Ringkesan Carita:

Kacaturkeun karajaan Talaga nu dipingpin ku hiji taja nu nelah Raja Talaga Manggung. Raja Talaga Manggung boga anak dua nyaeta nu cikal ngaranna Raden Panglurah jeung nu bungsu ngaranna Simbar Kancana. Simbar Kancana geus boga salaki, ngaranna Palembang Gunung.

Dina hiji waktu Raden Panglurah dititah tapa ka gunung Bitung ku ramana. Tujuanana pikeun ngeberesihkeun diri. Raja hayang Raden Panglurah bisa jadi raja nu bisa mingpin karajaan Talaga kalayan bener Kahayang ramana dicumponan ku Raden Panglurah Raden Panglurah tuluy indit tatapa di gunung Bitung salila tujuh taun tujuh bulan tujuh poe tujuh peuting.

Sanggeus Raden Panglurah indit tapa di gunung Bitung, Palembang Gunung salaku minantu Raja Talaga Manggung ngarasa hayang jadi raja Talaga, Palembang Gunung apaleun yen Centang Barang salaku juru simpen keraton nyaho apesa Raja Talaga Manggung Palembang Gunung ngahaja ngadeukeutan Centang Barang sangkan bisa nurut jeung daek mantuan ka Palembang Gunung.

Centang Barang diolo rék diberi pangkat patih di karajaan Talaga tapi saratna karajaan Talaga kudu dipingpin ku Palembang Gunung. Centang Barang kapanggaruhan ku Palembang Gunung, tuluy maéhan Raja Talaga Manggung Talaga Manggung dipaéhan maké cis nu ditubleskeun kana dadana Sanggeus maot luluy Raja Talaga Manggug ngaleungit. Tempat leungitna Raja Talaga Manggung jadi situ anu nelah situ Sanghiang.

Nempo éta kajadian, Centang Barang ngarasa hanjakal lantaran geus maehan Raja Talaga Manggug nu nyaah pisan ka Centang Barang. Centang Barang mahala dirina nepi ka maot. Leungitna raja jeung Centang Barang ngabalukarkeun sedihna Simbar Kancana jeung bungahna Palembang Gunung Sanggeus kahayang Palembang Gunung tinekanan, Palembang Gunung ngarasa can sugema kénéh lantaran Raden Panglurah masih keneh hirup lantaran masih tapa di gunung Bitung, Antukna Palembang Gunung nitah ponggawana pikeun mainan Raden Panglurah.

Saacan dipaéhan ku ponggawana, Raden Panglurah nyampak geus euweuh di pangtapaan. Ngadéngé éta
warta. Palembang Gunung bungaheun pisan. Palembang Gunung tuluy ngayakeun pésta lantaran ngarasa bungah raja Talaga jeung Raden Panglurah geus tiwas. Tapi alesan Palembang Gunung ka Simbar Kancana diayakeunna pésta nya eta pikeun ngabeberah manah rahayat Talaga sangkan teu sedih teuing sanggeus ditinggalkeun ku raja.

Nalika Palembang Gunung keur ngayakeun pesta, aya jalma nu nyaritakeun sipat goréng Palembang Gunung ka Simbar Kancana, Ti dinya Simbar Kancana ngarasa ambek ka Palembang Gunung lantaran geus maehan ramana. Antukna Simba Simbar Kancana boga kahayang pikeun males pati ramana ku cara maehan Palembang Gunung Simbar Kancana tuluy maéhan Palembang Gunung ku cara nanclebkeun patrem kana angenna.

Saacan Palembang Gunung maot. Palembang Gunung ménta hampura ka Simbar Kancana. Lantaran Simbar Kancana teu méré hampura ka Palembang Gunung antukna Palembang Gunung kaburu mere sumpah yen lamun Simbar Kencana teu ngahampura tangtu bakal meunang kasangsaraan. Sanggeus Palembang Gunung maot Simbar Kancana ngarasa hanjakal.

Kacaritakeun Raden Panglurah geus berés tina tapa. Raden Panglurah acan tiwas lantaran ku pangeran saangkan teu katempo ku jalma nu rek maehan. Raden Panglurah kaluar ti gunung Bitung tuluy papanggih jeung Simbar Kancana. Simbar Kancana tuluy nyaritakeun sakebeh kajadian nu kaalaman nalika ditinggalkeun ku Raden Panglurah. Raden Penglurah sedih pisan lantaran ditinggal maot ku ramana jeung boga rasa ambek ka Palembang
Gurung lantaran geus maehan ramana.

Dina hiji waktu, Raden Penglurah moro ka leuweung. Raden Panglurah nempo aya manjangan nu lumpat tuluy diboro. Horéng éta manjangan lumpatna ka situ Sanghiang sarta tuluy éta manjangan ngaleungit. Némpo éta kajadian, Raden Panglurah hayang panggih jeung ramana lantaran Raden Penglurah yakin yén situ Sanghiang mangrupa jirim tina ramana, nya éta Raja Talaga Manggung. Raden Panglurah jeung opat puluh ponggawana tuluy teuleum ka situ Sanghiang.

Tapi aya saurang prajurit anu teu milu teuleum lantaran hayang méré nyaho éta kajadian ka Simbar Kancana. Simbar Kancana sedih pisan nalika apal yén lanceukna geus ninggalkeun Simbar kancana. Singget carita Simbar Kancana geus jadi ratu. Sanggeus Simber Kancana jadi ratu tetep aya gogodana, nyaéta Simbar Kancana katerap ku kasakit borok lantaran sumpah Palembang Gunung. Pikeun ngaleungitkeun kasakitna, Simbar Kancana nyayakeun sayembara, yén saha waé nu bisa ngaleungitkeun kasakitna mangka baris dibéré hadiah.

Hadiahna nyaéta lamun lalaki dijadikeun salaki atawa dulur, jeung lamun awéwé bakal dijadikeun sesepuh atawa dulur. Hasil tina sayembara aya Ajar Kutamangu nu bisa ngaleungitkeun panyakit Simbar Kancana. Antukna Simbar Kancana nikah jeung Ajar Kutamangu. Sanggeus nikah, nu jadi raja Talaga tetep Simbar Kancana.

Sinom:

[asap_note color_bg=”#ffffc1″ color_text=”#181818″ position=”left”]Saméméh manjangkeun carita, dikait dijieun dangding medar simpalan sajarah, rok mungun tali paranti, paranti anu gaib, gaib Sunda ti karuhun. panganjen talakrama, tilawat ka nu geus gaib, enya éta amir reujeungna pertobat. Amitan ka nu geus angkat, angkat nilar alam lahir, lumetang di amalam padang, pod panjang tanpa peuting, nek ngawancah ngawincik nyaurkeun nuturkeun galur, galur nu kacarita, anu kasebat kasambit, disuhunkeun kalunturan kalengsaran.

Anu kasebat jenengan anu kasabit wawangi, nu kakocap nagarana, kawincik geusanna calik, mugia rido galih neda gunging cukup lumur, timbang taraju Jembat, sanes nganggit nitih aji, roh babaran sanés lingkaring komara. Tobat mun séja nyasama, paralun mun mapandı, ngaguyah anu keur lenggah ngusikngusik anu keur calik, linggih di alam gaib, lumungguh di Pitu Agung tohat teu pisan pisan sakadar manggung kaeling, gung paralun néda panjangpangampura.

Kacaturkeun hiji nagara, katélah nagara Talaga, ngarana nepi  ka kiwari, nagri ngabanding pasir, ayana tutugan gunung, suku Gunung Ciremay, gunung Gede ngajungkiring kamasyhurkeun nagri harja gemah ripah. Teu kakocap peperangan, téu kawarti pupuh junti, ayem tentram pangeusina. taya ka siri karung ing pada talibra pikit, lulungna nu mangku perbu, jembar nu ngasta praja, salawasna répéh rapih jeung tatangga nagara taya cangcala.

Manca nagara saréab, téu warani nyisi kudi, batan ngalalangkianan, peta bedegong kumaki, anggur nyolondo ajrih, nyobat rajana misepuh, ku hal éta mérenah, nagara teh tis hening, da téu nyorang pasendatan pacengkadan. Ari dina mangsa eta, anu jumeneng Narpati, nigasta nagara Talaga, Talaga Manggung kakasih, éstu ratu panilih, luhung pinuh ku panemu, beunghar ku pangawasa, Narpati sugih  pengeusi, luhung agung kocoran terah tumerah.

Elmu panegusi salira, babaraning ngaping nagri, pertata ngolah nagara, taya kuciwa saeutik ageman pranarpati, nu matak mulus rahayu, pikeun nagri sakumna, kitu deui eimu diri, pingeusaneun nyangga mamala dursila. Pamondah pangraksa raga, panjaring pangjagi jisim, pon kitu kalelemesan, pantes dipawedi asih, ku rayat éusi nagri, katut tatangga paratu, hibama pangawasa. nyangkring weweses panilih, estu ratu pilih tanding sasamana.[/asap_note]

Sumber:

(Dicutat tina Winuacan Simbar Kanatna karya K. Tisnasujana (Depdikbud, 1983)