Pangalaman Pikaserieun Di halaman Imah Bi Sopiah

Di halaman Imah Bi Sopiah Aya Kembang Bangke

Rerencangan sadayana, pangalaman abdi oge sami aneh. Malah ieu mah langkung aneh deui tibatan pangalaman Agung. Kieu nya, Restu teh kan gaduh tatangga, namina Bi Sopiah. Tah, hiji waktos di halaman Bi Sopiah teh aya kajadian unik. Di handapeun tangkal cau, aya kembang anu bau pisan kaambeuna.

Tatangga Bi Sopiah teras raribut. “Kembang Bangke! Kembang Bangke!” cenah. Abdi ge harita teras lumpat, ngiring nongton, ih, aneh pisan bentukna oge Kembang Bangke mah nya. Ageung bari ngarampidak meh saageung nyiru.

Nu matak aneh deui mah kelopakna teh warnana beureum sareng bentukna kawas hate. Ih, asa sieun Restu mah ningalna ge.
Lantaran kaambeu bau tea, ku Bi Sopiah eta kembang bangke teh dirungkup ku pelastik. Teras disimpenan kotak artos.

Jadi nu panasaran hayang ningali, kedah ngalungkeun artos receh, sabaraha bae. Mangkaning beuki seueur nu panasaran hayang ningali teh. Meh sadaya warga Kampung Ciginal sareng Caringin mah jul-jol sarumping ka dinya.

Nya lumayan we, bau-bau oge Bi Sopiah teh gaduh artos. Rupina moal papanjangan. Sakitu we anu tiasa dicarioskeun. Wassalamu’alaikum Wr. Wb.”