Dongeng Si Kabayan Ngalamun Basa Sunda

Mitoha Si Kabayan kacida keuheuleunana ku sabab Si Kabayan nu sok ngalamun baé. Digawé ngalamun, dahar ngalamun, mandi ogé bari ngalamun. Komo deui lamun di pacilingan mah mani beuki anteng ngalamunna téh.

Hiji mangsa Si Kabayan manggih endog meri, ngagolér dina jarami di sawah mitohana. Si Kabayan atoheun kacida. Gancang endog meri téh dibawa ka imahna rék ditémbongkeun ka pamajikanana si iteung.

Si Kabayan manggih endog meri

“Sukur atuh kabayan, mana ka dieukeun urang kulub keur Si Encid,” ceuk pamajikan Si Kabayan.”

“Montong! rék dipegarkeun waé, dipilukeun kana hayam abah nu ayeuna keur nyileungleum,” tembal Si Kabayan.

Tuluy ti dinya, endog téh diteundeun bari ditaksir.

“Kumaha akang waé atuh, ngan ayeuna mihapé budak, uing rék ngisikan dipancuran heula,” ceuk nyi iteung bari ngajingjing boboko.

Si Kabayan cingogo diharudum sarung bari nyanghareupan endog méri. Ari budakna mah diantep sina kokorondangan dina palupuh, sedengkeun manéhna anteng ngalamun deui. Kieu ngalamunna téh.

“Endog téh pasti megar, heug bikang, engké pasti ngendog deui. Upamana baé ngendogna sapuluh terus dipegarkeun deui, megar deui jadi boga sabelas méri tah, pék kabéh ngendog deui.”

“Mun endogna sapuluh, jadi boga 110 endog, beuki lila méri téh beuki loba. Endogna ogé pasti beuki loba. Aing rék jadi bandar endog. Endog dijualan, aing jadi loba duit. Duitna di beulikeun kana domba bikang.”

“Domba baranahan nepi ka aing loba domba. Dombana dijual ka pasar, terus dibeulikeun munding sarakit, munding ogé baranahan, aing bakal loba munding. Adeuh.. huhuy.. munding aing mani rendang di sawah.”

Keur anteng kitu, geprak baé endog Si Kabayan téh dibaledog ku nyi iteung neupi ka peupeus. Sihoréng endog téh kacingcalang.

“Kabayan, cing atuh kana ngalamun téh mani kamalinaan. Tuh ténjo Si Encid mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da diantep baé!”

Si Kabayan kalakah molotot ka pamajikannana..

“Kunaon munding aing diruksak ku manéh? Rasakeun ieu paneunggeul!” ceuk Si Kabayan bari ngamang-ngamang sapu.

Pamajikan Si Kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna bari ngais budak. Si Kabayan ngudag bari angger ngamang-ngmang sapu. Mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka Si Kabayan.

“Kunaon manéh téh Kabayan kawas nu teu éling?”

“Bongan munding uing diruksak ku Si Iteung abah.”

“Na timana manéh boga munding?”

“Pan tina ngajual ladang endog asalna mah,” tembal Si Kabayan.

“Bohong ketang, ngalamun wungkul, barina gé endogna kacingcalang,” Nyi Iteung nembalan.

“Euh kitu? Paingan atuh kebon aing mani ledug diranjah munding, ari manéh boga munding mah. Hayoh gantian! Mun teu di gantian dilaporkeun ka pulisi!” ceuk mitoha Si Kabayan.

“Ampun, ampun abah…!” ceuk Si Kabayan. “Abdi mah teu gaduh bulu-buluna acan munding téh, éta mah lalamunan. Hayu Iteung urang balik!”

Si Kabayan tuluy ngajak balik ka pamajikanana, mitohana ngan ukur bisa gogodeg..

Isukana si Kabayan dititah ngala kalapa ku mitohana. Tina sapuluh kalapa, Si Kabayan bakal diburuhan kalapa sahulu. Si Kabayan atoheun pisan, térékél baé naék kana tangkal kalapa rék ngala kalapa nu kolot.

si Kabayan dititah ngala kalapa ku mitohana

Barang nepi ka luhur si kabayan diuk sidengdang dina sela-sela dahan kalapa. Tenggg! baé ngalamun deui..

“Buruh ngala kalapa dijual, ladangna dibeulikeun kana endog hayam, tuluy di pegarkeun, pék di ingu. Hayamna beuki loba, endogna gé réa deuih. Endog dijual ka pasar, aing jadi bandar endog. Tina ladang endog aing rék meuli domba, domba ogé ngaréan, aing jadi bandar domba.

Tina bati domba aing rék meuli munding, éh ketang moal, moal meuli munding bisi ngaruksak sawah mitoha. Ah rék meuli kuda baé, kudana kuda balap, kuda Ustrali nu jangkung téa, aing jokina.

Plok.. plok.. Kudana dilumpatkeun. Bari ngalamun kitu téh Si Kabayan reurendeukan dina palupuh kalapa. Kuda téh beuki tarik lumpatna. Horeseeehhh kotoplak.. kotoplak..”

Si Kabayan beuki motah bad diukna dina palapah kalapa, nepi ka palapah téh pepelenoyan. Kulantaran motah teuing, palapah téh potong. Si Kabayan ngoleang kabawa ku palapah kalapa, gebrus baé ka balong.

Untungna tangkal kalapa téh di sisi balong. Si Kabayan pipina baréd kena ku regang awi. Sukuna tipalitek. Untung manéhna teu maot ogé. Ti harita Si Kabayan kapokeun deui ngalamun dina tangkal kalapa. (Rengse)

Dalam cerita dongeng si kabayan ngalamun ini tentu saja tidak boleh untuk kita tiru. Amanat yang dapat kita ambil adalah “janganlah kita kebanyakan berandai-andai, berkhayal tentang sesuatu tanpa tindakan, alangkah lebih baiknya kita lebih rajin berusaha dan tidak bermalas-malasan.”