Artikel Keséhatan Lain Saukur Pilihan tapi Kabutuhan Urang Sadayana

COVID-19 atawa singkatan ti Corona Virus Disease, nya éta virus nu asalna ti Wuhan China, virus corona téh kiwari keur ibur lantaran geus sumebar ka panjuru dunia. Virus Corona teh virus nu ngaganggu kana sistem pernapasan.

Virus Corona gampang pisan sumebarna ti jalma hiji ka jalma lain, lantaran cara nyebarna ngaliwatan kontak awak, cipratan batuk atawa bersin. Kulantaran ti éta, urang kudu leuwih waspada jeung lewih pinter ngajauhkeun diri tina virus corona.

WHO (World Health Organization) geus ngaluarkeun wawaran yén Virus Corona téh ayeuna geus jadi wabah atawa pandemi. Nah, kumatak éta urang téh kudu bisa ngajaga diri supaya teu katularan éta virus.

Loba pisan cara nu bisa urang lakukeun pikeun ngjauhan inféksi virus corona ieu diantrana nyaéta ngajaga daya tahan awak urang, sering-sering ngumbah lengeun maké sabun, olah raga minimal saminggu tilu kali, ngajaga kabersihan, nginum vitamin, jsb.

Salain ti éta urang kudu sabisa mungkin ngajaga jarak ti jalma lain, pan urang téh teu nyaho yén jalma éta téh katularan virus atawa heunteuna. Nah, hayu atuh urang rék ngadagoan naon deui? Geura lakukeun anjuran ti pamaréntah urang, da kaséhatan téh lain pilihan tapi kabutuhan urang sadayana.