Wargi cipatujah tasikmalaya ngungsi pikeun ngahindaran ancaman bahaya tsunami

Wargi anu cicing di basisir pantai Kacamatan Cipatujah, Kabupaten Tasikmalaya, Jawa barat, ngungsi ka dataran palih luhur pikeun ngahindaran ancaman bahaya tsunami anu diperkirakeun tiasa ngalanda laut selatan Tasikmalaya dina dinten Juma’ah wengi.

Kapala Desa Padawaras, Kacamatan Cipatujah, Tasikmalaya, Yayan Siswandi nyatakeun yen wargi anu aya di wewengkon basisir pantai atos ngungsi ka dataran anu rada langkung luhur.

“Wargi di sapanjang basisir pantai atos diarahkeun ka dataran anu langkung palih luhur,” saur anjeuna

Anjeuna nuturkeun, sanggeus lumangsungna bencana alam lini anu ageungna nepi ka 7,3 skala Richter di barat daya Tasikamalya, kaayaan sapanjang pantai Tasikmalaya poek kusabab mati lampu.

Patugas anu datang atos ngahimbau ka balarea wargi, kanggo ulah waka ngadeukeutan kabasisir pantai. ” Sadaya wargi dititah ngajauhan heula ti sisi pantai,” saur Yayan.

Anjeuna nyatakeun, samentara wargi ngungsi hela samentara di Kantor Kacamatan Cipatujah, kantor desa, sarta wangunan kabuka liana sepertos sakola anu lokasina aya dina dataran palih luhur.

Tina laporan samemehna, saur anjeunna, teu aya laporan korban jiwa dina bencana alam lini ieu, ngan saukur laporan karuksakan anu tacan tiasa dipikanyaho sacara rinci. “Karuksakan tacan tiasa dilaporkeun sacara rinci,” saur Yayan.

Lini cekap kuat dirasakeun ti sajumlah wilayah sepertos Jabar, Jateng, DIY, sarta Jakarta dina dinten Juma’ah wengi. Informasi BMKG, lini anu agengna 6,9 Skala Richter, lumangsung tabuh 23.47 WIB anu berpusat di 43 km barat daya Kabupaten Tasikmalaya, Jabar.