Pepeling, Kata Mutiara Sunda

Kata Kata Cinta Bahasa Sunda Bikin Galau Dan Ketawa!

×

Kata Kata Cinta Bahasa Sunda Bikin Galau Dan Ketawa!

Sebarkan artikel ini

Basasunda.com – Kata kata tentang cinta bahasa sunda ini merupakan kumpulan kata cinta yang sudah saya koleksi sebelumnya. Kata-kata ini sebagai ungkapan sebagai perwakilan dari perasaan hati seseorang terhadap orang yang dicintainya.

Pada artikel ini saya akan share kumpulan kata kata cinta bahasa sunda yang cukup lengkap dan banyak karena memang sudah diupdate beberapa waktu yang lalu, jadi kata-kata cinta ini berisi tentang masalah percintaan dari mulai yang galau hingga yang lucu sekalipun.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Kata kata bahasa sunda tersebut sengaja saya gabungkan dibeberapa bagian untuk sekedar pelipur lara di saat putus cinta melanda, yaitu dengan kata kata lucunya.

Baca juga:

Dan memang kata cinta seperti ini sering kali kita jumpai bentuknya dalam bahasa indonesia, nah oleh sebab itu saya hadirkan kata kata tentang cinta versi bahasa sunda, yang tentu saja tidak akan kalah bagusnya!

Kata Kata Cinta Bahasa Sunda

Kata-Kata Tentang Cinta Versi Bahasa Sunda
Kumpulan kata kata cinta bahasa sunda

Intro: Cinta memang merupakan anugrah yang diberikan oleh tuhan kepada kita untuk saling melengkapi antara dua insan yang berbeda untuk saling mencintai, memberi, mengasihi, dan memiliki. Yuk, langsung saja mari kita mulai kata-katanya dibawah ini.

Kata Kata Percintaan

Salila masih aya keneh haneut na suasana, rasa kasepian moal deui karasa. Salila aya keneh seuri anu marahmay, kabagjaan pasti terus ka rasa. Salila aya keneh kabeneran, arah hirup pasti terus kajaga.

Maafkeun sakabeh katerbatasan kuring, nu nyieun kuring teu pernah bisa ngarasa sampurna di hareupen anjeun. Hampurakeun kuring, mun kadang ngalakukeun salah jeung kadang ngarasa angkuh di harepeun anjen. Ayena, kuring ngan bisa ngahareupkeun anjeun bisa ngahampurakeun kuring.

Tulusna cinta anu sajati, teu kedah anjeu pilarian. Namun kedah anjeun resapi, jeung dipahaman. Karna lain ngan saukur kageulisan samata hungkul anu diperlukeun, tapi justru kaanggunan nu bakal ka tercermin nu aya dina jero hate

Ceuk batur mah cinta teh bisa nyieun mabok kapayang, beurang peuting rupana terus kabayang bayang, hate nu bungah terus bakal datang. Ku kitu, tapi namun misalkeun cinta eta teu ka bales, sakabehna bakal jadi burem. Sapertos pungguk anu ngarindukeun bulan

Loba anu ngomong mah cinta teh buta, teu bisa ditingali jeung teu bisa di terka. Justru ku kitu urang teu kudu tingali jeung terka, margi anjeun moal bisa ngaduga, yen rek iraha cinta bade nyieun anjeun bungah

Lembayung senja anu turun dibaturan ku rasa sepi, nuntun kuring ngalangkah ka arah anu teu pasti. Basa wengi datang nyanghareupan, pikiran kuring oge teu pernah eureun ngalayang, teras ngumbara nembus batas. Dina wengi anu beuki pekat, sinar cinta kuring oge ieu karasa beuki kelam

Hatur nuhun pangeran abdi anu tos masihan perasaan cinta nu keur abdi rasa keun ayena. Manggihkeun hiji perbedaan dina hiji tujuan. Nyatukeun hate dina hiji kapastian. Ngahapus kahampaan hate dina kasorangan. Nguatkeun lengkah sabot teu aya deui tujuan, sarta masihan abdi makna tina runtuyan carita kahirupan

Salila masih aya keneh haneut na suasana, rasa kasepian moal deui karasa. Salila aya keneh seuri anu marahmay, kabagjaan pasti terus ka rasa. Salila aya keneh kabeneran, arah hirup pasti terus kajaga

Lamun masalah kahirupan mantak nyien cape anjeun, pohokeun rasa hariwang dina jero hate, kuatkeun lengkah mulai ti ayena, sabab dinten poe-poe lain masih aya jeung panjang keneh

Sanajan teu aya deui kembang anu sampurna, sanajan urang ngahiji dina sagala perbedaan anu aya. Seiring rarasaan anjeun anu tulus jeung satia, Abdi pastikeun ngan saukur anjeun hungkul nu bakal abdi pikanyaah di dunya ieu

Abdi mikacinta anjeun, sepertos kembang anu mikacinta sengitna, sepertos hujan nu mikacinta tetasan cai na, sepertos sasih anu  mikacinta wengi na, sepertos panon poe anu mikacinta berangna. Saupama pangeran ngijinkeun, abdi hoyong mikacinta anjeun salamina!

Apa abdi kudu nganyanyikeun rasa mikacinta kuring ieu ka anjeun, apa abdi kudu gambar rasa deudeuh ieu ka anjeun, beh anjeun bisa tingali rasa katulusan hate kuring? Apa abdi kudu tulis sadaya rasa karinduan abdi, Supados anjeun teurang Betapa abdi mikacinta anjeun pisan?!

Ngan liwat kata-kata cinta ieu abdi bade ucapkeun sakabeh rasa anu kapendam tina joro hate ieu, dina asmara anu moal leungit tina itungan mangsa. Ijinkeun abdi mikanyaah sarta mikacinta diri anjeun, dina karesepan jeung tina kasusahan

Maenya kudu hirup abdi ieu ku abdi korbankeun supaya anjeun percanten? Maenya kudu hirup ieu abdi gadekeun, supaya anjeun tak deui asa? Maenya kudu abdi piceun harga diri kuring supaya anjeun teu deui ragu? Mugi-mugi wae rasa mikacinta ieu teras tahan lila, sanajan diri ieu tos mulai ngarasa teu aya deui pangharepan

Kaasih anjeun nyaeta jajantung hate kuring, anjeun nyaeta nu nyieun semangat dina lengkah hirup kuring! Anjeun deui mangrupakeun kaendahan sarta panerang hate kuring. Percayakeun hate anjeun ka kuring! Kuring bakalan jaga sarta ngabahagia keun diri anjeun ayena sarta kanggo salamina..!

Wanci rasa mikacinta ieu nyesek dina jero dada, kabungkus ku pikanyeuri nu nyayat hate. Kuring lir ibarat kabeakeun nafas ku sabab ngarindukeun diri anjeun. Sakabeh hate abdi, abdi bakal ngalakukeun naon wae kanggo anjeun.

Kuring calik sorangan ngahuleng mikiran anjeun, dina lamunan aya kalangkang anjeun kawas ngibing aya dihareupen kuring, ngahadirkeun diri anjeun dina jero hate. Abdi teras kaingeutan anjeun nu tos lami dongkap teuing kamana, teu kawasa asana teh abdi nahan rasa ieu, nu lalaunan nyiksa diri kuring.

Cinta teurang naon anu teu urang ungkabkeun, ngarasakeun sanajan teu ku urang jelaskeun, Artos saleresna memang tiasa meser sadayana imah, gelar, kalungguhan, tapi nang hiji perkawisna anu teu tiasa dipeser ku artos nyaeta rasa cinta

Mikacinta anu tulus nyaeta ngan bisa kagaduh ku maranehan nana anu sae hatena, sabab cinta anu sajati nyaeta ngarupakeun hiji kajujuran, lain kabagjaan di balik kabohongan. Sabab urang moal pernah nyaho iraha urang bakal nyeri hate, jeung iraha urang bakal di pikanyaah

Mikacinta saleresna buta, Manehna aya dina jero hate urang, anu ngahiji kalawan jiwa. Teu tiasa ngadenge sarta henteu tiasa katingali, manehna sepertos angin anu ngan tiasa urang rasakeun datangna. Ka mana wae mikacinta ngalengkah, sajauh naon oge manehna mangkat, tangtu terang kamana manehna kedah uih

CINTA…moal datang lamun tau aya patepangan, moal cios lamun teu aya kajujuran, moal langgeng lamun teu aya kasatiaan, moal endah lamun teu aya pikanyaah.

Saban jalmi benten beda pikeun ngungkapkeun rasa cintana. Anjeun kedah ngahargaan nana, nanging lain hartina anjeun kedah resep ka sadayana.

Mimiti awal tina cinta nyaeta ngantep jalmi anu ku urang reseup jadi dirina sorangan, sarta henteu ngarobahna supardos barobah jadi kaayaan nu dipikahayang ku urang. Lamun henteu, urang ngan bakal ningali pantulan diri urang sorangan di manehna.

Hiji perkawis peryogi anu penting dina cinta, ulah bikeun ruang di hate urang pikeun hiji jalma anu teu daek cicing di jerona.

Perkawis hal anu sesah dina hirup ieu nyaeta “ningali jalmi anu ku urang resep tapi manehana malah reseupen ka batur.’

Saha wae jalmina pasti tiasa nyampeurkeun atawa ngajauh tina kahirupan urang. Nanging urang kedah nyaho, yen kenangan ti manehna bakal tahan salamina dina jero hate.

Peryogi butuh kapercayaan dina rasa cinta, kusabab cinta teh gaduh kakuatan pikeun nganyenyeri. Nanging cinta oge, moal pernah ngantep rasa nyeri eta lumangsung salamina.

Papisah emang nyieun cai panon urang kaluar, sabab kenangan alus jeung jore teu pernah kantos tiasa urang popohokeun kitu wae.

Sabot patepang ka hiji jalma anu tiasa masihan kabagjaan jiwa pikeun diri urang, pasihkeun ruang dina jero hate urang, pikeun anjeuna.

Sakapeung urang kedah nyerah, lainna ku sabab cape nyobian. Nanging, margi ahirna anjeun sadar yen aya perkawisna anu teu tiasa dipaksakeun, nyaeta rarasaan CINTA.

Seueur perkawis anu sesah dipahaman sarta kadang teu tiasa urang panggihan jawaban na. Sepertos rarasaan cinta, anu ngan urang hungkul peryogina nu PERCANTEN.

Anjeun moal pernah terang lamun anjeun bade makareseup hiji awewe, Nanging lamun waktuna eta datang, sambut anjeuna sarta ulah sawios anjeunna mios kitu wae.

Rarasaan cinta dimulai ti panon, Janten lamun anjeun cobi nutupan panon ti jalmi anu anjeun pikacinta, cinta teh tiasa barobah jadi tetesan cipanon nu teras kantun cicing di jero hate anjeun.

Sanes LAUT ngaranna lamun caina teu aya ombakna, sanes CINTA ngaranna lamun rarasaan HATE can pernah nyeri.

Abdi hoyong mikacinta anjeun pikeun cara anu sederhana, nyaeta kalawan kecap anu teu sempet diucapkeun kayu ka seune, anu ngajadikeunna lebu. Isyarat anu teu sempet ditepikeun awan ka hujan, anu ngajadikeunna teu aya.

Bogaan ” HATE ” anu teu kantos mikangewa, ngabohongan, nganyenyeri, sarta bales dendam, ” SEURI ” anu teu kantos pudar, jeung hiji ” CINTA ” anu teu kantos lekasan.


Kata Cinta Pelipur Lara dan Lucu

Kumpulan Kata Kata Cinta Pelipur Lara Lucu Bahasa Sunda

Langsung saja, pada bagian yang kedua ini ini merupakan ungkapan kata kata perasaan cinta yang lucu untuk sekedar pelipur lara. Karena kata cinta juga tidak harus selamanya harus romantis, benar tidak?!

Nah, kembali kita lanjutkan kumpulan dari kata kata cinta bahasa sunda namun lucu dan gokil, yang mudah-mudahan bisa bikin kamu ketawa dan juga terhibur serta melupakan sekejap dengan masalah percintaan yang kamu alami.

Kata Cinta Lucu

Cinta kuring ka anjeun sapertos sumber daya alam, bakalan terus aya sarta terus diperbaharui.

Rasa cinta anjeun jiga kolek cau, euy! Kahijina weh amis, lila-lila mah jadi kesed.

Basa abdi keur solat, abdi kaingetan diri anjeun anu deudeuh. Rasana, hate ieu hoyong pisan nyolatan anjeun. Ahihihii!

Kusabab hubungan urang tos lami, abdi gaduh rencana | rencana pernikahannya kang? | sanes neng, nanging rencana megatkeun eneng! |

Motor butuh bensin, kembang butuh cai, lamun akang butuh naon hayo neng?? | pasti butuh eneng nya kang?! | yee, orang akang butuh artos neng. |

Nyai teh pecinta binatang lain? Atos teurang manehna buaya, masih keneh ku nyai pertahankeun.

Lamun bobogohan eta kedah sepertos palajaran kimia. Sanes teori hungkul, nanging kudu aya praktekna oge.

Kata Cinta Gokil

Lanjut ke part ke-3, dalam tulisan ini kamu akan menemukan lebih banyak lagi kata kata dalam bahasa sunda yang lebih lucu lagi, bisa juga sih kalau mau dikirimkan untuk kekasih atau pasangan tercinta kamu misalnya. Berikut kata kata seputar percintaan dalam bahasa sundanya.

Diteangan!!! Lem anu tiasa menyambungkeun rasa cinta anu PATURANCENG, sarta ngarapetkeun deui hate anu PARAROTONG.

Aya beja mah, lamun jalmi teh teu tiasa hirup lamun teu aya cinta. Padahalmah pan urang teh, teu tiasa hirup lamun teu aya oksigen, enya kan?

Lulus UN tingkat SMP!!! Saurang jomblo nekat ngarayakeun kalulusan-na pikeun nyurat-nyoret beungeutna sorangan.

Hukuman gantung wae tos digantian ku hukuman tembak. Naha akang nga-gantung keneh eneng? Tembak atuh wa!

Saprak ninggali anjeun, kuring teh jadi hese mopohokeun nana. Kusabab onggal wengi anjeun gentayangan dina impen-impen kuring, sarta midamel kuring jadi gundah. Akhirna kuring sadar, yen anjeun teh.. SETAN.. Dasar setan.. Setan..!

Hape ayeuna mah cararanggih euy! Tiasa teurang lokasi posisi mantan kabogoh dimana. Nanging, deudeuh teu tiasa ngahapus kenangan ti mantan. (Aih, Sedap!)

Lamun aya jalmi anu nyebutkeun maneh jore, mangka ulah putus pangharepan. Margi teu acan tangtu, jalmi etateh nyarios bohong.

Gara-gara caina leutik, ruksak niat ngusep ditelaga. Gara gara si eneng nu cantik, abdi hilap teu make calana.

Eta mantan apa harta karun? Naha kenangan timanehna masih aya keneh. Ka kubur dihate anu paling jero.” (Aih, sedap)

Akang jeung eneng, sapertos sendal jepit. Sapasang, tapi teu pernah mapah sajajar, pasti lalawanan arah bae.

Bobogohan siga tukang parkir. Henteu salamina kedah nyarios: “Terus… Terus…! ” Tangtos oge, aya wancina nyarios: “Yah, stop!”

Maneh moal bisa ngabohongan hate maneh sorangan. Nanging, maneh pasti bisa ngabohongan hate kabogoh maneh sorangan.

Nah, mungkin itu saja artikel mengenai kumpulan kata kata cinta bahasa sundanya. Saya rasa cukup lengkap dan banyak juga ya? Hingga terasa tangan ini pegal mengetikannya.

Semoga kamu cukup terhibur dengan kata kata diatas, yah minimal numayan lah untuk sekedar penghilang rasa unek-unek kepada kekasih mah. Hihiii! Demikian, semoga bermanfaat kata kata percintaan diatas. Enjoy it!