Masyarakat Indonesia kudu Leuwih Waspada kana Virus Corona

Corona Virus atawa Covid-19 tepi ka kiwari can aya ubarna. Tapi, ieu virus dipikanyaho yén sabenerna disebarkeuna ku sato (kalong) nu bisa nyebarkeun ti hiji spésiés ka nu lain, katut ka manusa. Corona virus asalna ti Wuhan, Cina nu muncul dina bulan Désémber 2019 kaliwat.

Bahaya Corona Virus Dumasar kana panalungtikan téh bisa nyababkeun maot terutamana kanu jalma nu geus mimiti boga panyakit laina. Nyatana, anu ka inféksi parah bakal bisa ngalamanan karusakan paru-paru nu matak hesé napas.

Sacara umum, gejala virus Corona biasana ditandaan ku salesma atawa flu, muriang, batuk, nepi ka sesek napas. Anti virus jang Corona tepi ka ayeuna can aya ubarna. Tapi, ulah pati sieun, sabab tina hasil panalungtikan obat anu paling alus nya éta nguatkeun daya imun awak urang sabab loba nu cager tina virus Corona.

Kasimpulana, hayu mimiti ti ayeuna urang sadayana masyarakat Indonesia kudu leuwih waspada kana virus ieu sabab gampang pisan sumebarna, urang kudu leuwih ngajaga kaséhatan awak, sering ngumbah leungeun, ulah indit ka ka luar imah lamun teu perlu, sarta kudu bisa jaga jarak. Nah, sakitu waé ti simkuring, hatur nuhun sadaya.