Ka Bumi nini sareng liburan ka laut kidul

Silahturahmi ka bumi nini nu aya di Brebes
2 Buah carpon bahasa sunda pangalaman pribadi

keur poe Rebo, tepatna keur samester hiji abdi sareng sakulawarga angkat liburan silahturahmi ka bumi nini nu aya di Brebes Jawa Tengah. Diditu Abdi kapanggih nini jeung dulur-dulur nu geus lila tara kapanggihan deui.

Diditu sareng rerencangan ulin ka sawah Aki, jeung ka bukit nu aya di deket rorompokna. Sanggeus abdi silaturahmi ka bumi Aki sareng Nini, abdi jeung sakulawarga ulin ka objek wisata nyaeta Gunung Mas nu aya di Cisarua.

Diditu, abdi jeung sakaluarga angkat ka Kebon Teh nu Luas, Asri, Endah ari di tempo mah. Diditu, abdi ngendong di villa di sisina teh aya susukan leutik nu caina jernih pisan, pokonamah abdi resep pisan diditu teh.

Liburan ka laut kidul

Nami abi ujang, nami lengkepna ujang udin, sapopoe sim kuring disebut udin
besa sim kuring pere sakola sim kuring hayang liburan ka laut kidul, sareng kalurga sim kuring.

Abdi teh saatos sholat terus ngadu’a ka gusti cing di kabul keun kahoyong abi teh. Pas kaisukanana abiteh wawartos kaema “ma ujang teh hoyong liburan kalaut kidul” si ema nembal “teu boga nusarupana din si bapana nuju gering”

Teras ku udin di tembal “kumaha atuh ema” enya engke sugan aya duitna. Pas kaisukan nana aya lomba adzan hadiahna teh duit 1 juta. Kabeneran udin teh bisa adzan. Pas isukna deui udin teh ngiluan, ari pas dinilai ku juri. Udin teh ngadedeg-deg, ari pas di umumken udin teh menang.

Meni bangga pisan! Pas kaisukan nana udin teh indit ka laut kidul, barang nepi diditu udin teh resep pisan kusabab rea pisan jelemana.