Ngiring Lomba 17 agustusan

(Abdi Ngiring Lomba 17 agustusan)

 

Basa taun keur kamari, abdi ngiring ngarayakeun poe tujuh belas agustusan nu aya dilembur, sareng rerencangan abdi. Isuk-isuk keneh abdi atos hudang, sanggeus solat subuh abdi teras ibak, saking hayangna pisan miluan lomba 17 agustusan teh.

 

Teu karasa atos tabuh jam 8 isuk, abdi langsung indit kalapangan, nu aya ditukangeun imah. Nah, margi geuningan atos seeur jalmi pisan didinya teh. Rerencangan abdi oge atos araraya.

 

Didinya, abdi ngiring nyiapkeun tempat sarta pakakas-pakakas kanggo lomba, teu hilap oge abdi ngadaptarkeun diri abdi heula minangka jadi peserta lomba.

 

Teu karasa lomba tos dimulai. Tetela aya lomba anu sahenteuna abdi pikareseup. Wanci lomba kahiji dimulai, abdi disauran ku panitia. Lomba kahiji abdi yaktos ngaemam kerupuk, margi tadi abdi neda sangaja kirang wareg, jadi abdi neda kerupuiknya enggal cepet pisan, ku kituna abdi ngiring ka final, sarta ahirna abdi meunangkeun jawara kahiji.

 

Nanging, pas lomba ka duana abdi teu bisa, naha.. Kitu? margi lantaran abdi henteu teurang lamun eta teh lomba mindahkeun belut, nu aya dina jero baskom ka jero botol.

 

Abdi dugi hayang ceurik margi embung ngiring jadi peserta lomba eta teh, eta margi didinya abdi mani isin pisan, janten abdi teras nyumput di tihang bendera.

 

Abdi disauran ku panitia, wanci lomba dimulai abdi nekat weh tapina mah miluan. Nanging angger ngiringan lomba ge bari rada-rada was-was ku lantaran sieun tea geningan ku belut teh ey.

 

Didinya, otomatis sanaos abdi henteu jadi jawara, eta rerencangan mani reseup pisan ngolok-ngolok abdi teh, ku lantaran abdi sieun ka belut. Sanajan abdi henteu jadi juara dilomba ngasupkeun belut na botol, nanging abdi angger reseup pisan.

 

Sakitu..  wae carita pangalaman pribadi anu berkesan ti abdi, hatur nuhun sadayana atos daek ngadangukeun carita abdi.