Si Kabayan keur gedé ambek, gawéna ngan ukur indit isuk balik soré, taya lian ti nguseup. Dina hiji poé, kira-kira geus waktuna lohor, manéhna tacan pisan beubeunangan, gawéna ngan pusing-jeung pusing wéh, sabab nguseup geus kesel, sirah kapanasan, tambah keur gedé ambek. WAH BEUKI ÉDAN… !!!
Kira-kira jam dua beuramg, panon poé keur meujeuhna panas mentrang-mentring, torojol hiji lalaki nu nanggung jagong mentas ti gunung, haruhah-harehoh, capé tambah panas. Tuluy eureun handapeun tangkal caringin, gigireun pisan Si Kabayan nu keur nguseup.
Ceuk tukang jagong nanya:
“Meunang Kabayan nguseup téh?”
Si Kabayan nyentak :
“Teu meunang kusaha.. !!!”
Tukang jagong rada reuwas, bari singkil menerkeun leungeun baju :
“Galak kabayan laukna?”
Si Kabayan mesat bedog :
“Kadek baé, kadék, ari galak mah !!!”
Tukang jagong reuwaseun, tuluy berebet lumpat satakerna, ninggakeun tanggungan jagong parangsana rék dikadek.
Ceuk Si Kabayan:
“Beurat-beurat ogé ieu mah, leuwih-leuwih ti meunang nguseup.” kituna téh bari balik nanggung jagong.
(#Rengse)