Paguneman 4 Orang Judul “Ngobrol Di Jam Istirahat Sakola”

Paguneman bahasa sunda ini saya ambil dari sebuah artikel bahan pembelajaran sekolah untuk tingkat sma atau sekolah menengah atas. Nah, penasaran dengan contoh paguneman bahasa sunda ke-4 orang ini? Baiklah, langsung saja disimak contoh paguneman basa sunda dibawah ini.

(Judul Paguneman : Ngerjakeun Tugas Bareng)

Paguneman 4 Urang Ngerjakeun Tugas Sakola Babarengan

(Asep, Firman, jeung Zakaria keur nuju ngarobrol dipayuneun kelas, wanci istirahat. Teu lila teras aya Detian nu nyampeurkeun..)

Tokoh:
1. Detian
2. Zakaria
3. Firman
4. Asep

Detian : “Hey, nuju naraon yeuh??”

Zakaria : “Biasa, De! Nuju ngobrol weh, hareudang di kelas mah!”

Firman : “Didinya tos timana?”

Detian : “Biasa..”

Asep : “Ti warung?”

Detian : “Sanes, ti WC! Hehe..!”

Firman : “Oh, setor?”

Zakaria : “Tos ah! Ayeuna mah urang ngobrol deui weh!”

Asep : “Ngobrol naon deui atuh, apanan tatadi teh tos ngobrol”

Firman : “Eh, ari enjing aya PR teu?”

Detian : “Enjing teh dinten naon?”

Firman : “Salasa.”

Detian : “Berarti pelajaran Biologi, Basa Inggris, Kewirausahaan, Olahraga jeung Pendidikan Agama Islam, nya?”

Asep : “Teu aya PR asa-na mah da?!”

Firman : “Oh, enya! Teu aya PR nya?”

Zakaria : “Aya PR mah!”

Detian : “PR naon?”

Zakaria : “Tugas ti Pa Cucu anu saurna kedah ngadamel Company Profile tea gening!”

Detian : “Oh, enya! Tos Bareres can?”

Asep : “Abdi mah acan, da teu ngartos! Maksad na kumaha eta tugas teh?”

Detian : “Janten urang teh ngadamel profil perusahaan, perusahaan-na mah bebas.”

Asep : “Eusi na teh naon wae?”

Detian : “Duka tah abdi ge.”

Firman : “Isina teh data diri perusahaanna weh, sapertos nami, logo, visi sarta misi, jeung sajabana.”

Detian : “Oh, kitu!”

Zakaria : “Da lamun teu lepat mah da minggu ayeuna mah dipiwarang ngadamel introna hungkul, sanes?”

Firman : “Muhun!”

Detian : “Entos beres can?”

Firman : “Nembe ngerjakeun kanggo intro logona hungkul abdi mah. Ari anu sanes tos beres?”

Zakaria : “Ah, sami weh abdi ge.”

Detian : “Abdi ge nembe sakeudik da, atuh kirang teu ngartos kanu software After Effect teh!”

Asep : “Abdi kumaha nya? Teu ngartos pisan da abdi mah!?

Detian : “Urang ngerjakeun sasarengan weh, yu?”

Zakaria : “Hayu! Supados bari diskusi sareng tiasa tataros jeung nga bantuan nu sanes. Ngabantuan abdi deuih, da abdi ge teu ngartos. Hehe”

Firman : “Ah, Zakaria mah! Enya sareng weh ngarah tiasa silih bantuan! Bade dimana ngerjakeunna atuh?”

Detian : “Di bumi Zakaria weh kumaha? Tiasa teu, Zak?”

Zakaria : “Kumaha nya? Bade dinten naon ngerjakeun na?”

Detian : “Pan pelajarana teh dinten Juma’ah, urang ngerjakeun na dinten Rebo atanapi Kemis, kumaha?”

Zakaria : “Hayu tiasa! Tapi dinten Rebo weh nya?”

Asep : “Hayu lah! Detian sareng Firman bade ngiring moal?”

Detian : “Nya ngiring atuh! Maenya anu masihan usul na teu ngiring”

Firman : “Pan sakantenan ameng ka bumi Zakaria, nya Zak?”

Zakaria : “Enya pisan! Bade disuguhan naon engke di bumi teh?”

Detian : “Eta weh sadayana anu dina kulkas na engke kaluarkeun nya, Zak.. Haha!”

Asep : “Enya tah! Haha..!”

Firman : “Haha! Eh, ngomong-ngomong ayeuna lapar teu ieu teh?”

Detian : “Nya muhun atuh! Teu acan jajan yeuh!”

Zakaria : “Hayu atuh urang ka kantin! Bilih ka buru lebet kelas deuih!”