si Kabayan Ngala Nangka

Hiji mangsa si Kabayan di titah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling wéh Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka.

Barang nepi ka kebon, Si Kabayan ulak-ilik kana tangkal nangka. Geus kitu, manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala, tapi barang rék dipanggul kacida beuratna.

“Wah, moal kaduga ieu mah mamawana” pikir Si Kabayan téh.

Tuluy nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan..

“Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang nepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

“Kabayan, mana meunang teu ngala nangka téh?”

“Meunang atuh! Nya gedé nya kolot deui nangkana.” témbal Si Kabayan.

“Cik mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.

“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun da dititah balik ti heula?” ceuk Si Kabayan téh.

“Ari manéh, bodo téh mani tengteuingan kacida! Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, geus kolot-kolot gé teu nyahoeun jalan balik” ceuk si Kabayan téh bari ngaléos.

#Rengse