Ngajaga Kabersihan Jeung Ningkatkeun Kasehatan Pikeun Nyegah Virus corona

Saperti nu ku urang apal, ayeuna téh keur usum virus nu jadi ibur di sakabeh nagara, katut indonesia, nya éta ku ayana virus corona atawa covid-19. Virus ieu tos sumebar ka 148 nagara. Nu parahna deui, ayeuna di Indonesia ogé geus loba anu ka inféksi ku virus ieu téh.

Kemenkes Indonesia geus nyebutkeun aya rebuan leuwih jalma anu ka inféksi virus ieu. Ieu virus téh sumebarna tina cairan anu sok kaluar lamun urang keur batuk atawa bersin. WHO ogé ngajentreken yén virus ieu bisa nyebar ngaliwatan udara.

Gejala anu biasana timbul mun kena infeksi virus corona téh nya éta muriang, tereh capé, batuk, pilek, sarta nyeuri dina proses pernapasan. Tapi, aya ogé anu teu nunjukkeun gejala nanaon. Ku sabab kitu, ayeuna urang téh kudu leuwih waspada kana virus ieu.

Cara nyegahna téh bisa ku cara urang sering ngumbah leungeun, ngumbahna ogé ulah asal asalan kudu bener, make sabun atawa hand sanitize nu miboga bahan alkohol minimal 70%. Salanjutna urang téh kudu jaga jarak minimal 1 meter, jeung nglaksanakeun anjuran ti pamaréntah nya éta kudu cicing di imah.

Salain éta, urang kudu ngajauhkeun kontak langsung jeung mata, irung, sungut, utamana lamun geus kaluar imah, sabab virus ieu bisa nempel ti barang-barang nu geus ku urang cekel, urang kudu bisa ngajaga kabersihan sarta ningkatkeun kasehatan awak, sabab mun daya tahan tubuh urang alus éta bisa nyegah timbulna panyakit.