Upama urang nitenan lambang kota Bogor, di dinya aya gambar kujang anu ngandung harti yen kota Bogor teh minangka ‘barang pusaka’ warisan karuhun. Naon sababna pangna ieu kota disebut ‘barang pusaka’?
Lantaran baheula di ieu tempat kungsi ngadeg Karajaan Pajajaran. Cindekna dayeuh Bogor kiwari teh patilasan karajaan Sunda anu kamashur, nyaeta Karajaan Pajajaran. Pajajaran carem dina taun 1579 sanggeus dirurug ku pasukan Maulana Yusuf ti Banten.
Ti mana asal-muasalna ngaran “Bogor” teh? Ngaran hiji tempat ilaharna sok didasaran ku ayana ciri atawa karakter anu husus minangka punjulna eta tempat ti tempat sejenna. Sagedengeun eta aya oge anu dumasar kana kasang tukang sajarah atawa pertiwa anu kungsi kajadian. Anu puguh ngara hiji tempat teh ngandung unsur filosofis atawa simbolis anu luhur ajenna.
Nya kitu ngaran Bogor oge Aya sasaraha pamadegan para ahli anu netelakeun asal-muasal ngaran Bogor teh. Pamadegan anu kahiji nerangkeun yen Bogor teh cenah asalna tina “Buitenzorg”, nyaeta ngaran resmi dayeuh Bogor dina mangsa penjajahan Walanda.
Buitenzorg teh basa Walanda anu hartina “teu aya urusan”. Pikeun niiskeun pikir tina rupa-rupa urusan kapamarentahan, Gustaaf W. Van Imhoff nu harita jadi Gubernur Jendral merelukeun tempat anu tiis tingtrim, jauh ti pusat pamarentahan Batavia. Nya dipilih hiji tempat anu tuluy dingaranan Buitenzorg. Ti dinya sajarha eta ngaran teh.
Ceuk pamadegan anu tadi, Buitenzorg teh diucapkeun ku letah urang Sunda mah jadi Bogor. Ieu pamadegan teh henteu katarima ku balarea, karasa dijieun-jieun, lantaran kecap buitenzorg jadi bogor teh jauh teuing. Eukeur mah letah urang Sunda jaman harita geus bisa ngucapkeun sababaraha kecap basa Walanda, upamana bae kecap buitenzorg jadi “betensoreh”, Ziekenhuis (rumah sakit) jadi “sinkenhes”, borg (jaminan) jadi “boreh”, jsb.
Pamadegan anu kadua netelakeun yen “Bogor” teh asalna tina boghar atawa baqor tina basa Arab anu hartina sapi. Pangna kitu lantaran cenah di Kebon Raya aya patung sapi. Pamadegan ieu oge henteu katarima, lantaran henteu mernah dina soal urutan waktu (anakronisme). Ngaran “Bogor” geus aya sarta dipikawanoh samemeh Kebon Raya dijieun dina taun 1817. ari patung sapi dipindahkeunana ti kolam kuno ka kotabaru ka Kebon Taya teh dina pertengahan abad ka-19.
Pamadegan anu katilu nyebutkeun yen ngaran “Bogor” asalna tina bokor (wadah tina kuningan). Ieu pamadegan henteu dumasar kana alesan anu jentre, sanajan lamun ditingal tina elmu basa (fonologi), hurup k dina basa Sunda aya anu robah jadi g, contona dina kecap kumasep jadi gumasep, kecap angkeuhan jadi anggeuhan. Cindekna kecap bokor jadi bogor teh bisa kaharti, ngan eta pamadegan teh henteu didasaran ku kasang tukang sajarah.
Pamadegan anu kaopat, anu leuwih kaharti sarta katarima ku balarea, nyebutkeun yen kecap “Bogor” teh pituin tina basa Sunda, hartina tunggul kawung. Ieu pamadegan dumasar kana carita pantun “Ngadegna Dayeuh Pajajaran” anu dicaritakeun ku Ki Cilong.
Tah di dinya, ku andika adegkeun eta dayeuh laju ngaranan Bogor, Sabab bogor teh hartina tunggul kawung. Ari tunggul kawung Emang geh euweuh hartina, Euweuh soteh ceuk nu teu ngarti. Dina eta carita pantun ditetelakeun yen tunggul kawung teh aya punjulna ti nu sejen.
Lamun dijieun tetengger, bisa kuat mangpuluh-puluh taun. Lamun ku urang kadupak atawa katajong, matak bohak sarta borok bari moal geuwat cageur. Jeung poma cenah tunggul kawung mah ulah dipake kekesed, pamali matak cilaka.
Cindekna ngaran “Bogor” nu hartina tunggul kawung teh ngandung siloka anu kudu disurahan ku urang anu hirup di alam kiwari. Urang Sunda teh kudu kawas tunggul kawung, kudu kuat sarta ulah ‘katincak’ ku deungeun.