Carita Wawacan SuryaNingrat

Ringkesan Wawacan:

Kacaturkeun hiji karajaan nu ngaranna Banuringsit diparéntah ku Raja Suryanagara. Eta raja téh boga putra ngarana Suryaningrat. Ari Suryaning rat téh boga garwa ngaranna Ningrumkusumah, anak patih. Sanggeus raja Suryanagara tilar dunya, Raden Suryaningrat diangkat jadi raja. Horéng diangkatna Suryaningrat téh teu dipikaresep ku Raja Duryan.

Karajaan Banu ringsit diserung ku Raja Duryan, kalawan pangrojong ti rahayat Banuringsit Istri Suryaningrat, nyaéta Ningrumkusumah, dipaksa pikeun jadi istri Raja Duryan, ku cara make élmu sirep. Ningrum kusumah bisa ngabebaskeun salakina. Tuluy maranéhna kabur ka leuweung Maranéhna tuluy ngalalana, antukna nepi ka wewengkon nagara Durselam.

Waktu keur mandi di hiji ta man anu éndah, Ningrumkusumah katingali ku patih Indra Bumi nu dibéré pancén ku raja Durselam pikeun néangan wanoja geulis. Dina lalampahan ka dayeuh nagara Durselam, Suryaningrat dikelebuh keun ka jero walungan ku Demang Langlaung.

Sanajan Suryaningrat nu jadi salakina geus leungit kabawa palid, Ningrumkusumah tuluy néangan salakina di walungan. Sabot néangan salakina, Ningrumkusumah meunang keris pusaka nu katelah Bantal Naga ti hiji resi nu asalna ti Tanah Arab, nyaéta Séh Rukman. Nurutkeun pituduh ti éta resi, sangkan bisa panggih deui jeung salakina, Ningrumkusumah kudu nyamar jadi saurang lalaki, ngaranna Raden Rukmantara.

Radén Rukmantara milu perang ngalawan pasukan Duryan nu nga wasa Banuringsit. Raja Duryan keur néangan Raden Suryaningrat jeung Ningrumkusumah. Dina eta perang, Raden Rukmantara meunang. Tuluy anjeunna nuluykeun lalampahan Sajeroning lalampahan, anjeunna nepi ka nagara Erum nu diparéntah ku Sri Amangkurat.

leu Raja téh boga hiji putri nu geulis pisan. Ngaranna Ratna Wulan Sabab teu nyahoeun kaayaan nu sabenerna, yén Radén Rukmantara téh hiji wanoja, Ratna Wulan bogoheun ka Raden Rukmantara Lantaran keur nyamar, Raden Rukmantara api-api daék baé. Tuluy maranéhna nikah. Raden Rukmantara diangkat jadi raja nagara Erum Prabu Kandi, raja nagara Esam nu lamaranana ditolak ku putri Ratna Wulan nangtang perang ka nagara Erum.

Raden Rukmantara meunang ngalawan Prabu Kandi alatan kasaktén tina pakarang Séh Rukman. Saterus na Raja Esam nu geus éléh dipenta pikeun asup agama Islam Raden Suryaningrat nu palid di walungan téh geus nepi ka hiji pulo nu dikawasa ku Naga Giri. Anjeunna ditulungan ku Naga Giri: Ku pitulung ti Naga Giri.

Raden Suryaningrat bisa ninggalkeun Nusa Ipri, tuluy nepi ka nagara Erum Raden Rukmantara alias putri Ningrum kusumah nyieun saémbara di nagara Erum, ku cara masangkeun gambar dirina nu keur nyeungceurikan Raden Suryaningrat. Ari eusi saémbarana téh kieu: “Sing saha waé anu ni- ngali ieu gambar salakina kudu dibawa ka istana.” Ku lantaran éta gambar, Suryaningrat bisa panggih deui jeung Ningrumkusumah, istrina.

Pupuh Sinom

Karétana dua belas, pangiringna Nyai Putri, anu tunggangna pa ranaja, kari tumut para mentri, pada tunggang kuda putih, ngaléran ka alun-alun, tinggelebur panganggona, nu kasép paginding-ginding, ba- dadangdan ti heula gagaléongan. Marawa gagang daluang, bebegig pating rarigig, geus meunang tilu ideran, geus cunduk ka Srimanganti, pararaja geus caralik, bari sadaya hémpak ngajajar, putri jeung ningratna kangjeng Raja ngadeg jeung nyandak makuta.

leu ayeuna sadayana, anu gedé anu leutik, ayeuna kula saksina, ieu dek niban nagri, saantéro Banurungsit ka Suryaningral tumurun, jadi raja mangku denda, Suryaningrat nyepeng nagri, Raja Duryana ayeuna kaparéntah. Sing tarima kaparentah, sapikiran maot nitah julig, upeti unggal nagara, sanggakeun ka anak kami, reujeung anu jadi patih, putrana teh seug disaur, cedok nyembah Sang Samola, nampi timbalan Jeng Gusti, beurang peuting sumeja ngéstokeun pisan.

Sok makuta karajaan, Tea Raden Ningrat berbudi, geledug dur mariemma, barebeng tambur dortanji, tatabeuhan kabéh muni, eundeur sora ngaguruh, para raja sukan-sukan, ka caturkeun geus peuting, pukul tujuh ngadeg pesta ramé pisan, Sukan-sukan sadayana, anu nongton balawiri, anu jauh pada datang, pasedek-sedak ningali, ngung-ngéng budak nu ceurik, kedenpét nu nongton pinuh, reujeung damar lantérana, istolak pating giriwing, damar séwu lir bulan geus marakbak.

Pupuh Dangdanggula

Ngan sakitu salebet ing tulis, geus kadangu ku Suryaningrat, nga Ihuleng Prabu Anom, nyaur sajeroning kalbu, na bet Paman Duryan ma lik, semu nu sesah manah, teu Aing ka pitutur, nya puji alhamdulillah, sukur baé mun Paman suka galih, pirang-pirang diri tunggal. Sakieu geus bagjaning diri, ayeuna mah balikan Sang Paman, mun leu kitu ka nu anom, geus mangsabodo sepuh, bisi ngadoja ka diri, ku Ama dipercaya, Sang Duryan kapungkur, ayeuna mu ngawarah, ka nu anom bisi bae mum leu mikir, yén bodo diri sorangan.

Geuwat geura ayeuna Dén Patih, Paman Duryan ayeuna walonar, terangkeun diri ku Patih, nandakeun ayeuna taluk, énggal nyerat Den Somali, gancangna baé nu nyerat, dicap enggeus putus, Raden Somali haturan, saha badan nu dipiwarang ku Gusti, Raja Ningrat seug ngan dika.

Patih baé angkat ka nagri, basana téh ngabdi-ngabdi urang, kangen réncang hanteu kateug, éta tanda nurut, eujeung ulah tunggang bendi, kudana kuda badan, cong nyembah ka ratu, Raden Patih geus sadia, hatur mangga Raden Patil nyembah indit, geus sumping ka kapatihan.

Sumber:
(Dicutat tina Wawacan Suryaningrat, 2005, k. 1-2 jeung k. 4-5)