Soal Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1, 2 Kurikulum 2013 & Kunci Jawaban

Hasil penilaian akhir tahun (PAT) umumnya bertujuan untuk mengetahi sejauh mana para siswa dapat menguasai pelajaran yang telah diterapkan dalam kurun waktu tertentu (semester). Secara khusus, evaluasi soal soal bahasa Sunda Kelas 8 Kurikulum 2013 ini bertujuan sebagai gambaran untuk melatih kemampuan siswa dalam menjawab pertanyaan-pertanyaan soal berikutnya.

Soal Penilaian Akhir Tahun Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1, 2 Kurikulum 2013

Sebagai latihan untuk menghadapai penilaian akhir tahun (PAT) berikutnya, khususnya untuk siswa SMP maupun MTS, berikut dibawah ini basasunda.com sudah mempersiapkan contoh soal PAT Bahasa sunda kelas 8 untuk tingkat SMP/MTS dengan Kurikulum 2013 beserta dengan kunci jawabannya.

I. Pilihlah salah satu jawaban yang paling tepat, dengan menghitamkan bulatan jawaban pada huruf a,b,c, dand pada lembar jawaban yang disediakan.

Guguritan Asmarandana Sumanget Ka Sakola

Soal Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1, 2 Kurikulum 2013 (PAT) dan kunci jawaban

1. Aturan guru lagu jeung guru wilangan dina guguritan di luhur nyaéta ….
a. 12-a,7-1, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i
b. 10-a,7-1, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 6-i
c. 12-a,7-1, 6-a, 8-a, 7-i, 5-a, 7-i
d. 12-a,7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 6-i

2. Jumlah padalisan dina guguritan diluhur nyaéta….
a. lima padalisan
b. genep padalisan
c. tujuh padalisan
d. dalapan padalisan

3. Sempalan guguritan “Sumanget ka sakola” téh ngagunakeun pupuh ….
a. balakbak
b. durmac. kinanti
d. asmarandana

4. Tema guguritan di luhur nyaéta….
a. jadi anak nu ngabakti ka kolot
b. sumanget ka sakola nyiar élmu
c. campur gaul teu meunang lalawora
d. miboga ahlak budi anu mulya

5. Eusi pada ka opat dina pikeun guguritan “Sumanget Ka Sakola” di luhur nyaéta….
a. Ngajak sangkan sumanget indit ka sakola
b. Mepeling sangkan urang teu meunang kabawa kana kalakuan anu teu puguh
c. Lamun urang jadi jalma perceka tangtu bakal percaya diri dina sagala rupa pasualan
d. Elmu téh pikeun bekel urang salila hirup di dunya

6. Dina pada ka tilu guguritan di luhur aya kalimah “Omat ulah kabawa sakaba-kaba”. Kalimat éta téh ngandung harti….
a. ulah nurutkeun kalakuan babaturan
b. kadé ulah nyontoan teu bener ka batur
c. kadé ulah kabawakeun teu puguh lampah
d. ngajaga lampah urang kudu bener salawasna

7. “Lamun urang jadi jalma perceka” harti kecap nu di garis nyaéta….
a. daékan dina sagala hal
b. teu mampu ngalakukeun nanaon
c. bodo dina pangaweruh
d. pinter/ahli sagala bisa dina pagawéan

8. Upama nilik kana wangunna, guguritan téh kaasup kana ….
a. puisi
b. prosa
c. éséy
d. drama

9. Pupuh maskumambang di handap ieu miboga watek?

  • Itu kusir bangun ambek-ambek teuing
    Turun tina delman
    Kuda dipecutan tarik
    Teu aya pisan ras-rasan
    Teu ngaraskeun bong kéna ka sato laip
    Padahal mogokna
    Lantaran geus capé teuing
    Hayang ngaso curcun heula

a. senang, gumbira, gahar
b. napsu, paséa, perang, gelut
c. sasambat, ceurik, nalangsa
d. bingung, samar polah

10. Pupuh anu miboga karakter “ngadago, aya nu diarep-arep, prihatin,” nyaéta….
a. kinanti
b. dangdanggula
c. asmarandana
d. Durma

11. Nu kaasup pancén panata acara nyaéta….
a. nepikeun biantara di hareupeun jalma réa
b. ngatur acara sangkan acara lumangsung saluyu jeung jadwal
c. mintonkeun pagelaran anu narik kana ati
d. macakeun pidato jeung susunan acara

12. (1) sora kudu bedas jeung béntés
(2) dangdan sataker kebek
(3) miboga kamampuh ngaréka basa pikeun pangirut
(4) miboga kamampuh anu jembar ngeunaan materi acara anu ditepikeun
(5) mawa karep sorangan tur loba improvisasina

Pilih mana sawatara hal anu kudu dipaliré ku panata acara nalika mawakeun hiji acara!
a. 1,2,3
b. 1,3,4
c. 1,2,4
d. 3,4,5

13. (1) ngasongkeun rumusan hasil gempungan, atawa rapat
(2) panutup,biasana sok langsung ku panata acara
(3) tanya jawab
(4) bubuka, biasana sok langsung ku panata acara
(5) biantara poko (utama) pikeun ngadadarkeun pasoalan

Susunan anu merenah pikeun acara gempungan nyaéta
a. 2-3-1-5-4
b. 4-3-1-5-2
c. 4-5-3-1-2
d. 4-5-2-1-3

14. “Para wargi sadayana, alhamdulillah, sadaya runtuyan acara parantos kahaturkeun kalawan lulus banglus. Upama téa mah seueur kakiranganana sareng kirang nyugemakeun dina prak-prakanana, atas nami panata calagara sim kuring neda sih hapunten. Hatur nuhun ka sadaya pihaknu parantos ngarojong kana ieu acara.

Sempalan nu ditepikeun ku panata acara di luhur téh ayana dina bagian……

a. ngahaturanan pamilon
b. bubuka kana acara
c. nganuhunkeun ka pesisi acara
d. nutup runtuyan acara

15. “Dupi pamaksadan urang ayeuna ngariung téh nyaéta badé ngabadantenkeun perkawis kagiatan siswa di sakola urang dina mayunan miéling proklamasi. Sakumaha anu kauninga, ayeuna parantos nincak sasih Juli. Janten kana program kagiatan urang téh kantun sasasih deui. Tangtos wać urang kedah ngawitan tatahar ti ayeuna kénéh. Nya jalaran kitu, OSIS ngulem sakumna pangurus sareng utusan kelas. Janten acara rapat dinten ieu badé nyawalakeun rerencang kagiatan nu badé dilaksanakeun.”

Anu ditepikeun ku panumbu catur dina sempalan omongan di luhur nyaéta ….
a nanya ka ketua OSIS naon nu kudu dilakukeun pikeun nyieun rarancang acara
b. nepikeun naon maksudna diayakeun riungan rapat éta
c. ngajak ka ketua OSIS jeung utusan kelas pikeun rapat
d. méré waktu ka sakumna pangurus jeung utusan kelas pikeun badami

Pikeun Soal 16-19

(1). Urang sadayana nembé parantos sami-sami ngupingkeun adu manisna soanten rampak sekar gabungan siswa kelas tujuh dina kawih “tanah Sunda” sareng “lemah cai”. Mugi-mugi janten pangjurung laku kanggo urang sadayana enggoning mikacinta ka lemah cai.

(2) Hadirin, urang kawitan waé ku ngaoskeun ayat suci Al-qur’an anu badé digalindengkeun ku sadérék Nénéng. Mangga di haturanan

(3) Hatur nuhun ka sadérek Nénéng parantos ngaoskeun ayat suci Al-qur’an, mugia barokah ngocor ka urang sadaya (4) Hatur nuhun ka pihak anu parantos ngarojong kana ieu acara. Hapunten upami parantos ngabarubahkeun. Sumangga urang pungkas waé ieu acara ku sami-sami ngucapkeun Hamdallah

16. Teks anu diucapkeun ku pamandu acara anu eusina “ngahaturan”, nyaéta…….
a. (1)
b. (2)
c. (3)
d. (4)

17. Teks anu diucapkeun ku pamandu acara anu eusina “nganuhunkeun” nyaéta…..
a. (1)
b. (2)
c. (3)
d. (4)

18. Teks anu diucapkeun ku pamandu acara anu eusina “méré koméntar ka pamilon”, nyaéta…
a. (1)
b. (2)
c. (3)
d. (4)

19. Teks anu diucapkeun ku pamandu acara anu eusina “mungkas acara”, nyaeta….
a. (1)
b. (2)
c. (3)
d. (4)

20. Runtuyan acara ditutup ku…..
a. Pintonan kesenian
b. Balakecrakan
c. Do’a
d Sasalaman

BULAN WANCI SAREUPNA

Ngadéngé jawaban kitu mah, angger baé lebeng. Poékeun nya kapaksa baé, keur saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di lembur. Bisa jadi, pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui.

Paceklik nu panjang kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan.

Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu baé? Saha nu ngurusna? Kituna mah, aya alesan maranéhna indit’ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu. di lembur. Pasualan anu nepi ka maranéhna miang ogé, biheung geus réngsé.

Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu ngembeng boa manéhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh keur meujeuhna bureuycung atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus déngdék ka kénca alatan dihakan umur.

Cék béja, ti barang rumah tangga Pa Érté hayang ngoméan éta imah téh. Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna ogé angger baé. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya menyatna.

21. Tema nu merenah pikeun sempalan carpon diluhur nyaeta ……
a. satiap jalma boga bangbaluh hirup
b. kaayaah lembur anu geus teu pikabetaheun
c. pangalaman hirup
d. ninggalkeun lembur

22. Amanat nu dikandung dina sempalan carpon diluhur nyaeta …..
a. Pa Erte hayang ngomean imahna
b. kudu mentingkeun kapentingan sorangan
c. urang kudu bisa nyanghareupan masalah hirup
d. masalah kudu disingkahan

23. Palaku utama dina carpon di luhur nyaeta…..
a. Pa Eric
b. Pa Lebe
c. kuring
d. pamajikan pa erte

24. Kaayaan pak Erte dina sempalan carita di luhur nyaeta ….
a. sombong
b. sabar
c. pikarunyaeun
d. pikasebeleun

25. Latar paragrafka 3 dina sempalan carpon diluhur nyaeta ……
a. imah
b. dek kapal
c. walungan
d. jalan

26. Picontocun nu kagambar dina sempalan carpon di luhur nyaeta…..
a. unggal jalma kudu bisa nyanghareupan masalah, masalah kahirupan
b. satiap aya masalah kudu ditinggalkeun
c. sakabeh jalma pasti boga masalah nu kudu dibereskeun
d. kudu ngajaga alam lingkungan urang

27. Hiji carita disebut carita pondok ditilik tina…
a. panjang caritana bisa dibaca kurang ti sajam, bagianana saeutik.
b. palakuna loba jeung konflikna rumit
c. panjang caritana bisa dibaca kurang ti sajam, peristiwana lumangsung lila
d. babagiana loba, patempatan ilahar ngan salokasi

TARAWÉH (Kenging Alzahra Pramanik)

Geus datang deui bulan puasa.Kuring mah sok resep mun bulan puasa téh. Ari waktuna puasa mah teu pati resep, da sok lapar. Komo mun tengah poe, peujit téh tangka sok murilit bakating ku lapar. Tikoro tuhur balas hayang nginum. Awak lungse taya tanaga. Titingalian ge sok ranyay teu puguh. Resepna mun waktuna buka, sagala ngeunah rarasaan téh.Nginum cai hérang ge asa ngeunaah pisan.Mun geus ngasaan mah boa asa cai surga. (Dicutat tina Mangle Alit)

28. Nu di caritakeun dina sempalan carpon di luhur nyaeta…….
a. taraweh
b. Puasa
c. lalungse
d. hanaang

29. Kecap tuhur ngandung harti….
a. baseuh
b. garing
c. éncér
d. kintel

30. Kalimah anu nuduhkeun nikmatna dina ibadah puasa nyaéta….
a. kuring mah sok resep mun bulan puasa téh.
b. ari waktuna puasa mah teu pati resep, da sok lapar.
c. komo mun tengah poe, peujit téh tangka sok murilit bakating ku lapar.
d. resepna mun waktuna buka, sagala ngeunah rarasaan téh.

Jalan-jalan ka Guha Pawon

Basa dinten Minggu abdi diajak jalan-jalan ka guha Pawon ku teh Rinrin.Abdi mios ti rorompok naék motor tabuh 7 énjing-énjing. Saméméh ka Guha Pawon ka museum heula ningalian tangkorak manusa purba, rupi-rupi pakakas tina batu. Di guha Pawon, abdi ningal gunung-gunung batu anu ngajegir. Seueur anu nuju manjat tebing. Salian ti ningalan kaendahan alam teh, abdi oge kenging pangaweruh perkawis kahirupan jaman purba.

31. Nu jadi jejer utama laporan kajadian di luhur nyaéta….
a. guha Pawon
b. acara dinten Minggu
c. jalan-jalan ka guha pawon
d. ulin ka museum

32. Jalan-jalan ka guha Pawon, urang bakal nyaho ngeunaan….
a. rupa-rupa pakakas tina batu
b. tangkorak manusa purba
c. pangaweruh ngeunaan kahirupan jaman purba
d. museum nu aya di guha Pawon

33. kajadian anu kaalaman dina laporan di luhur nyaéta….
a. ningali rupa-rupa paninggalan jaman purba jeung ningal kaéndahan alam
b. naék motor ka guha Pawon
c. aya nu manjat tebing di Gunung Batu
d. set ka guha Pawon

Ngojay Jeung Lauk di Cibulan

Hiji waktu kuring indit ka Cibulan nganteur Bi Réni ti Bandung. Unggal aya sémah ti luar kota sok hayang dianteur waé ka Cibulan. Ku sabab Cibulan mangrupa tempat wisata anu kakoncara. Cibulan teh perenahna di Desa Manis Kidul, Kecamatan Jalaksana.Gampang didongkangna, boh make kendaraan umum, boh kana kandaraan pribadi.

Nepi ka Cibulan nempo lauk tinggudibeg dina balong. Lauk baradag, Lauk kancra bodas,anu katelah lauk déwa téa lauk nu dianggap keramat. Ti baréto oge nepi ka ayeuna, taya anu wani-wani ngala eta lauk, sabab cenah sok aya matakna.

Ceuk carita rayat di dinya, eta lauk teh tadina mah ponggawa Prabu Siliwangi jaman Karajaan Pajajaran. Ku sabab baha kanu jadi raja, nya disupata jaradi lauk. Anehna, upama balong dikuras, lauk teh ngariles, ngaraleungit duka ka marana. Lamun balongna geus aya caian deui, lauk teh narembongan deui bari jeung jumlahna angger.

Di Cibulan aya dua balong gedé, ngaréndéng. Kahiji balong anu jero, kadua balong anu déét. Hiji deui balong leutik anu aya tempat sosorodotan. Tah dina balong anu déét téa abdi, Dani jeung Dina ngojay. Cai balong karasa tiis nyecep. Ngojay babarengan jeung lauk anu baradag, lauk siga nu lalindeuk

34. Gagasan utama sempalan paragrap kahiji dina carita di luhur nyaéta….

a. ngojay jeung lauk di Cibulan
b. ponggawa Prabu Siliwangi nu jadi lauk
c. tempat nu ngaranna Cibulan
d. di Cibulan aya balong nu digeugeuh lauk karamat

35. Tujuan indit ka Cibulan téh nyaéta….

a. hayang ngojay jeung lauk baradag
b. nganteur Bi Réni ka tempat wisata Cibulan
c. ngadatangan tempat pariwisata
d. sukan-sukan ulin unggal poé peré

36. Tempat nu di tuju ka Cibulan téh nyaéta….

a. pasar Cibulan
b. terminal Cibulan
c. balong di Cibulan
d. tempat jajan di Cibulan

37. “Kusabab baha kanu jadi raja, nya disupata jaradi lauk.” Kecap baha jeung disupata dina kalimah di luhur hartina…

a. nurut-dibéla
b. tunduk dipikasieun
c. ngalawan-dipikanyaah
d. ngalawan dikutuk

Hiji waktu Bu Guru nugaskeun kuring jeung babaturan sakelas pikeun prakték kaulinan urang lembur. Sanggeus dibagi sababaraha kelompok, barudak mimiti babadamian per kelompok, madungdengkeun kaulinan naon anu engkéna rék dipintonkeun ku unggal kelompok téa.

Kabeneran kuring jeung babaturan rék mintonkeun kaulinan pérépét jéngkol. Mimiti nyobaan ngaitkeun suku. Tuluy ngacreug bari nguriling, teu poho dipirig ku kakawihan. Karak ogé sakuriling kaburu nambru manten kusabab aya babaturan nu kaleungitan kasaimbangan awakna. Barang gebru téh kabehanana seuseurian….

38. Rasa anu kaalaman dina laporan kajadian di luhur nyaéta ….

a. lucu/pikaseurieun
b. pikasediheun
c. bingung teu apal pilampaheun
d. piambekeun

39. “teu pobo di pirig ku kakawihan”. Kecap kakawihan ngandung harti…

a. tatabeuhan
b. alat musik jang ngawih
c. pintonan lagu-lagu
d. lalaguan nu sok dikawihkeun mangsa keur ulin

40. Nu jadi pikiran utama paragrafkahiji nyaéta….

a. tugas prakték kaulinan urang lembur
b. nyieun kelompok
c. pérépét jengkol
d. ngabagi kelompok

II. Jawab Pananya di handap ieu!

41. Lengkepan gugritan di handap ieu ku cara ngajodokeun!

Anu hipu teh eta….. (1)
Haseum buah kacapi
Anu kesed….. (2)
Amis haseum….. (3)
Anu haseum seger stroberi
Anu pulen….. (4)
Seungit melenghir…..(5)

a. nangka
b. rambutan
c. salak
d. kadu
e. gedang

42. Pek susun ku hidep runtuyan acara di handap ieu sing mernah!

a. Upacara adat “Pangjurung Geusan Nanjung”
b. Maos ayat suci alqur’an
c. Laporan pupuhu panata acara
d. Bubuka
e. Nembangkeun kawih “Tanah Sunda” sareng “Lemah Cai”
f. Pamungkas
g. Biantara-biantara:

43. Lengkepan kalimah di handap ku kecap panganteur anu merenah! carpon di handap ieu!

a….si Udin lumatna tarik pisan.
b….. manehna diuk dina korsi, bari teu ulak-ilik heula.

DUH INDUNG Tétti Hodijah

“Ember satengah dijewang, regenyeng dijingjing. Leumpang ngiciprit, ambeh terh nepi. Barang sup ka kamar mandi, gulujur cai dicicikcun. Teu kungsi lima balikan, bak pinuh. Sabot ngareureuh mepeskeun kesang, leungeun ngarongkong buku jeung pulpen, tuluy ngalangeu dina teras, susuganan manggih ilham. Ras ka siipon, kamari seret ka cuih nyaritakeun cusi karangannana “Ipon mah nyaritakeun si tetch nu jadi pramugari,” pokna.

“saban poe ngangkleung dina kapal udara, kalan kalan pelesir ka mancanagara. Malah ipon sakulawarga kungsi dibawa ka Thailand, ka Brunei, jeung ka Singapur.” Cenah Si Nisa siga nu embung cieh, nyaritakeun bibina nu jadi camat. “Bibi Nisa amah, mun pidato the meni capetang jeung pertentang,” cenah nyarita kituna the bari luway liwey gumelis.

44. Pek identifikasi unsur-unsur intrinsik kayaning jejer, galur, panokohan, latar, jeung amanat tina sempalan

Jejer:
Galur:
Panokohan:
Latar:
Amanat:

45. Pek sebutan hal-hal nu perlu diperhatikeun dina nulis laporan kajadian!

Kunci Jawaban Soal PAT Bahasa Sunda

Kunci Jawaban Soal (PAT) Bahasa Sunda Kelas 8

Kunci Jawaban Soal (PAT) Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1, 2 Kurikulum 2013

Mudah-mudahan dengan contoh Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Kurikulum 2013 diatas dapat membantu para siswa dan siswi dalam belajar serta latihan untuk mempersiapkan dalam menghadapi penilaian akhir tahun ini. Demikian contoh latihan soal bahasa sunda kelas 8 SMP dan MTS, semoga bermanfaat.

Populer

Flashnews