Virus Corona (Covid-19) Geus Jadi Wabah Pandemi Dunya

Virus Corona mangrupakeun sala sahiji virus anu nyerang kanu sistem pernapasan (ambekan). Virus ieu masih keneh sakuarga jeung virus Sars jeung Mers anu pernah ngainfeksi di sababaraha nagara di taun nu kaliwat.

Dugi ka kiwari, virus corona atawa covid-19 ieu can kapanggih ubarna. Nurutkeun hasil panalungtikan, ari virus ieu téh asal muasalna tina binang kalong, mimiti sumebarna ti Kota Wuhan, China, nu kapanggih kira-kira ti bulan Desember taun 2019 kaliwat.

Ayeuna Virus Corona tos ngainfeksi nepi ka 148 nagara nu aya di dunya, katut nagara Indonesia. Kurang leuwih tos aya sajuta leuwih jalmi anu kajangkit ku sabab virus ieu. WHO tos ngaluarkeun wawaran yen Virus Corona geus jadi wabah atawa pandemi global.

Virus ieu bisa maéhan jalma jeung tereh pisan sumebarna antara jalma hiji jeung jalma nu liana di waktu anu singket. Di unggal jalma, panyakit anu dimunculkeun ku ieu virus beda-beda, ngan ari umumna mah mangrupa gejala batuk, salesma, laleuleus, jeung eungap.

Dugi ka ayeuna, can kapanggih ubar pikeun ngubaran infrksi virus ieu, tapi geus loba jalma nu cageur lantaran di isolasi sarta dirawat di rumah sakit.

Urang sadayana kudu tetep waspada jeung ulah panik nyanghareupan kaayaan saperti ayeuna. Unggal rék kaluar, kudu maké masker, ngurangan pa’amprok jeung jalma loba, sarta kudu rajin ngabersihkeun leungeun ngagunakeun hand sanitizer. Éta sala sahiji hal utama nu kudu dilakukeun dina kaayaan saperti ayeuna.