Dongeng Sunda Si Kabayan Hitut

Dongeng SUnda Si Kabayan Hitut

Anggapan Walanda hitut téh ceunah kaséhatan. Lamun teurab dianggapna sopan. Kocapkeun Si Kabayan hayang ngabuktikeun éta perkara. Pok nyarita ka babaturanana kieu:

“Cenah ku urang Walanda mah ari hitut téh di pupuji di aalus. Lamun teurab dianggapna teu sopan?”

“Ari kitu manéh rék kumaha?” ceuk babaturanana.

“Kuring rék ngabuktikeun bener henteuna éta omongan téh, kabeneran di urang aya Walanda kontrak!” ceuk Si Kabayan.

Enya baé, soréna Si Kabayan katémbong leumpang babarengan jeung Tuan Walanda kontrak.

Tapi saméméhna, Si Kabayan bebekelan heula keur pihituteun. Dahar ogé ngahaja poé éta mah lain sangu, tapi kakacangan sabangsa su’uk jeung kacang polong. Lian ti éta ogé, ngahaja pamajikannana nitah pangulubkeun hui, anu leuwih kawéntar disebut kapsul Malangbong atawa karbit Walasari.

Kocapkeun ti barang leumpang, Si Kabayan geus dedegeng baé ngadedetkeun bujurna supaya hitut. Enya baelé, kusabab geus disadiakeun ti anggalna, bujur Si Kabayan disada tarik pisan. “Duuuutt!!”

”Bagus … bagus! ” Tuan Walanda muji bari nepakan taktak Si Kabayan.

Atuh beuki kapuji baé Si Kabayan téh. Bujurna beuki di dedet-dedetkeun supaya hitut kerep kaluarna.

”Mau lagi?” ceuk Si Kabayan nawaran. Bageur ku kituna mah teu pedit ku hitut. Ceuk paribasana, saha nu hayang, pasti dibéré. Saking ku bageur-bageurna.

”Boleh, boleh” tembal Si Tuan walanda ngadeukeutan bujur si Kabayan.

”Duuuuuttttt…..!!” bujur Si Kabayan disada deui.

”Anjrittt.. Bagus dan nyaring sekali suaranya, seperti suara petasan…!” Ceuk Tuan walanda Kontrak bari Kasima ngadenge sora hitut si Kabayan anu sakitu tarikna. Sabab, di nagara si Tuan mah (Belanda), lamun urang Walanda hayang hitut, biasana tara dikaluarkeun sakaligus.

Tapi, ngan ukur dikaluarkeun lalaunan, saeutik-saeutik. (Nyaho-nyaho ngahiliwir weh… bau wadah runtah).

Heuleut sapuluh métér, bujur Si Kabayan disada deui tarik pisan. Meureun ari mindeng-mindeng teuing mah, sebeleun Tuan Walanda ogé. Bagus lamun sakali, da ari mindeng mah mulek wéh nu aya.

Sabot bujur Si Kabayan disada kaopat kalina, ku Si Tuan Walanda dijejek satarik-tarikna bari nyentak, bari nutupan irungna “JOROK MODOLLL!!!!”

Ti saprak harita, Si Kabayan téh kapokeun tara daékeun deui hitut dimana waé, komo di hareupeun urang Walanda mah, mun sakalieun hayang hitut, sok ditahan sakuat tanaga.

Thanks_
Sumber referensi: google.com