Kumpulan 49 pantun sisindiran sunda nasehat (Halaman 2)

Sisindiran dalam sastra Sunda sama dengan pantun. Seperti halnya pantun, sisindiran pun terdiri atas dua bagian, yakni cangkang “sampiran” dan eusi “isi”. Dalam bahasa sunda ada sebutan lain untuk bentuk sisindiran ini, yaitu susualan, atau bangbalikan.

Contoh Sisindiran Bahasa Sunda

(Halaman 2 Dari 2)

 

21. Nendeun siwur luhur sumur
nunda batok wadah gula
rejeung dulur kudu akur
ulah osok parasea

22. Cai limun dina papan catur
Buah kadu na buruan
Lamun hayang loba batur
Kudu akur jeung babaturan

23. Aya cai dina gelas
di asupkeun kana botol
lamun hayang naek kelas
di ajarna kudu getol

24. Datang tamu mawa waluh
ema malah neangan suluh
tuh tinggaleun sholat subuh
nukitu jelma teu puguh

25. Datang tamu tukang kolor
sibapa kalahkah molor
tuh tinggalen sholat lohor
nukitu hatena kotor

26. Kutu anying jadi supir
tumila jadi wadana
kudu eling kudu mikir
di dunya mah moal lila

27. Kutu anying jadi supir
kolotna keur nyieun sumur
kudu eling kudu mikir
maot mah teu nempo umur

28. Aya mobil warna silver
dipake keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare

29. Mun teu bisa kajakarta
ulah indit mawa kuda
mun teu bisa mere harta
ulah pedit ku pang do’a

30. Hangasa bawa ti gunung
dipipit bawa di rawa
Kasaha nya sumalindung
nitipkeun raga jeung nyawa

31. Hayam jago eukeur bela
dipeuncitna ku ki santri
Kudu getol ka sakola
sangkan beunghar ku pangarti

32. Ka kulah nyiar kapiting
ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana

33. Kanikir siki kanikir
cangkudu beunang panimu
Kapikir beuki kapikir
hirup kudu loba elmu

34. Lauk emas ngakan ganggeng
disamberan ku japati
Boga emas moal langgeng
teu cara boga pangarti

35. Mawa peti dina sundung
dibawa ka nusa Jawa
Pangarti teu beurat nanggung
kabisa teu beurat mawa

36. Memeh ngagelarkeun kasur
samak heula ambeh rineh
Memeh nyaritakeun batur
tilik heula awak maneh

37. Ngala lauk meunang selar
bungkusna daun Hangasa
Sakur mahluk nu gumelar
dirahmat ku Nu Kawasa

38. Nimbang pare deukeut pager
tumpukanana ngajajar
Tinimbang jeung udar-ider
leuwih hade ge diajar

39. Papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
Mun bisa miara letah
mokaha salamet diri

40. Mawa ragi ka Cilutung,
tikukur ngudag saeran.
Boh rugi atawa untung,
kudu sukur ka Pangeran

41. Kacisigung ciganea,
cipageran cilamaya,
anu agung aloh tea,
pangeran urang sadaya

42. Mawa menyan ditilaman,
ragaji anu mang usup,
kaimanan kaislaman,
nu jadi patokan hirup

43. Ngala supa na kibeulah,
na timana icalan manyarna,
sagala rupa masalah,
pasti aya jalan kaluarna

44. Kabaya samping keur elap,
ngala hui cuang opatan,
baraya teu kenging hilap,
kedap deui urang Jum’atan

45. Meulah jok ulah kugayung.
pa marta dulur kang ruhyat
ulah sok resep adigung.
da harta mah moal dibawa kaakherat.

46. Melak Leunca Na Pipiti
Aya Simeut Dina Ja’at
Sing Loba Eling Ka Gusti
Bakal Slamet Dunia Akhirat

47. Ninyuh ubar ku cipati
Diwadahan piring gelas
Anu sabar eta pasti
Ku Allah dipikawelas

48. Semar mesem astrak jingga
Cepot nenggel gatot kaca
Lamun anjeun haying bagja
Getol shalat akhlak mulia

49. Najan kuring panen gedang
Moal poho kaparaji
Najan raga urang parenggang
Tapi jiwa urang ngahiji

 

 2 of 2