Dongeng si kabayan gede bohong

Dongeng si kabayan gede bohong

Dina hiji poé, wanci pasosoré balik ti karebon, Si Kabayan jeung nyi Iteung aruplek ngawangkong (ngobrol) paduduaan dijeléro dapur bari nungguan sangu asak.

Bari ngobrol, si Iteung ngasur-ngasur suluh kana jéro hawu. Ari si Kabayan nyarandé kana bilik dapur. Leungeuna nyekelan cangkir nu dieusi ci kopi. Dina biwirna napel udud daun kawung. Siga anu keur ngararasakeun kacapé.

Keur aruplek ngawangkong ngaler-ngidul, si Iteung nanya ka Si Kabayan..

“Kang Kabayan, cenah bejana baheula akang kungsi kuliah nya? naha enya éta téh ?”

“Nya puguh wéh atuh Iteung. Kieu-kieu ogé pendidikan mah ku kami dinomer hijikeun.” Ceuk si Kabayan.

“Kuliah dimana kang, kami mah asa cangcaya akang baheula kungsi kuliah?” ceuk SsjIteung bari ngerungkeun tarangna bangun anu teu percaya kana omongan salakina.

“Ari manéh Iteung, maenya kami ngawadul.” Tembal si Kabayan deui.

“Kuliah dimana kang? Naha di Unpad, di ITB, di Unikom, atawa dimana?” ceuk si Iteung keukeuh teu percaya.

“Ah, lain di ITB, lain di Unpad, lain di Unikom. Tapi kami mah baheula kungsi kuliah téh di IDM.” Ceuk si Kabayan.

“IDM? asa karelék ngadengé? Singkatan tina naon éta ari IDM téh kang?” Ceuk si Iteung bari ngerungkeun deui tarangna. (Bener teu, bener teu, omongan si Kabayan téh, kitu nu aya dina jero haténa Si Iteung).

“Dasar belegug maneléh mah Iteung. Euweuh kanyaho pisan jadi awéwé téh. Maenya meni teu nyaho IDM-IDM acan. Yeuh Iteung ku kami dibejaan. Déngékeun ku manéh, ari IDM téh singkatan tina: Institute Download Manager.” Ceuk si Kabayan.

“Anu belegug mah manéh Kabayan, lain kami. Yeuh ku kami bejaan, déngékeun ku ceuli manéh. Ari IDM téh singkatan tina : Internet Download Maneger, lain Institute Download Manager.” Ceuk si Iteung kukulutus bari nyingsat -nyingsatkeun biwirna.

“Dasar si gedé Wadul euweuh kanyaho.. !!! ceuk si Iteung deui.

“Lain internét Iteung, tapi internit.” Tembal Si Kabayan embung éléh.

“Euwueh gawé, keur nanaonan nga-download internit?” Ceuk si Iteung.

Dongeng si kabayan gede bohong
@image source: amazon.com

(#Rengse)