Dongeng si kabayan moro uncal

Isuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus hararudang, lantaran dina poé éta téh rayahat rék moro uncal. Urang kampung geus saraged, maraké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkéng, bedog panjang nyolégréng.

Aya ogé sawaréhna marawa tumbak, anjing ragég geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung. Nénjo batur saraged téh ari Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan.

Manéhna mah ngaléléké, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, geuning ari manéhna mah kalah mawa péso raut.

“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.

“Keur nyisit uncal,” jawabna.

Nu rék moro laju indit, satepina ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.

Ari Si Kabayan kalah misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung di handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, sabari néangan jambu asak.

Si kabayan ngala jambu

Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”

Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.

Si Kabayan can nyahoeun uncal téh kos kumaha. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wéh manéhna naék kana tangkal jambu.

Si kabayan teu bisaeun luhur naékna téh da lantaran kagok ku sarung. Manéhna nangkod wéh kana dahan panghandapna bari sarungna ngoyondon.

Kabeneran ari uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum da sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.

si kabayan moro uncal

Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari diténjo sihoréng téh tanduk uncal meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalésotkeun tandukna.

Kadéngé ambekanan hos-hosan, si kabayan tuluy beuki pageuh waé muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.

“Tuluuuuung..! tuluuunngg.., ieu aing ditubruk ku uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.

Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugan téh, teu antaparah deui belewer wéh ditumbak, uncal ngajéngjéhé.

Jekok-jekok di kadékan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug. Nu ngariung uncal hélokeun.

“Kumaha ditéwakna ieu ucal sakieu badagna, Kabayan?”

Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir. “Ah gampang, uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroék. Geus karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wéh tandukna.”

Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wéh bari ngusapan tuurna nu barared.

Si Kabayan ngajingjing pingping uncal, bari heheotan.

Rengse..

Source: (Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.)