Ciung Wanara téh saenyana putra raja Galuh Pakuan. Ngan ti leuleutik dirorok ku Aki Balangantrang jeung Nini Balangantrang. Ciung Wanara téh teu apaleun yén anjeunna putra raja. Disangkana indung-bapana téh Nini jeung Aki Balangantrang wé. Ngan dasar aya terah sanajan dididik ku nini-nini jeung aki-aki bari di kampung, béda pasipatanana jeung barudak-barudak kampung séjénna.

Leutik kénéh gé geus ngawasa rupa-rupa élmu nu biasana mah nu karitu téh dicekel ku jalma déwasa. Ari karesep Ciung Wanara harita ngukut jeung ngadu hayam. Nu matak barang ngadéngé béja cenah raja Galih Pakuan gé kasenengna kana ngadu hayam. Cita-cita Ciung Wanara hayang ngéléhkeun hayam kagungan raja. Ceuk pikiranana hadé goréngna hayam mah gumantung kana turunan jeung pamiaraan. Sanajan hayam raja, ari goréng turunan atawa pamiaraan mah moal bisa ngéléhkeun ka hayam manéhna.

Dina hiji waktu Ciung Wanara nyarita ka Nini jeung Aki Balangantrang yén manéhna rék indit ka nagara Galih Pa¬kuan. Komo wé nini-nini jeung aki-aki téh barang mimiti ngadéngé caritaan Ciung Wanara kitu, rareuwaseun pisan. Tapi teu aya alesan keur nyarék. Komo mun seug nilik jalugjugna awak Ciung Wanara nu geus rék nincak déwasa, pantes mun hayang indit pikeun nyiar luang pangalaman ka dayeuh téh. Leuwih ti kitu, Aki jeung Nini Balangantrang nu apaleun pisan, saha ari Ciung Wanara téh, dina pikirna ieu lalaki lalanang jagat téh tangtu baris ngukir sajarah.

Kacaritakeun dina waktu nu geus ditangtukeun jung baé Ciung Wanara téh indit kadua hayam jago. Waktu nyorang lembur-lembur matak guyur, sabab ceuk mojang-mojang kakaraeun teuing nempo satria kasép ngalémpéréng konéng ngaliwat, hanjakal ngan saliwat. Para pamuda gé garogedeg ceuk ieu saha ceuk itu saha. Waktu aya nu ngabéjaan yén éta téh anak Nini jeung Aki Bala¬ngantrang kalah beuki kacida garogedegna. Keur meujeuhna panas poé mentrang-mentring Ciung Wanara nepi ka luareun lawang sakéténg nyaéta lawang paranti asup ka jero dayeuh.

Di dinya anjeunna ngareureuhkeun capé heula di handapeun tangkal kai. Karinget ngucur ti sakuliah badanna, ni’mateun pisan katebak ku angin ngahiliwir. Bari diuk manéhna nempo lawang sakéténg dijaga ku jelema duaan jarangkung gedé bari marawa tumbak jeung nyorén gobang. Ceuk pikiranana kumaha bisana asup ari dijaga kitu mah, mangkaning teu boga duit. Sabab sakur nu asup ka dinya kudu mayar. Ngan kabeneran nu jaraga téh sok luas-léos. Sabot bongoh kitu sup Ciung Wanara asup.

Barang geus di jero dayeuh, jelema-jelema karagéteun, nempo pamuda nu sakitu kasépna. Harita Ciung Wanara aya nu ngaku ku hiji randa beunghar. Waktu ditanya ngaran jeung lembur, Ciung Wanara ngajawab terus terang. “Ari Ujang ka dieu téh rék naon?” Nyi Randa nanya deui. “Hoyong ngadu hayam sareng kagungan Kangjeng Raja!” jawabna tenang. ”Is na ari Ujang, asa lalawora teuing! Boga naon kitu keur tumpangna?” “Aya wé.” “Ayeuna mah tong waka jeung nu raja, jeung nu bibi wé heulaanan! Da bibi gé boga hayam adu mah!” “Mangga, ngan upami sareng nu bibi mah moal tumpangan.”

Kacaritakeun geprak wé hayam Ciung Wanara diadukeun jeung hayam Nyi Randa beunghar. Da ngan sakali ngabintih hayam Nyi Randa ngagolér. Jelema-jelema nu nyaraksian ramé surak. Aya ogé nu ngomong, “Héran déwék mah euy! Hayam turundul kitu maké meunang!” Isukna Ciung Wanara kaluar ti tempat panyiru-rukanana nyaéta imah Nyi Randa téa. Waktu ulin ka alun-alun lar patih Purawesi jeung Puragading bébénténg nagara Galih Pakuan angkat sareng. Jaman harita téa upama aya pangagung angkat, jelema-jelema nu nempo téh kudu brek caringogo bari tungkul.

Upama teu kitu dianggap teu sopan, pasti bakal meunang hukuman. Sanajan teu nyaho gé nu duaan éta patih, nilik dedeg-pangadegna, saha nu teu sieun. Geus puguh awakna jarangkung gedé, kumis baplang jeung godégan, maké iket barangbang semplak nepi ka buukna sakitu panjangna papuket kabeungkeut iket. Awakna teu maké baju nepi ka atra bulu kélékna jabrig, dadana buluan. Ka handap maké calana sontog maké beubeur sagedé tampah, Duanana pada nyorén gobang ngangsar ampir antel kana taneuh. Upama ngarérét ka nu ngahormat, burileng panonna nu sagedé jéngkol téh hirup kawas rék kék waé ngerewes.

Ari Ciung Wanara aya nu ngabéjaan yén éta téh patih, ngadon solongkrong nyampeurkeun. Duka kituna téh pédah didikan Aki jeung Nini Balangantrang nu ngajarkeun hakékat jelema mah taya bédana da sarua damelan Nu Maha Kawasa. Malah dina basa gé ka ieu-ieu sarua taya adab taya kasar. Atawa pangna wani nyampeurkeun patih téh perbawa sipatna nu teuneung. Tapi nu pasti mah berekah didikan jeung sipat! Waktu Ciung Wanara nyampeurkeun ka patih mah papakéanana lain nu biasa, tapi diganti ku nu goréng. Malah teu maké baju-baju acan, beuteungna ngahaja dibucitreuk-bucitreukkeun, beungeutna camérong diko-toran leutak.

Barang solongkrong ka patih, nu disampeurkeun nanya sorana mani tarik semu peura, “Rék naon sia budak buncir nyampeurkeun ka kami?” Ceuk Ciung Wanara bolostrong bari teu kireum-kireum, “Hayang ngadu hayam jeung nu Kangjeng Patih!” “Hah siah wawanianan! Boga hayam turundul kitu wani ngadu jeung nu aing! Sakali ngabintih gé hayam sia paéh!” Patih Purawesi sasauranana kitu bari bendu sabab asa dihina ku budak buncir. “Nyobaan wé!” ceuk budak buncir téh. “Heug! Tapi naon tumpangna?” saur Patih Pura-gading.

“Teu boga da kami mah tara tumpangan!” cék budak buncir. “Aéh-aéh siah!” saur Patih Purawesi, “Kieu wé atuh! Lamun hayam sia éléh, sia ku kami digebug sapuluh kali Ku gegendir ieu! Wani henteu?” “Wani! Ngan upama hayam patih nu éléh naon tumpangna?” “Moal éléh hayam kami mah!” “Enya upama ieu mah,” ceuk budak buncir deui. “Manéh ku kami dibéré duit sarajut!” saur Patih Purawesi. Geus nyieun perjangjian kitu mah Patih Purawesi jeung Patih Puragading nimbalan ponggawa nyandak hayam kagunganana nu pangsaéna. Budak buncir diajak ka pakalangan paranti ngadu hayam. Di dinya nu lalajo geus pinuh. Jelema sakitu lobana teu aya saurang gé nu mangmeunangkeun ka hayam budak buncir.

Hayam Patih Purawesi tuluy diasupkeun ka pakalangan. Barang sup ger nu lalajo surak. Hayam téh jangkung gedé buluna hérang pertanda asak piara, jawérna sumpel, buntutna lempay, siihna seukeut panjangna kira-kira satunjuk. Barang jrut ka pakalangan, belegender kokoréh tuluy kongkorongok. Ningali hayam lagana kitu, Patih Purawesi imut. “Sok, Buncir asupkeun hayam manéh!” Hayam turundul téh ku budak buncir ditiup sirahna geus kitu dialungkeun ka pakalangan.

Barang sup, séak diudag ku hayam Patih Purawesi. Si Turundul nyingcet, jol di tukangeun Si Jelug, kecok sirah hayam Patih Purawesi téh dipacok, jebét dibintih. Teu ngadua-kalian, hayam patih Purawesi ngagolér teu hudang deui. Ger nu lalajo surak éak-éakan. Patih Purawesi barengep lain pédah aya nu neunggeul tapi bakat ku éra ku nu lalajo. Sabab hayam kagunganana tacan aya nu ngéléhkeun, sumawonna nepi ka ngagolér kawas harita mah. Ongkoh jaman harita mah ajén jelema téh ditangtukeun ku hayam aduna. Upama hayam aduna kuat teu aya nu ngéléhkeun, ajén nu bogana ningkat upama hayamna éléh, ajén nu bogana turun.

Budak buncir téh nyokot hayamna ti pakalangan, tuluy diusapan. Nu lalajo ngarogrog nempo hayam budak buncir. Ku saréréa pada nyidikkeun teu aya tanda-tanda hayam alus. Nu matak sakur nu lalajo pada hookeun. “Sok ayeuna mah jeung nu aing!” saur Patih Puragading. “Sok asupkeun heula hayam maneh, Buncir!” Saperti tadi budak buncir téh méméh ngasupkeun hayamna ditiup heula huluna, Sanggeus hayam turundul aya di pakalangan, hayam Patih Puragading diasupkeun.

Barang sup sebrut hayam jelug nu Patih Puragading ngudag Si Turundul. Tapi nu diudag rikat luncat ka luhur nepi ka nu ngudag téh kaselebrungan. Si Turundul geus taki-taki di tukangeun Si Jelug. Barang Si Jelug malik, sebrut deui ngudag. Si Turundul nu geus taki-taki mapang hulu Si Jelug ku pangbintih satakerna. Jepet golépak hayam Patih Pura gading ngagolér. Ger deui nu lalajo surak. Patih Puragading baketut ambek nyedek tanaga midek.

Sanggeus dua hayam patih ngagolér, budak buncir ngadeukeutan patih rék nagih jangji, Patih Purawesi jeung Puragading kalah ambek, geus puguh hayam nu dipikameumeutna éléh, ayeuna aya nu nagih. Ku sabab kitu budak buncir téh dirawél tadina rék digebug. Ngan budak buncir nu taya lian Ciung Wanara bisa cungcat-cingcet nepi ka teu katéwak. Sakitu dikepung ku dua patih dibantuan ku para ponggawa karaton teu beunang. Ber pada ngudag, Ciung Wanara geus teu aya, nyumput ngadedempés. Puguh wé dua patih téh ambek murang-maring. Majar jelema sakitu lobana éléh ku budak buncir saurang.

Kacaritakeun béja yén aya budak buncir boga hayam adu sakitu meunanganana geus dugi ka Kangjeng Raja Galih Pakuan. Anjeunna enggal nimbalan para ponggawa milarian budak buncir téa. Nu milarian geus ber ka ditu ber ka dieu tapi nu dipilarian teu kapendak, teu aya raratan-raratanana acan. Kabeneran ku kapinteran Léngsér budak buncir téh kapanggih. Ngan waktu diajak ka karaton ngadeuheus ka Kangjeng Raja, budak buncir téh mugen, embungeun. Ari alesanana sieun ku patih. Budak buncir téh nya nyarita terus terang katugenahna ku patih. Nu jangji rék méré duit sarajut kalah rék nyiksa. Patih nu modél kitu cenah kudu meunang hukuman.

Léngsér nyanggupan rék méréskeun masalah éta asal budak buncir daék milu ka karaton. Kacaritakeun sanggeus Léngsér jangji mah, budak buncir téh daékeun milu. Barang nepi ka karaton patih keur araya di dinya. Nempo budak buncir panonna burulang-burileng tapi teu bisa kukumaha da sieuneun ku raja. Budak buncir mah nempo patih kitu téh tenang wé siga teu aya kakeueung. Saparantos diparios ku raja, énggalna budak buncir terus terang hayang ngadukeun hayamna jeung kagungan raja, nu geus sohor ka manamana teu acan aya nu ngéléhkeun.

Waktu diparios naon tumpangna, waler bu¬dak buncir, pati-hurip raga sareng badan. Dawuhan raja ti kami mah cenah tumpanganana nagara sabeulah. Isukna jelema-jelema geus pinuh di tempat pangaduan hayam rék lalajo. Hayam raja mah datangna ka dinya gé pada ngagotong jeung kurungna. Ti barang datang disada kakak-kokok jeung pucak-pacok. Atuh si Budak Buncir geus datang cingogo bari ngusapan hayamna Si Turundul. Barang geus ninggang kana waktuna dua hayam geus pasang sanghareup-sanghareup.

Hayam raja nu jangkung leuwih ti hayam patih, dongko bari muridingkeun bulu beuheungna, panonna gular-giler sieun kapiheulaan kabintih. Kecok Si Turundul sirahna dipacok, jebét dibintih. Ger nu lalajo ramé surak kabéh ngabobotohan hayam raja. Ngan dibintih sakitu tarikna Si Turundul teu régrog-régrog. Manéhna gulak-gilek ngamaénkeun huluna bisi kabeunangan deui. Kangjeng Raja Galih Pakuan imut ngagelenyu ningali hayam aduanana nu sakitu ageungna, ngalawan hayam turundul, eukeur mah leutik kawas kurang parab deuih, Tapi waktu Kangjeng Raja imut kitu, teu kanyahoan kecok hayam kagungan raja dipacok jawérna, jebét dibintih.

Kawas lawan-lawan Si Turundul nu ti heula, teu kudu ngadua kalian dibintih, sakali gé cukup. Barang jebét golépak ngagolér. Kangjeng Raja ngarénjag reuwas teu aya papadana, Patih Purawesi jeung Puragading tadina rék ngarontok budak buncir, ngan énggal dihuit ku raja. “Héy Patih! Teu meunang kitu! Geus puguh hayam urang nu éléh, rék naon deui! Kaula moal jalir jangji rék masrahkeun karajaan satengahna. Geus adat nu sok ngadu ngan meunang jeung éléh. Malah loba nu béak kakayaanana ku ngadu!”

Barang ngadangu kasauran raja kitu, patih cicing teu ngomong sakemék Harita kénéh karajaan Galih Pa¬kuan beulah kulon dipasrahkeun ka budak buncir. Beulah wétan mah geus dicepeng ku putrana Hariang Banga. Dina hiji kasempetan kauninga ku raja yén budak buncir téh taya lian ti Ciung Wanara putrana ku anjeun, nu dirorok ti oorok ku Aki jeung Nini Balangantrang. Ku sabab kitu saur raja ka Ciung Wanara, “Sukur hidep geus jadi budak prihatin. Jeung hidep boga karajaan lain warisan, tapi hasil usaha sorangan. Muga-muga waé bisa ngajalankeun pamaréntahan, ari Ama mah ti wangkid ieu rék ngabagawan.”

Sumber: Diropéa tina buku ”Jaka Gurumaya Ngaburak-barik Siluman” karya Tasdik 1996