuacan senja leungit
Kuring sadar yen hirup gede pisan hartina
Wanci sakedap kuring manggihan cinta
Abdi ucapkeun hatur nuhun ka panggeran anu atos mangpagihan kuring jeung manehna.

 

Sanggeus sadaya rasa anu harita kapendam ayena jadi kanyaataan.
Diri kuring anu tadina hampa ayena bisa ka ubaran ku ayana diri anjeun.
Anjeun datang nyieun sapo-poe kuring jadi sampurna.
Kajujuran cinta” (oleh: Kustian)

 

 
Kajujuran dina cinta moal aya hartosna lamun teu aya kapercayaan anu tangtos
Kasatiaan dina cinta moal aya nyatana lamun teu aya buktina.

 

Lamun anjeun resep ngomong resep
 Lamun anjeun sebel ngomong sebel

 

Omongkeun sing jelas..
Sabab hate moal pernah bisa dibohongan.

 

“Anjeun harta anu paling endah” (oleh: Kustian)
Kalintas di benak kuring aya seuri anu marahmay ngalewat dina pikiran.
Kaukir diri anjeun nu aya dina khayalan, kawas cicing dina jero hate kuring.

 

Diri anjeun anu endah jeung anggun neduhkeun hate kuring.
Rasa cinta anjeun, midamel dinten-dinten kuring jadi pinuh ka bungah.

 

Diri anjeun kawas teu pernah leungit
dina ingetan kuring.
Dina sagala anu kuring bayangkeun
Ngan saukur anjeun harta anu paling endah nu aya dina hirup kuring.

 

Paneuteup panon anjeun(oleh: Kustian)
Panon anjeun mancarkeun cahya endah anu kantos abdi tingal
Cahaya panon anjeun midamel hate abdi jadi tenang

 

Paneuteup panon anjeun nembus dinding sarta relung hate kuring
Panon anjeun nyieun kuring ngarasakeun hiji hal..

 

Hiji hal, anu teu tiasa abdi ungkapkeun liwat cariosan
Ngan liwat sajak ieu abdi ungkapkeun saniskanten rasa pikanyaah jeung cinta kuring ka anjeun mani tulus jeung abadi.

 

Rasa rindu kuring(oleh: Kustian)
Ngahuleng kuring tina jendela kamar
Dina peuting anu hujan rintik-rintik, kuring kaingetan diri anjeun

 

Tiis na wengi anu ku kuring rasakeun
Teu sa tiis hate kuring anu tos ku anjeun tinggalkeun

 

Sabab, hate karasa sepi lamun teu aya anjeun
Ngan saukur diri anjeun nu bisa masihan cahya wengi pikeun kuring
Anu nyaangan hate kuring tina poekna wengi ieu.
(Pegat cinta) Putus cinta(oleh: Kustian)
Hoyong abdi nahan anjeun
Nanging abdi terang abdi moal tiasa nahan jalan hirup anjeun

 

Bahkeun lamun urang kungsi kabeungkeut ku tali
Urang pasti papisah, margi jalan urang saleresna beda

 

Janten abdi lepaskeun cinta anjeun dina ceurikna cai mata ieu
Abdi terang, anjeun oge pasti ngarasa nyeuri sepertos abdi

 

Nanging abdi teu tiasa deui nahan rarasaan cinta..
Cacak rarasaan cinta anu terus mikat hate abdi

 

Kiwari ngan aya kalangkang..
Kalangkang anjeun anu sok nyondong di payunen abdi
Nghadirkeun kenangan anu bungah jeung sesah
Kenangan anu teu kantos tiasa di hapus
Kawas ka paku dina jero hate abdi.
Katulusan hate  (oleh: Kustian)

 

 
Katulusan cinta anjeun masihankeun kaendahan
Sejuta pesona katingali namun heunte pernah ka ucapkeun.

 

Sapertos bentang anu ngajajar endah
Tina hiji impian anu teu aya daya
Tina waktu eta oge kuring hudang tina sare

Kuring kaingetan bayangan anjeun..

Bayangan anu harita satia maturan dina pangharepan

Pangharepan kuring anu ngahareupkeun anjeun..
Ngaharepkeun bisa sasarengan deui dina hiji katulusan jeung kateguhan hate.

 

“Galura Rasa”

 

Simpe mepende hate,
Taya pisan hiliwir angin,
Neupikeun hariring anjeun,
Miguraan katineung,
Dina rongheap mangsa,

 

Jol bentang ngagupayan,
Milaran lara nu honcewang,
Bray bulan ngagentraan,
Neupikan rasa tunggara,
Ngan ukur iraha,,, ???

 

Ngudag kalangkang imut kareueut,
Ucang ange na juru panon,
Mapaes endah panyawang,

 

Rasa nu ngagalura,
ngalir ngamalir dina simpena ati…
Rasa nu rosa,
ngarongheap dina keclakna cimata,

 

Pating surudut maseuhan duriat
Aya haleuang dibawa angin berang,
ngaharewos alon medarkeun kasono nyoso…

 

Cinta Saleresna

 

Seja bade unjukan..
ngedalkeun rasa jeung eusi hate
saleresna diri teu weleh mitineung kasalira nu janten bebende
mugia panutan ngartos..
nu saenyana mung salira nu mibanda rasa
Sanaos satutup umur mung jungjunan nu aya dina jero dada

 

Duh Engkang pupujaning ati..
Kadeudeuh lir gumawang endahna katumbiri
Nu teu weleh nyanding sumalanding dina ati
Nu dipikamelang siang jeung wengi

 

Kanyaah taya sudana kaheman urang duaan
Katresnan kadeudeuh urang mugi lana papanjangan…

 

Saleresna

 

Seja bade unjukan.. ngedalkeun rasa jeung eusi hate
saleresna diri teu weleh mitineung kasalira nu janten bebende
mugia panutan ngartos.. nu saenyana mung salira nu mibanda rasa
Sanaos satutup umur mung jungjunan nu aya dina jero dada

 

Duh Engkang pupujaning ati..
Kadeudeuh lir gumawang endahna katumbiri
Nu teu weleh nyanding sumalanding dina ati
Nu dipikamelang siang jeung wengi

 

Kanyaah taya sudana kaheman urang duaan
Katresnan kadeudeuh urang mugi lana papanjangan

Sajak Tentang Percintaan

1.

(Katresna anu pernah Katunda)

 

Jungjunan…
upami salira ngintun wartos..
sok aya peraosan nu nambih…
nambih nyaah..
nambih sono..
nambih mikatresna..

 

Duh panutan hate..
iraha tiasa patepang..
tiasa nyarios seueur..
tiasa silih pihapekeun rasa anu tos lami teu dugi..

 

Duh, jungjunan…
ieu hate moal kamana-mana..
moal bakal nyapirakeun..
kana katresna anu kantos dititipkeun ku salira ..

 

Jungjunan…
rasa sono …
rasa yaah …
moal aya tandinganna..
moal aya babandingannana..

 

Ningali salira nu tos lami teu katingal dedeganana..
nu tos lami teu karaos asihna..
nu tos lami diimpen-impen…
disapirakeun ..
dikantunkeun..

 

Duh, jungjunan hate punten..
tos lami ieu hate teu ngartos kana kaayaan ati salira….
ahh.. moal ningali kapengker..
nu penting mah ayeuna..
geter hate teh ngan ukur kanggo salira..
kasono teh bet moal aya bandingannana..

 

Bungah..
Endah….
dugi ka ngeclak cipanon bakating ku bungah sareng sonona….
ka salira katresna ka salira moal liren dugi kairaha oge..
dugi kamana oge dituturkeun..
sanaos teu ditungtun..

 

——=———–=——
2.
(Katresna Kanggo Salira)

 

Jungjunan…
kacinta..
katresna..
kadeudeuh..
kanyaah..
kasono..
kaheman..
ka salira..
beuki muka..

 

lawang katresna ka salira…
beuki muka..
panto ka sono kasalira
beuki molongo..
jandela ka kanyaah
beuki muka..

 

——=———–=——
3.

(Dina Impenan)

Jungjunan…
unggal dinten ..
nu diantosan wartos saliranu
diimpen mung salira
sanaos tara nyarios dina impenan..
mung ukur gumujeng bari ningalikeun..
deudeuh pisan..

 

duh..
jungjunan..
tapi geuningan nyata..
salira geuning nyaah pisan..
deudeuh pisan..
tresna pisan..

 

ah..
kuring bade teras gugah..
bade nguping wartos ti salira
bade merhatoskeun salira..
bade nyiar impenan anu katunda….

 

duh..
pamugi leres..
ieu teh bakal wujud..
masing teu terang iraha waktosna..
iraha jantena
duka atuh..
meni hese….
kabungah teh geuning aya hahalangna..

 

——=———–=——

4.

(Kanggo Salira)

 

jungjunan..
wengi ieu karaos pisan sonona..
beuki lami..
beuki dieu..
unggal usik unggal malik..

 

duh..
geuningan rindat salira nu karaos..
aya anu gumuruh dina lebet dada..
tos lami teu kedal..
mung ukur dibuni-buni..
disimpen dinu pangnyingkurna..
geuning ayeuna….
kuring bagja pisananu karaos teh endah..

 

duh..
iraha atuh tepang..
iraha atuh nyarandekeun kadeudeuh ka salira..
ngaraoskeun seungitna cinta ti salira.. ngaraoskeun cai soca anu lungsur bakatku bagja..
ngaraos bungahna..
basa gugah teh geuning aya salira
bari neutuep geugeut..

 

sono..
deudeuh..
nyaah..
tresna..
kasono teh ngan ukur kagungan salira..
salam sono sareng katresna..

 

——=———–=——

Parapatan Katresnan

Tah didinya ditempat eta
Urang duaan pateuteup soca
Tah harita lebah dinya
Dag dig dug hate masih karasa

Parapatan lebah pudunan
urang nepungkeun kaasih katresnan
Saksi rundayan katresnan
waktos tepung munggaran

Tah didinya dipengkolan simpang lima
Salira nyepeng panangan ngedalkeun kaasih kacinta
Kedal jangji pasini yen saenyana baris tetep ngahiji
Moal incah balilahan sumawona nganyenyeri

Parapatan ukur jadi dongeng panineungan
Pengkolan mung ukur carita dina sawangan
Nyawang nyipta nu biheung deui bakal karandapan.

Sajak Cinta Kasedih Kuring

Teu kantos kuring mikiran
Hirup bakal sapeurih kieu
Teu saeutik acan kabayangkeun
Kaleungitan sosok nupaling kuring dipikacinta

 

Kuring ceurik sapeupeuting
Nungguan anjeunna sumping
Batin ngajerit sarta nalangsa
Nyaho anjeuna ninggalkeun kuring salawasna

 

Cimata ngeclak teu tiasa ka bendung
Nyaksian anjeuna dibungkus ku boéh
Kuring hayong ngalawan takdir
Takdir numisahkeun kuring sareng anjeunna

 

Kuring hoyong nyarengan anjeuna salamina
Nanging kuring teu tiasa nanaon

Ngan ukur tiasa narima milik, ngan ukur tiasa ngadu’akeun anjeunna..

Méh dipikanyaah ku Illahi robi.

 

Kesimpulan:

Sajak sendiri memang merupakan ungkapan atau luapan hati seseorang yang bentuk kalimatnya tidak begitu beraturan. Sajak memang hampir mirip dengan puisi, namun untuk membedakannya, pada dasarnya puisi biasanya akhiran kalimatnya akan lebih beraturan dibandingkan sajak.

Nah, bagaimana sajak tentang cinta bahasa sunda diatas, bagus tidak? Mudah-mudahan bisa bermanfaat sekaligus menjadi bahan contoh, jika kebetulan kamu ingin membuat sebuah sajak dengan menggunakan bahasa sunda ini. Terimakasih atas waktunya.