BIOGRAFI BAHASA SUNDA CUT NYAK DIEN

BIOGRAFI BAHASA SUNDA
NAMA TOKOH: CUT NYAK DIEN
image source @wikipedia

Cut Nyak Dhien dilahirkeun ti kaluarga bangsawan nu taat kana agama di Lamdinang, wilayah VI Mukim dina tahun 1848. Ramana nu namina Teuku Nanta Setia, mangrupi uleebalang VI Mukim, tur katurunan Machmoed Sati, nu ngumbara ti Sumatera Barat.

Machmoed Sati kamungkinan dongkap ka Aceh dina abad ke 18 waktos kesultanan Aceh diparentah ku Sultan Jamalul Badrul Munir. kumargi eta, Ramana Cut Nyak Dhien ngagaduhan darah ti Minangkabau. Ibu Cut Nyak Dhien nyaeta putri uleebalang Lampagar.

Waktos alitna, Cut Nyak Dhien mangrupi gadis nu kakoncara kageulisanna. Anjeunna kenging atikan dina widang agama (nu dididik ku sepuhna atanapi guru agama) sareng lingkungan kulawargana ngagaduhan kabiasaan ngatik budak gadis pikeun: masak, ngalayanan caroge, tur taat kana atikan).

Seueur pameget nu kapincut ku Cut Nyak Dhien sareng pada ngalamar. Dina yuswa 12 tahun, anjeunna tos dinikahkeun ku sepuhna, nyaeta taun 1862 sareng Teuku Cek Ibrahim Lamnga, putra ti uleebalang Lamnga XIII. Aranjeunna ngaggaduhan hiji-hijina putera pameget.


Teuku Umar, salah sahiji tokoh anu ngalawan Belanda, ngalamar Cut Nyak Dhien. Kawitna Cut Nyak Dhien nolak, tapi kumargi Teuku Umar ngawidian pikeun ulubiung di medan perang, Cut Nyak Dhien satuju pikeun rimbitan sareng anjeunna dina tahun 1880 nu nyababkeun ngahudangkeun moral pasukan perlawanan Aceh. Aranjeunna dipaparin budak isteri nu dipasihan nami Cut Gambang.

Saatos rimbitan sareng Teuku Umar, anjeunna sareng Teuku Umar tempur ngalawan Belanda. Mung, Teuku Umar gugur waktos nyerang Meulaboh dina tanggal 11 Februari 1899, nu nyababkeun anjeunna berjuang nyalira di pedalaman Meulaboh sareng pasukan alit.

Cut Nyak Dien waktos eta tos sepuh tur ngaggaduhan panyakit encok sareng rabun, numawi pasukanna nu namina Pang Laot ngalaporkeun kaayaan anjeunna, alatan ngaraos iba. anjeunna akhirna ditangkep tur dicandak ka Banda Aceh. Ti dinya, anjeunna dirawat sareng panyawatna mulai damang.

Kaayaan anjeunna ngahudangkeun sumanget perlawanan rakyat Aceh tur kalayan bubunian masih hubungan sareng pejuang Aceh nu teu acan katangkep, alatan hal eta, anjeunna dialihkeun ka Sumedang. Tjoet Nyak Dhien pupus dina tanggal 6 November 1908 kalayan dimakamkeun di Gunung Puyuh, Sumedang.

Thanks_
sumber referensi: google.com