Ngarayakeun ulang tahun

(Ngarayakeun ulang tahun si irma)

 

Pangalaman nu abdi emut dugi ka ayeuna nyaeta wartos harita abdi sareng rerencangan hoyong ngayakeun ulang tahun salah sahiji rerenjangan abdi anu namina irma nu ka 12-th di salah sahiji warteg, nu kabeneran anu bogana teh dulurna si irma.Iyeu carita na abdi jeung rerencangan teh kompakan ngadamel si irma ngambek
Heula, ku cara nganteupkeun si irma dugi ka balik sakola. Pas balik sakola salah sahiji rerencangan abdi ngajakan si irma datang ka warteg ata teh.

Nah, sateuracan si ira tepi di warteg eta, abdi sareng rerencangan atos mesen eta tempat pikeun ulang tahun si irma mimitina. Anu ngarangkai tempatna teh abdi sareng babaturan. Abdi nyaho jelas karesep si irma, margi si irma rerencangan abdi ti leleutik, jadi abdi teurang karesep manehna teh.

Teu lila tempat atos siap abdi hias, make balon, lilin, jeung kalengkapan pernak-pernik ka reseupna si irma. Teu lila bararudak tos daratang kadinya. Si irma oge teras di sauran ku salah sahiji rerencangan abdi, kanggo datang ka warteg dulurna, nu teu jauh sareng imahna.

Nah, wartos si irma datang, sadayana nyarios “ HAPPY BIRTHDAY IRMA!!!” Sabari nyeplokeun endog ka sirahna, si irma teh reuwasen pisan, waktos ningali tos seeur jalma didinya,

Lamun aya salah sahiji pangalaman anu paling reseup sarta berkesan pikeun abdi, nyaeta salah sahiji rerencangan abdi pas ngalungkeun endogna teh kena matana si irma, ku lantaran manehna ti soledat ragag tina bangku.

Nya atuh mereun si irma teh gogoakan ceurik. Didinya abdi seseurian kuat ka nyeuri beuteng. Haahahaa…! Sadayana oge sami seseurian, abdi ningali si irma kosna rarasaanna campur aduk, hoyong ngambek tapi ditahan, ku sabab manehna oge seuri sarta atoh pisan sabab ulang tahuna dirayakeun sareng rerencanganna.

Teu lami urang sadayana nyanyi “happy brithday to you” Sareng niup lilin, sarta motong kue. Tos kitu abdi sareng sakabeh rerencangan teh ditraktir kabeh ku si irma emam dugika ka wareg pisan di warteg eta.

advertisement

 

Nah, sakitu wae pangalaman nu berkesan sarta menyenangkan ti abdi, nu ku abdi emut dugi ka ayeuna sarta teu tiasa hilap salamina.