dongeng si kabayan gede ambek

Di hiji lembur aya anu hajat. Sanggeus ondangan bubar, di tepas aya kénéh limaan anu keur parasea. Maranehna parebut bakakak hayam. Nu limaan téh nyaéta lurah, pamajikanana, anakna duaan jeung ketua kampung. Saréréa harayangeun meunang bagian panggedéna.

Keur parasea kitu, teu la si Kabayan ngaliwat..

Ceuk lurah : ” Tah, kabeneran aya si Kabayan. Ka dieu Kabayan! Cing pangbagikeun ieu kalimaan. Sing adil nya !!!

Si Kabayan : ” Hadé ari percaya mah ka kuring. ” Cég wéh si bakakak téh dicekel..

Si Kabayan nyanghareup ka lurah bari pék ngomong: “Ieu huluna bagian Pa Lurah.. Kudu ditarima, da Pa Lurah téh jadi kapala.

Ari ieu keur Ibu.. “Bari sok mikeun tunggir ka Nyi Lurah. “Ibu téh kudu nurut ka Bapa Lurah, nu matak dibéré tunggir. Lantaran tunggir nu nuturkeun hulu.”

dongeng si kabayan gede ambek

Cékér duanana bagian katua kampung, da cenah tukang angkag-ingkig dititahan ku lurah. Ari jangjangna dibikeun ka anak lurah sabeulah sewang. Pajar téh ambéh lalampar ari geus galedé. Nu nyesa tinggal awakna ngaguruntul.

Ceuk si Kabayan : ” Tah ayeuna tinggal awakna. Galatak-gulutuk teu walakaya. Teu bisa ingkah teu bisa meta. Mun jelema mah, jelema bodo. Ari anu bodo téh nya kuring. Jadi ieu mah bagian kuring anu bodo.”

Bari ngomong kitu leos waé si Kabayan indit bari mungkus awak hayam ku daun cau. Ceuk dina haténa téh:

“Mun unggal poé aya nu parebut bakakak kieu, meureun aing seubeuh.” 

Nu limaan ukur bati olohok nénjo si Kabayan nu ngabéngbéos téh. (#Rengse)

Source: Nani Resep Maca Jilid 5. 1983.