Babad Tasikmalaya

Dina abad ka-8 nepi ka abad 12, di Tasikmalaya téh aya pamaréntahan dina wangun kabataraan, pusat pamarentahan nana di Tawang atawa Galunggung. Anu kungsi jadi batara waktos harita téh nyaéta, Sang Batara Sempak Waja, Batara Kuncung Putih, Batara Kawindu, Wastu Hayu, Hyang Ratu Galunggung.

Pamarentahan kabataraan robah jadi karajaan Galunggung. Nu jadi rajana nyaeta Batari Hyang Galunggung, Rakean dermasiksa, Ratu Saunggalah Prabu Ragasuci, Sang Lumahing Taman, Ratu Galung Sakti, Ratu Sembah Golek, Ratu panyongsongan, Sang Lumahing Gunung Raja.

Saterusna, dina abd ka-15 nepi ka abad 16, pamarentahan di Tasikmalaya teh mangrupa bagian tina karajaan pajajaran. Pusat pamarentahan nana di Sukakerta. Rata-rajana nu kungsi marentah di antawisna nyaeta :

• Sri Gading Antek, Dalem
• Sukakerta atawa Dalem
• Barayuda, Lembujaya atawa
• Dalem Santawaon, Entol
• Wiraha, jeung Wirawangsa.

Dina mangsa panjajahan Walanda, kurang leuwih taun 1641, ngadeg pamarentahan Kabupaten Sukapura. Ibu kotana di Leuwiloa. Nu marentah panghelana nya eta Bupati Ki Ngabehi Wirawangsa.

Nu diteruskeun ku J. Manggala, Anggadipa, Subamanggala, Sacapati, Jaya Anggadireja, Jaya Manggala II, Anggadipa II, R.T. Suryalaga, Anggadipa II.

Ibu kota Kabupaten Sukapura kungsi ngalaman pindah ti Leuwiloa ka Empang di Sukaraja, saterusna pindah ka Manonjaya. Dina tanggal 1 Oktober 1901 ibukota kabupaten Sukapura di Manonjaya pindah ka Tasikmalaya.
Sanggeus di Tasikmalaya, ngaran kabupaten Sukapura diganti jadi Kabupaten Tasikmalaya nepi ka ayeuna.

Kiwari kabupaten Tasikmalaya dibagi dua, nyaeta pamarentahan kabupaten Tasikmalaya jeung kota Tasikmalaya. Kabupaten mah dipimpin ku bupati, sedengkeun kota mah dipimpin ku walikota.