Ameng Ka Curug Cilember

Pangalaman Pribadi Ameng Ka Curug Cilember
contoh carita pangalaman pribadi bahasa sunda

“Assalamu’alaikum Wr. Wb..
Rerencangan sadayana, pangalaman abdi mah sanes aneh, tapi asyik sarta reseup. Abdi teh tos lami hoyong terang ka Curug Cilember teh. Tah, pas minggu kamari aya dulur ti Bandung. Dulur abdi teh anggota Wanadri anu resep pisan bertualang dina hutan.

Abdi ngiring kemping sareng manehna. Wah, resep geuning kemping di wanawisata Curug Cilember teh. Udarana seger pisan. Leuweungna alamiah keneh. Tangkalna jarangkung.

Kemping teh di curug tujuh. Curug anu pangluhurna, saurna mah 40 meter cenah luhurna teh. Masang tenda teh di lokasi camping grouns, teu tebih ti curug. Jadi ti tenda katingal curug teh, ngaguruh matak resep ningalna. Mani nyecep tirisna kana badan teh.

Enjingna abdi diajak ameng diditu, mapay-mapay jalan satapak, ningalian curug anu sanesna. Sadayana aya tujuh curug Cilember teh. Mung anu sok rame kasumpingan ku wisatawan mah mung curug tujuh sareng curug lima. Di dua lokasi eta aya tempat kemping.

Curug hiji mah jarang aya nu nyaba, da lokasina tebih pisan jaba cenah jalanna sesah. Salian ti ningalian curug, abdi teh ameng ka Taman Kupu-kupu anu lokasina masih di sekitaran curug Cilember.

Ih, mani resep ningalian kukupu, seueur pisan sareng rupi-rupi jenisna. Eta kukupu teh dikembangbiak-keun dina laboratorium husus, dikurungan ku kawat. Rupina moal papanjangan, sakitu we anu tiasa dicarioskeun. Wassalamu’alaikum Wr. Wb.”