Kawih Isola

# Isola

Isola Bumi Siliwangi, liliwatan Bandung lembang
Suku tangkuban parahu, ngabedega endah agreng sigrong

Isola Bumi Siliwangi, patapaan seuwe siwi
Meuseuh dirina prihatin, keur babakti demi lemah cai

Isola pada muru tijauhna, ka jojo sanusantara
Kader-kader keur harepan, ti isola mimitina