Carita Pangalaman

[NOSTALGIA] Pangalaman Pikaseurieun Baheula,12 Kabiasaan Maen Bola!

×

[NOSTALGIA] Pangalaman Pikaseurieun Baheula,12 Kabiasaan Maen Bola!

Sebarkan artikel ini

Hey, barudak! Urang bernostalgia yuk akh! Khususna barudak angkatan ’90 .. Urang carita pangalaman saeutik, dimana dijaman eta kaulinan barudak urang tacan kapangaruhan ku kemajuan teknologi sapertos ayena misalkeun gadget, PS jeung game online..

12 Kabiasaan Maen Bola Jaman Baheula


Nostalgia naon yeuh? Nyaeta nostalgia maen bola, basa keur baheula mah maen bola atawa maen bal teh kaulinan pang resepna pisan, satuju teu?! Nah, harita mah biasana teh nu ka- :

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

 

1. jalma anu gendut biasana teh sok dijadikeun kiper. 

2. Maen bal diburuan, lapang atawa di sawah nu tos dipanen tuluy dileledug.

3. Gawangna ku suluh atawa ku sendal jepit. 

4. Mun nu rada goreng maen na, sok dijadikeun bek bari jeung jarang dioperan, tungtungna si gorgom jadi pundung

5. Bal atawa bolana make bola plastik.

6. Nu jadi striker asa pangalusna, maruk sorangan 

7. Teu make wasit, teu make kartu koneng, jeung kartu merah.

8. Pelanggaranna ngan saukur mun aya pamaen nu cidera serius!

9. Sok rajeun parebut mun nyitak pelanggaran.

10. Pas pelanggaran sok aya nu hayang ngaganti jadi kiper! 

11. Paling males mun bola na geus ngacleng ka kebon eurih 

12. Mun geus magrib kakarak balubaarrr!!