BUDAYA WISATA JAWA BARAT

BUDAYA WISATA JAWA BARAT
Contoh artikel tentang kebudayaan di jawa barat. JUDUL: BUDAYA WISATA JAWA BARAT

Kagiatan wisata budaya teh lain ngan ukur ulin ka tempat anu pamandangan alamna endah. Kadieunakeun beuki loba jalma anu ngajugjug ka tempat-tempat wisata anu ngandung ajen budaya.

Tempat wisata saperti kieu lain kaendahan alamna anu rek diteangan teh, tapi kaahengan atawa kaunikan budaya nu aya di eta tempat.

Di jawa barat (Tatar Sunda) loba pisan tempat-tempat anu bisa dipake wisata budaya teh upamana bae Baduy atawa Kanekes di Kabupaten Lebak jeung Kasepuhan Ciptarasa di Kabupaten Sukabumi.

Tempat wisata di Tatar Sunda anu sejenna anu ngandung ajen budaya kawas kitu, nyaeta Kampung Naga di Kabupaten Tasikmalaya. Ngaranna oge geus aheng.

Siga-siga nyokot ngaran tina oray sukuan bari sungutna oge murakeun seuneu, nu sok aya dina dongeng atawa dina filem tea.


Teu saeutik anu ngaradon ulin ka Kampung Naga teh. Keur mah tempatna babari kadongkang, katambah-tambah ieu tempat matak ngahudang kapanasaran. Nu daratang ka dinya, ti mimiti ilmuwan, mahasiswa anu ngayakeun panalungtikan, tepi ka turis domestik jeung turis asing.

Kampung Naga teh perenahna di Desa Neglasari Kacamatan Salawu, Tasikmalaya. Liliwatan jalan Tasik-Garut. Ti sisi jalan gede teh ukur 500 meter ka lebak, sisi walungan Ciwulan.
Jumlah imah di ieu kampung aya 108 suhunan (kaasup masjid jeung Bumi Ageung), teu nambahan teu ngurangan.

Ceuk katerangan Ki Ateng, kuncen di dinya, jumlah imah sakitu teh lain ceuk adat kudu sakitu, pedah we teu aya deui lahan. Imah di Kampung Naga wangunna tradisional keneh. Sakabeh imah perenahna manjang ti kulon ka wetan.

Hateupna lain ku kenteng, tapi ku hateup eurih campur injuk. Imah teh kabeh oge dijieun tina bilik jeung kai anu jumlah tihangna lima. Hiji oge teu aya imah anu dijieun tina tembok. Naon sababna? Lantaran urang Kampung Naga hayang miara adat karuhunna.

Salian ti tukuh kana adat, urang Kampung Naga oge pohara ngutamakeunana kana kasehatan. Upamana bae wangunan imah anu nyangirah ti wetan ka kulon, maksudna keur ngajaga kasehatan nuturkeun perjalanan panonpoe. Mun isuk-isuk, bakal nampa hawa beresih.

Kitu deui di Kampung Naga urang moal manggihan jamban atawa pacilingan di jero atawa di gigir imah. Pamandian jeung pacilingan teh dijieunna di walungan, lantaran cenah imah kudu jaun tina tempat kokotor.

Pikeun ngajaga alam sabudeureun, di Kampung Naga oge aya nu disebut leuweung larangan. Ieu leuweung perenahna di tonggoheun walungan Ciwulan, legana welasan hektar.

Ieu leuweung te diriksa ku sarerea ngarah henteu ruksak, maksudna minangka sumber cai. Lamun leuweung tetep dipiara, sumber cai moal saat sarta dina usum hujan moal banjir.

Thanks__
Sumber referensi: google.com