Dongeng si Kabayan ka Puskesmas

Ari si kabayan éta mah mani unggal poé kemis ka puskésmas téh. Rieut ka dokter, nyeuri beuteung ka dokter, di gégél sireum ogé ka dokter, di karayapan lancah ka dokter, rorombeheun di suntik, pokona mah sagalana manéhna ka dokter. Ayeuna duka rek naon, geus andeprok deui waé di puskésmas.

Dongeng Sunda si Kabayan ka Puskesmas

Saur Dokter : “Aya naon deui waé manéh kabayan ?”

si Kabayan : “Éhéh, taeun sumuhun, badé nyuhunkeun landong” ceuk si Kabayan bari palaya-peleyé.

si kabayan : “ieu aya anak beurit di jéro beuteung,”

Saur Dokter : “Duh karunya teuing, di dieu mah teu aya ubarna kabayan. Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup-hirup, supaya éta anak beurit anu di jéro beuteung téh di tewak.”

(#Rengse)