Pupujian Sholawat Ka Jungjungan

Sholawat ka jungjungan, ieu teh ka unggulan
Kasaban ka-Agungan eta anu ngunggulan
Sholawat ka jungjungan, ieu teh ka unggulan
Kasaban ka-Agungan eta anu ngunggulan

Wajib ka sadayanaterang ka unggulanna
Jeung Nabi nu unggulna, Ngunggulan ka liana,
Mulia risalahna anu mutlak sifatna
Teu aya sasamina, tur teu aya karipuhna

Ayana ka mulyaan ti Gusti nu kagungan,
Qur’an nu ngadawuhan, Sholawat anu leuhan
Sampurna tur ngunggulan ka Adam disujudan
Sholawat kajunjungan, Ngumpulkeun kamuliaan

Pang sholawat ngunggulan ka Adam disujudan
Gusti nu miwarang Nu sujud pamohalan
Gusti nu miwarang Sholawat ka junjungan
Bangetna mideudeuhan Anjeuna nu mayunan

Opat rupa hikmatna Tina dawuh gustina
Inna lafadz awalna, Taslima nu akhirna
Hiji ngalobakeuna, Sholawat ka Nabina
Sampurna tur ungkulna Agung mulya Nabina

Dua pikeun ngumpulkeun Sebaten nu ngasakeun
Gusti tempatna leukeun Nabi nu dituturkeun
Tilu karna nyumponan Hakna cukang lantaran
Sadaya kanikmatan Endah berkah junjungan

Saha jalma syukuran Ka Nabi nu ngukuran
Taaya panarimaan Kitu janji pangeran
Opat pikeun nyicingan Sifatna kahambaan
Jauh ti kakufuran Sholawat ngajalanan

Ari asal ibadah Ngiblat lain ka ka’bah
Tapi karena parentah Mukmin ulah gagabah
Sadaya Malaikat Iwal anu dilaknat
Sujud ka Adam ta’at Mulya sababna ta’at

Ka kumpul ku hak Nabi lain asalna ngabdi
Dasar parentah gusti Eta hakekat ngabdi
Sholawat teh hak Nabi Tur hatena umat Nabi
Sejak dunguh ka gusti Pang bubungah ka Nabi

Sholawat ka jungjungan, ieu teh ka unggulan
Kasaban ka-Agungan eta anu ngunggulan
Sholawat ka jungjungan, ieu teh ka unggulan
Kasaban ka-Agungan eta anu ngunggulan