Naskah Drama Bahasa Sunda 1A

 

Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda

Dibawah ini merupakan contekan naskah drama bahasa sunda yang saya dapatkan dari berbagai sumber media, karya sahabat kita. Jika berminat, kalian bisa mengubah atau mengeditnya sesuai dengan keinginginan. Mudah-mudahan bisa menghemat waktu kamu dalam membuat tugas naskah drama sunda disekolah.

 

Contoh naskah sunda
Judul naskah : ” OBOR PARAHYANGAN “

Salah sahiji televisi swasta kasohor, nyaeta Jawara TV, nyiarkeun rupa-rupa berita. Ieu beritana.

 

Adegan 1
Berita Banjir

Pembaca Berita 1 & 2
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Pembaca Berita 1
Wilujeng siang pamiarsa, wilujeng patepang lawung paamprok jonghok dina bewara basa sunda Jawara TV, dinten ayeuna, tangtosna sareng simkuring Neneng Jamilah.

Pembaca Berita 2
Sareng simkuring Dewi Shinta. Simkuring parantos nyiapkeun bewara-bewara akurat jeung aktual pikeun urang sunda, sapertos perkawis banjir, demam berdarah, kriminal, olah-raga, sareng bewara pilkada. Kanggo bubuka, pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 1
Pamiarsa, hujan gede dibarengan angin ribut jeung dor-dar gelap nu teu euereun ngabalukarkeun banjir dimana-mana. Desa cimeong, kacamatan Rajasinga, kabupaten Indraprahasta nu biasana tara banjir, ayeunamah kabanjiran.

Akibat banjir ieu rebuan warga Cimeong kapaksa ngungsi ka desa sejen nu sarua kabanjiran. Pamiarsa, urang sambungkeun wae sareng Reporter urang, saderek Kinanti Asmarandhana, di lokasi banjir Desa Cimeong.

Reporter 1
Pamiarsa, simkuring Kinanti Asmarandhana ayeuna nuju di Desa Cimeong, salah sahiji lokasi nu kabanjiran. Biasana mah desa ieu teh tara kabanjiran. Ceuk katerangan sababaraha warga, banjir ieu teh akibat rea tangkal nudituaran, pikeun dijieun suluh akibat harga BBM anu marahal

Akibat banjir ieu rebuan warga kaleungitan sawah, kebon, imah, harta banda sejena, jeung kapaksa ngarungsi ka desa tatangga nu sarua kabanjiran oge.

Warga 1
Banjir…, banjir…, banjir…, banjir… (Lulumpatan bari nakolan kohkol).

Warga 2
Hayu euy…, urang ngarungsi, ngungsi…, ngungsi…! (Ngungsi bari mawa gembolan nudibungkus ku sarung).

Warga 3
Burukeun atuh! Batur mah geus arindit, meni elat pisan. (Ngageroan pamajikanana bari mawa koper).

Warga 4
Ke heula atuh, tungguan! Koper we dibabawa, ari pamajikan ditinggalkeun, bari jeung eusina mah baju butut. (Nyusul salakina bari mawa guguling. Duanana silih tungtun)

Warga 5
(Ngungsi bari mawa hayam).

Warga 6
(Ngungsi bari mawa samak).

Reporter 1
Sakitu laporan simkuring, Kinanti Asmarandhana ti lokasi banjir desa Cimeong, hatur nuhun.

Adegan 2
Berita Demam Berdarah

Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara demam berdarah. Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2
Wabah demam berdarah beuki nyebar kamana-mana. Rumah sakit, puskesmas, jeung klinik pengobatan ayeuna mah pinuh ku pasien demam berdarah. Rea pasien nu teu kasalametkeun akibat teu buru-buru dipariksa ka rumah sakit.

Pembaca Berita 1
Salah sahiji rumah sakit, nyaeta Rumah Sakit Harapan Sehat kabanjiran pasien demam berdarah. Ieu bewarana.

Reporter 2
Pamiarsa, simkuring Enok Camperenik nuju di Rumah Sakit Harapan Sehat. Salah sahiji pasien demam berdarah, nyaeta Ujang Astrajingga nuju dipariksa ku dokter Yudistira, dibantuan ku perawat, Juleha. Ujang geus opat poe ngaringkuk di rumah sakit alatan demam berdarah.

Samemeh ka rumah sakit Ujang ngarasa demam, lalinu, murel, puyeng, jeung sajabana. Dina kulitna ngadadak kaluar bintik-bintik warna beuruem. Untungna, ku kulawargana Ujang buru-buru dibawa ka rumah sakit.

Pasien
Kumaha, dokter, kuring bakal salamet? Ieu awak nyareri pisan. Teu kuat, asa diseureud ku kamarang.

Dokter
Coba kaluarkeun letahna! Lumayan ayeuna mah, rada mendingan, teu siga kamari, parah pisan. Untung dibawa kadieu. Lamun henteu, moal katulungan. (Dokter mariksa letah pasien bari disenteran. Terus mariksa panon, ceuli, beuheung, jeung anggota badan ne sejenna).

Perawat
(Nyatet hasil pamariksaan dokter).

Reporter 2
Sakitu laporan simkuring, Enok Camperenik ti Rumah Sakit Harapan Sehat, hatur nuhun.

Adegan 3
Berita Kriminal

Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara kriminal. Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2
Bandar narkoba kelas kakap, nu sering kaluar-asup penjara, nyaeta Mat Codet, dicerek ku polisi, tengah peuting poe kamari, di imah kontrakanana, Jl. Halimun No. 202 Astina. Ieu bewarana.

Reporter 3
Pamiarsa, simkuring Ai Zaitun ayeuna aya di Tempat Kejadian Perkara, Jl. Halimun No. 202 Astina. Mat Codet teh salah saurang gembong narkoba nu geus lila diincer ku aparat kepolisian. Mat Codet geus sering kaluar-asup penjara.

Waktu rek ditewak ku polisi, Mat Codet nyobaan kabur jeung ngalawan, kapaksa salah saurang polisi nembak sukuna. Di tempat kejadian perkara, polisi manggihan ganja nu beuratna 5 kg.

Bandar Narkoba
(Lumpat, neang tempat panyumputan).

Polisi 1
Montong nyumput siah! Kapanggih ku kuring mah. (Ngundag bari ngacung-ngacung pestol).

Polisi 2
Awas! Lamun kabur ditembak ku kami. Nyerah maneh! Hiji…, dua…, tilu…! (Polisi 2 nembak bitis Mat Codet. Mat Codet nambru, teu bisa kabur deui, gagauran nahan kanyeuri. Pelor nepi kana tulangna).

Bandar Narkoba
Ampun pa polisi…, ampun…., kuring kapok, moal deu-deui… (Polisi 1 & 2 mawa Mat Codet ka kantor polisi).

Reporter 3
Sakitu laporan simkuring, Ai Zaitun ti tempat kejadian perkara, hatur nuhun.

Adegan 4
(Ke Halaman selanjutnya..)

 

advertisement

 


PREV 1 of 2