“KAPTEN MUSLIHAT”

Resep pisan upama urang kukurilingan di kota Bogor. Nitenan kaendahan kota bari nyeuseup segerna hawa ‘kota hujan’. Upama geus lungse, urang bisa istirahat di salasahiji tempat pangreureuhan nu aya di tengah kota, upamana bae di Taman Topi.

Di ieu taman disadiakeun rupa-rupa kadaharan jeung inuman, boh anu tradisional kayaning cendol, es peuyem, rujak, jsb., boh kadaharan jeung inuman anu moderen. Ieu taman teh lokasina strategis pisan. Perenahna di Jalan Kapten Muslihat, meh di tengah-tengah kota. Kaharti lamun saban waktu teu weleh rame pada ngadeugdeug, pangpangna dina poe Minggu.

Nu ngadon piknik sakulawarga umumna sok ngajugjug ka ieu tempat, nitenan barang-barang seni, lukisan, cinderamata, atawa sukan-sukan di tempat kaulinan. Rupa-rupa pisan kaulinan barudak teh, aya momobilan, paparahuan, sapedah layang, jsb.

 

Minangka kaahengan ieu taman, nyaeta ayana sawatara wangunan anu wangunna kawas topi. Ieu wangunan teh jerona dipake toko, salon, restoran, kantor pos, wartel, jeung kantor Pusat Informasi Turis. Eta sababna pangna ieu taman katelah Taman Topi, lantaran di jerona aya wangunan anu kawas topi.

Di hareupeun taman aya patung Kapten Muslihat ngajega. Gagah pisan katenjona, kawas keur mere komando ngajak nyerbu ka musuh. Saha ari Kapten Muslihat teh? Hidep aya nu apal riwayatna? Ngaran lengkepna Kapten Anumerta Tubagus Muslihat. Angpin perjoangan dina jaman revolusi ngalawan penjajah Walanda.

Sakumaha umumna perjoangan bangsa Indonesia harita, rahayat Bogor ngagolak amarahna basa taun 1946 Walanda hayang ngajajah deui nagara urang anu geus merdeka. Rahayat Bogor singkil. Kajeun maot tutumpuran tibatan nagara ditincak deui ku kaom penjajah. Nya harita dipingpin ku Kapten Muslihat jeung Mayor Toha, rahayat Bogor ngagerilya sarta nyerbu ka kantong-kantong pasukan Walanda.

Eta serangan teh pohara matak musingkeunana ka pihak Walanda, lantaran pasukan gerilya anu nyerang teh metakeun strategi “neunggeul” tuluy “lumpat”. Kapten Muslihat metakeun strategi kitu taya lian lantaran kakurangan senjata.

Ku kateuneung Kapten Muslihat jeung Mayor Toha, sumanget bajoang rahayat Bogor harita pohara gedena, lir seuneu ngagugudag. Maranehna hayang nembongkeun ka Walanda yen rahayat Bogor lain jalma leutik burih, tapi teuneung ludeung ngabela bebeneran. Teu saeutik tihang listrik anu dicabut, dipake laras mortir. Ku cara kitu, pihak Walanda tepi ka hemar-hemir ngarasa sieun.

Nalika keur mingpin pasukan rek mutuskeun jalan darat nu digunakeun ku pihak Walanda (Sekutu), Kapten Muslihat katembak. Katembakna meneran di lebah dinya, hareupeun panto stasion kareta api Bogor, teu jauh di tempat wangunan patungna ayeuna.

Kapten Muslihat nu dilahirkeun di Pandeglang 25 September 1925, gugur nalika keur dirawat di Rumah Sakit Darurat Bogor (ayeuna Rumah Sakit PMI). Layonna dikurebkeun di Desa Panaragan, Bogor Kulon.