Kumpulan Sajak sunda

11. Dibere Hirup, Teu dibere Paeh
Duh aduh Gusti, 
Pangeran abdi 
Bet naha, 
Kuring teu bisa paeh? 
Padahal sadaya 
Nu kagungan napsi 
Bakal maraot  
Na pedah abdi teu boga jiwa? 
Na pedah abdi teu boga rasa? 
Sumuhun abdi teh teu aya 
Teu aya nu ngarencangan 
Komo dugi mangsa abadi 
  
12. Hyang Manon  
Sadaya puji disanggakeun 
Ka Pangeran saeusi alam 
Neda widi, 
Hoyong cumarita  
Allahna nu Maha Uninga 

Hyang Manon nu mo kasilih 
Ratu ti sagala Ratu 
Nu ningali sadayana  
Nu kagungan sadaya rasiah 

Nu teu disanggemkeun 
Ku langit bumi 
Dugi ka bumi paling ageung 
Teu aya sesa panyesa  
13. Bentang Timur
Endah bodas tur mentrang 
Di langit ka subuhkeun 

Endah, 
Saendah-endahna bentang 
Leuwih endah ti bentang ageung 

Leuwih endah ti bentang Anteh  
Ukur leutik satitik di langit wetan 

Matak enak nu ningali 
Kaendahan mah lain sual ukuran 
Tapi jadi diri nu sajati 
  
14. Panceg 
Panceg maju 
Pantrang mundur 
Moal ngabalieur 
Keukeuh 

Naon wae nu aya hareupeun 
Ku kami dihareupan 
Demi Hyang Rahman 
Nu Maha welas asih 
  
15. Dewi Sarangenge
Hiji mangsa 
Kami Hyang Rahman 
Kagungan putra, 
Caang mencrang 

Ti anjeunna lungsur mangpaat  
Di alam tata surya 
Ngaping tilu belas putra 
Pertiwi salah sahijina 

Putra katilu nu dipikaasih 
Leuwih-leuwih ti nu bodas 
Leuwih-leuwih ti nu beureum 
Oh, 
Dewi Sarangenge 
  
16. Cahya Puji 
Hayu suang maos 
Hayu urang maos 
Maos asbabun nujulna 
Alam langit katut bumi  
Anjeun nu mulya 

Ti saacan ngawujud jalmi 
Anjeun nu mulya 
Dunga keur anjeun 

Sami dungana keur arurang  
Anjeun nu moal poho 
Nu nyaah ka arurang 
Malah kami oge teu acan araya 
17. Indung
  
Indung Dunya 
Leres, 
Gusti Suci 
Ratu sadaya ratu  
Nu kagungan kakuatan 
Nganggo hiji jat 

Pibakaleun sadaya panincakan  
Tina panas dugi ka tiisna 
Tina nu maceuh 
Dugi ka someahna 
Supaya jadi panincakan 
Sadaya kaom 
  
18. Agni  
Ulah baong 
Ulah osok bedegong 
Jadi asal sadaya banda  
Ulah sok ujug 
Ulah sok adigung 

Hirup tina maehan 
Turunan sorangan  
Ulah sok caliweura 
Hayang wae ka surga 

Tiheula 
Da puguh 
Mega mah moal 
Bisa dijugjug  
19. Panceg Ati
Panceg Peugeuh Kahayang Ati 
Saleutik-leutikna 
Moal sieun-sieun acan 
Bisa nyeureud nu gede 
Saleutik-leutikna 

Bisa mere raheut  
Masing leutik oge 
Moal ingkah tina kahayang 
Ti mimiti lahir 

Paratkeun dunya surgawi  
Leutik-leutik oge 
Bisa maehan 
Demi cumpon kahayang 
  
20. Maturan Pertiwi Salawasna 
Beda banda 
Beda rasa 
Beda kahayang 
Beda cara mikir  
Ieu nu pihadeeun 

Kudu jadi baturna 
Maturan Dewi Pertiwi 
Titisan Kahyangan  

Dwi rupa nu ngaeka 
Pikeun jadi conto 
Hirup sauyunan