Pupujian Nadhom Rukun Islam

Puji kagungan allah
rohmat salam ka rasulullah
sohabat tur kulawargi
pejuang agama allah

Islam agama nu bener
sejahtera luas tur damai
rukunna lima utama
amalkeun masing sampurna

Syahadat teh pondasina
sholat teh jadi tihangna
zakat dinding shaum kusenna
haji nu jadi kentengna

Rukun islam teh pahamkeun
amaliahna gerakkeun
penggerakna ge di jieun
agungna islam buktikeun

Syahadat kudu ngabukur
ma’rifat, mahabbah, syukur
jihad berjuang sing akur
hate ikhlas ulah kabur

Syahadat teh dikuatan
tolab elmu, maca qur’an
loba dzikir ka pangeran
ngalawan nafsu jeung setan

Solat ge kudu ngabuah
munajat sinareng qurbah
ta’awun sareng imamah
kahirupan sing barokah

Solat kudu diperkuat
awal waktu berjamaat
makmur masjid khusyu khidmat
sing lengkep fardhu jeung sunat

Qobliyah ba’diyah ketat
tahajud, tasbeh jeung hajat
dhuha jeung sunat sejen na
usahakeun sing sampurna

Zakat sing puguh buktina
tanmiyah jeung barokahna
ta’awun, taqoddum, izzah
islam teh nyata hebatna

Zakat nyata perjuangan
mun nisab geura zakatan
can nisab ge lalanyahan
dua setengah persenan

Ti leuleutik biasakeun
sawarehna harta bikeun
bentuk amilin nu leukeun
sifat amanah tegakeun

Shaum oge kudu nyata
sobar, tahamul, qurbah na
barokah sarta wusulna
islam teh nyata tangguhna

Shaum romadhon mantepkeun
tadarus qiyam lengkepkeun
zakat fitri laksanakeun
silaturahmi kuatkeun

Shaum wajib sing sampurna
sunnat jeung senen kemisna
‘arfah daud jeung liyana
shaum kasucian nana

Haji kudu bukti mabrur
iman ibadahna luhur
bisa ngagerakeun batur
umat akur islam luhur