BIOGRAFI BAHASA SUNDA RA KARTINI

BIOGRAFI BAHASA SUNDA
NAMA TOKOH: RA KARTINI
Foto: @google images

Nami : Raden Ajeng Kartini

Lahir : Jepara, Jawa Tengah, tanggal 21 April 1879
Pupus : Tanggal 17 September 1904, (waktos babaran putera cikalna)
Pendidikan : E.L.S. (Europese Lagere School), satingkat sareng SD
Caroge : Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati Rembang
Prestasi : Ngadegkeun sakola pikeun wanoja di Jepara.
Penghormatan : Gelar Pahlawan Kemerdekaan Nasional, Dinten Babarna tanggal 21 April ditetapkan mangrupi dinten besar

Raden Ajeng Kartini nu lahir di Jepara, Jawa Tengah tanggal 21 April 1879, saleresna estu mihoyong tiasa ngagaduhan pendidikan nu langkung luhur, mung mangrupina kabiasaan sareng waktos harita, ngajantenkeun anjeunna henteu diwidian  ku sepuhna.

Anjeunna mung sakola sakola dugi ka E.L.S. (Europese Lagere School) atanapi satingkatsareng sakola dasar. Tamat  E.L.S, Kartini teras dipingit mangrupi kabiasaan atanapi adat-istiadat nu lumrah di tempat babarna dimana hiji wanoja atos rengse namatkan sakola di tingkat sakola dasar, kedah ngajalankeun masa pingitan dugi ka waktosna pikeun rimbitan.

Mayunan eta kanyataan, Kartini rumaja nu loba campur gaul sareng jalmi-jalmi terpelajar tur seneng maos buku khususna buku-buku ngeunaan kamajengan wanoja sapertos karya-karya Multatuli “Max Havelaar” sareng karya tokoh-tokoh pejuang wanoja di Eropa.


Ti kawit harita, anjeunna gaduh kahoyong sareng tekad nu kuat kangge ngamajukeun sakola kanggo ngamajukeun wanoja bangsana, Indonesia. Sareng ngalengkah kanggo ngamajukeun kaum wanoja nyaeta kucara ningkatkeun tarap pendidikan para wanoja. Pikeun ngarealisasikeun cita-citana eta, anjeunna ngawitan ku ngadegkeun sakola kangge anak gadis di daerah babarna, Jepara.

Di eta sakola anjeunna ngajarkan palajaran ngaput, nyulam, masak, sareng rupi-rupi. Sadaya katerampilan didugikeun ka murid-muridna kalayan garatis. Malah kanggo ngawujudkeun cita-citana, anjeunna ngalajeungkeun ka Sakola Guru di Nagara Belanda, maksadna supados anjeunna tiasa janten guru nu langkung tinuwih.

Kalayan dukungan ti rerencanganna urang Walanda, Nyi Ajeng Kartini kenging beasiswa kangge ngalajengkeun sakola di nagara Walanda. Tapi, ramana,  Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati di Rembang, teu ngawidian anjeunna. Malah ramana ngahalangan tekadna ku cara maksa RA Kartini supados rimbitan.

Sanaos seueur halangan harungan nu ngajegal cita-citana, tapi RA Kartini teu kateter tekadna. Saatos nikah, anjeunna masih ngadegkeun sakola di Rembang salian sakola di Jepara nu atos didirikeun sateuacan rimbitan. Naon anu dipidammel anjeunna janten conto nu saterasna diturutan ku wanoja-wanoja lainna ku ngadegkeun ‘Sakola Kartini’ di tempat masing-masing sepertos di Semarang, Surabaya, Yogyakarta, Malang, Madiun, sareng Cirebon.

Naon  nu atos dipilaku  RA Kartini estu seueur pangaruhna kanggo kabangkitan bangsa urang. Mingking bakal langkung ageung sareng langkung seueur nu dipilaku ku anjeunna kangge kamajuan wanoja Indonesia, pami Allah masihan yuswa nu langkung lami. Mung Allah mikahoyong sanes, anjeunna pupus dina yuswa masih ngora keneh, 25 taun,  tanggal 17 September 1904, waktos ngalahirkeun putera cikalna.

Pamarentahan Presiden Soekarno, Presiden Mimiti Republik Indonesia ngawedalkeun Keputusan Presiden Republik Indonesia No.108 Tahun 1964, tanggal 2 Mei 1964 nu netepkeun Kartini mangrupi Pahlawan Kemerdekaan Nasional tur netepkeun dinten lahir Kartini, tanggal 21 April, pikeun dipikaemut unggal taun nu saterasna dikenal mangrupi Dinten Kartini.

Thanks_
sumber referensi: google.com