Cerpen Hasil Buah Tina Kasabaran Untuk Tugas Basa Sunda

TUGAS CERPEN BAHASA SUNDA
Judul : “Hasil Buah Tina Kasabaran”

Dikarang oleh :

PUTRI AMELIA
Kelas : 9f

Tokoh Pelaku :

  • Udin
  • Ema
  • Pak ahmad
  • Babaturan si udin

Tema : Hasil Buah Tina Kasabaran

Aya hiji keluarga nu ka hirupanna saderhana pisan, namina téh si udin. Udin téh boga ka terbatasan pisik, nyaéta teh tiasa ningali, tapi manehna teu pernah ngarasa isin ku tatangga atawa babaturanna. Udin cicing ngan ukur jeung indungna, ari bapana mah tos teu aya, pupus ti udin umur 2 taun kénéh.

Si Udin sakola kelas 6, kagiatan Udin sapopoé teh ngabantuan indungna dagang kuéh cecendil, sageus balik sakola manéhna langsung mantuan indungna nguriling dagang di sakitaran kampungna.

“Din hayu urang dagangkeun cecendil ema, ayeuna urang keliling” “Nya muhun ema, hayu” si Udin jeung emana tuluy keliling ngadagangkeun dagangan. Basa udin ker ngider dijalan aya tétéh nu rék meser cecendil.

“Din… din kadieu” “Nya téh” “Tétéh badé meser cecendil 2rébun baé din” “Nya téh muhun” “Yeu téh cecendilna” “Muhun ieu artosna din, hatur nuhun nya din?” “Nya teh muhun sami sami”

Saentos aya nu meser, si Udin keliling deui “cecendil, cecendilna..” saur si Udin bari suarana bari tarik ngadagangkeun cecendilna. “Din ereun héula din urang istrahat heula, suku ema nyeuri din, “Kadieu ema, ku Udin di urutan” “ Tos teing ulah din” “Teing atuh ma, kan ema ti subuh can saré” ceuk si Udin bari ngurutan suku emana sabari ngalamun “ Tos din tos, hayu urang dagangkeun deui cecendilna” “Nya muhun, hayu ma!”

Si Udin sareng emana tuluy lempang deui, teu lila aya si ipan anu meuli nu mangrupakeun babaturan si Udin “Din aya kénéh teu cecendilna ?” “Aya keneh, arek tah bade sabaraheun pan?” “Badé dua rebueun baé din” “ Nya pan yeuh pan cecendilna” “Nya din ieu artosna haturnuhun nya din?” “ Sami-sami pan”

Saentos jualan si udin jeung emana téh langsung uih deui “Kumaha din iyeu cecendilna can se’ep?” “Tos teing ma bawa uih baé ma, ku urang di emam dari pada ka piceun nya’ah” “Nya atuh din, ku ema di emam baé” si Udin tuluy lempang jeung emana nepi ka imahna.

“Alhamdulillah akhirna nyampe ma”. “ nyadin, suku ema mah nyeri deui din.” “Udin meserkeun obat nya ma?” “tos teuing ulah din da duitna saeutik eta ge jang meuli beas” “nya atuh mah ari kitu mah ku Udin di urutan bae nya ma” “nya din ururtan keun bae suku ema” saenggeus si Udin ngurutan emana si Udin ijin ka eman rek nyiar duit jeung meli beas. “ma Udin rek nyiar dut nya ma, Udin rek mantuan naon bae” ‘Udin teu cape kitu da tadi karak uih sakola?” “teu ma Udin teu cape” “ma rek milu nya din urang babarengan ?” “ulah ma ema geh istirahat bae kan suku ema ker nyeuri ma” “teu din suku ema tos teu nyeri deui” “tos tong mah ulah ma gera istirahat bae nya ma” “nya atuh din, Udin ati-ati nyandak” “nya muhun ma, ma istirahat bae nya ma.

”si Udin lempang suku sabari si Udin mikir kumaha carana si Udin bisa menang duit, sakebel si Udin lempang aya nu ngagerokeun si udin. “din… din…. Kadieu” “nyamuhun pak” “aya naon pak?” “yeu din bapak rek nitah ka Udin nya pang rabutkeun dangder di kebon bapak, da bapak keur teu ngarenah din, Udin tulungan bapak nya” “nya pak muhun, Udin bade ka kebon heula nya pak” “muhun din cuman ati-ati din da raruyuk” ‘nya muhun”

Si Udin lempang ka kebon, sasampe si Udin di kkebon si Udin ngarabut dangder sanenggeus si Udin ngarabut dangder ku si Udin di bawa ka imah pak somad ngarana, sasampena si Udin mikeun dangderna nu karungan eta ka pak somad “yeuh pak dangderna tapi ngan mennang sakarung doang pak?” “tos teuing di teu kunanaon sakarung geh cukup, din… din kadieu heula?” “aya naon pak?” “yeuh artos jang jajan sakola udin” “tur nuhun nya pak” “sami-sami din”

si Udin langsung lempang rek uih ka imahna, sasampena Udin di imahna “ tos uih din?” “tos ma” “gera mandi heula din” “ nya muhun” “si Udin langsung ka kamar mandi, tos si Udin mandi si Udin sholat maghrib saenggeus si Udin shlat maghrib si Udin berdoa ‘ya allah hampurakeun dosa-dosa, dosa bapak sareng dulur-dulur udin, ya allah bere ema ka sehatan lahir batin.

Ya allah Udin teh hayang pisan neruskeun sakola Udin k smp, tapi Udin karunya ka ema nu tos sakit-sakitan wae bari jeung ema ge teu boga duit jang nga biayaan Udin teh yaallah.

Saengges si Udin solat magrib si Udin langsung belajar, si Udin teh giat pisan belajarna maneh nateh sok menang rengking bae di kelas na ti kelas I sd. Si Udin ge pernah juara olimpiade matematika manehna juara 2 olimpiade matematika. “din ker naon ?” “ Udin ker belajar mah, ma pan kaluar ti kamar ema emang tos mendingan ma sukuna?” “teu nanaon din ema tos mendingan” “beneran ema tos mendingan?” “ beneran din” nya atos atuh ma” “ari Udin atos emam can din ?” “tecan ema, ari ema tos emam can?” “ema mah tos emam din, Udin gera emam kaditu !” “ muhun ma”

“si Udin ngalanjutkeun belajarna” “dug dug dug dug” bedug isya bunyi si Udin gera-gera ka cai ngambil wudu laju solat.”din solat” “muhun ma ieu arek” “urang solat berjama’ah bae din!” “nya muhun ma” Si Udin jeung ema nateh solat isya berjamaah sangges solat isya si Udin neruskeun belajarna deui, ari ema na si Udin mah ker sare gara-gara kacapean ker kamari dagang cecendil “din tos din tos petingna gera sare!” suara ema ka denge ka kamarna si Udin “nya muhun ma,Udin rek sare”si Udin langsung sare

“Kuk kuruyuk……kuk kuruyukkkk” kadenge suara kotak, si Udin langsung hudang ti tempat sarena, si Udin langsung mandi,saengges si Udin mandi, langsung make baju seragam. “din sarapan hela!” “nya ma ngke Udin keur make baju” si Udin kaluar ti kamar, “sarapan hela din tapina ema teu masak nanaon din, ieu aya sesa mantang ker kamari urut nyieun cecendil teu nanaon nya din” “nya ma teu nanaon” “di emam nya din, jang ganjek beteng bae pang ulah asup angin” “nya ma ku Udin di emam” sa engges si Udin sarapan, si Udin langsung pamitan ka emana “ma Udin berangkat ka sakola hela nya ma” “muhun din belajar nu bener nya ma!” “muhun ma assalamu’alaikum”

“waalaikumsalam” Si Udin langsung berangkat ka sakola, si Udin akhirna nyampe kasakola “teng tengg tengggg” bel berbunyi sakabeh murid-murid asup ka kelas na masing-masing, si Udin ge asup ka kelasna “assalamualaiakum anak-anak” “waalaikumsalam pak” kadenge suara sa urang guru name nateh pak ahmad tujuan pak ahmad asup ka kelas teh rek mere kabar bahagia “barudak sakedeng deui sakola urang bakal ngadakeun lomba nyaeta olimpiade matematika, nu di ikut serta keun teh ti sakola urang nyaeta udin.”

Si Udin di tunjuk ku pak ahmad ngilu loma olimpiade matematika “ Udin siap teu?” “insyaallah pak Udin teh siap” “ Alhamdulillah din” si Udin siap ngalaksankeun lomba matematika olimpiade “pak punten, ari loma nateh iraha pak” “ nya din inyallah senen harep di laksankeun na” “nya muhun pak hatur nuhun pak Udin tos ka pilih lomba deui” “muhun sami-sami din,ieu lain bapak anu milih tapi bapak kepala sekolah nu milih udin” “oh nya muhun pak” “ teng….tengg…tengggg” bel istirahat berbunyi si Udin jeung babaturan kaluar ti kelas babaturan si Udin ngajakan si Udin jajan “din jajan hayu?” “teu ah ki. Udin keur latihan so’al so’al jang lomba alimpiade gera ti hela bae nya” “ oh nya atos atuh, nya atuh kami ti hela nya din?” “ muhun”

Si Udin ngalanjutkeun so’al so’al matematikana “tenggggg…tenggg…tenggg” bel asup bunyi deui, kabeh murid-murid asup ka kelas na masing masing. Saenggeus sakabeh murid asup ka kelasna masing-masing, sakabeh murid-murid ngalanjutkeun belajarna. “teng,,,,, teng,,,, teng,,,” tiba-tiba bel pulang bunyi, sakabeh murid pada araruih ka imah na masing-masing “din… din… engkin heula !” kadenge suara saurang guru nu ngagerokeun si Udin “nya pak, aya naon pak?” “ieu din bapak rek mere soal-soal latihan jeung olimpiade matematika senen harep” “oh nya pa muhun” “latihan terus nya din di imah!” “muhun pak” saenggeus eta si Udin langsung uih.

Akhirna si Udin sampe ka imahna “assalamualaikum ma” “wa alaiukm salam nak” “tas uih tah din” “nya muhun ma entos” “oh nya entos atuh, Udin gera ganti baju, gera emam nya din?” “nya muhun ma, ma Udin rek ngomong ?” “rek ngomong naon din, sok geura ngomongf ema rek sholat duhur?” “ma Udin ka pilih ka ilukeun deui lomba olimpiade matematika ma!” “Alhamdulillah ya allah, Alhamdulillah atuh din ari Udin kapilih duei mah, ma jadi bangga boga anak kadong udin” “nya ma Udin ge bersyukur, Alhamdulillah ma Udin bisa kapilih lomba olimpiade matematika, sa provinsi deui ma” “oh nya tah din?” “nya muhun ma” ‘oh nya atuh ari kitu mah” “doa keun Udin nya mak pang Udin bisa jadi juara lomba olimpiade?” “nya din ku ema ge di doakeun din, unggal poe gee ma ngadoakeun udin” “nya mak, tur nuhun nya mak” “nya din sami-sami”

Si Udin nerasken latihan sola-soal olimpiade nu di bere ku pak ahmad, saenggeus si Udin latihan soal-soal si Udin langsung sholat duhur saenggeus sholat duhur si uidn langsung emam, sa enggeus si Udin emam, si Udin neraskeun latihan-latihan soal.

Si Udin sholat ashar, sa enggeus si Udin sholat ashar si Udin neraskeun latihan-latihan soalna. Si Udin neraskuen duei latihan-latihan soalna “dug…. Dug…. Dug…” bedug maghrib berkumandang, si udiin langsung ka cai jeung langsung sholat maghrib. Saenggeus sholat maghrib si Udin langsung sare, lantaran ka capean latihan-latihan soal matematika ‘’kukuruyuk… kukuruyuk” suara ayam tos kadenge, si Udin gegeraan hudang lantaran rek siap-siap lomba olimpiade matematika si Udin langsung gegera mandi, tos madi si Udin langsung make baju, gegeraan “ma uUdin rek berangkat heula nya mak, soalna tos tlat ma” “lain sarapan heula din?” ‘tos teung ma, assalamualaikum” “waalaikum salam”

si Udin langsung lempang nuju ka sakola akhirna si Udin sampe ka sakolana si Udin langsung di panggil ku pak ahmad di titah ka kantor pak ahmad si Udin titah siap-siap rek ka propinsi. “din tos siap can?” “tos pak insya allah Udin tos siap!” “nya tos gegera berangkat ka provinsi” “nya pak” si Udin jeung kepala sekolah jeung pak ahmad lempang nuju ka provinsi, akhirna nyampe ka provinsi “din siap-siap nya din, Udin ka bagean no ka 3” “nya muhun pak Udin siap” “Alhamdulillah” sakebel si Udin nungguan namana di panggil, akhirna nama si Udin di panggil “udin… dari SD cempaka no urut 3” “din bismillah nya” “nya pak bis millah” “Udin masuk ka ruangan khusus olimpiade matematika” “si Udin langsung asup ka ruangan. Sababaraha jam si Udin akhirna kaluar ti ruangan.

“din kumha din kumaha soalna aya kabeh teu nu bapak mere soal-soalna?” “aya pak hiji du amah!” “oh nya entos nya din Udin bisa juara hiji!” “amin pak” si Udin nungguan hasilna, akhirna di umumkeun hasilna “yah sekarang saya umumkan juara pertama olimpiade matematika adalah Udin saripUdin dari SD cempaka dengan no urut 3, silahkan untuk yang bernama Udin di persilahkan naik keatas panggung” “hayoh Udin gera naek ka panggung!” “nya muhun pak, Alhamdulillah ya allah” “selamat yah udin” ‘dan untuk bapak wali kota untuk memberikan hadiah kepada udin, hadiah berupa beasiswa masuk sekolah menengah pertama dan uang senilai 5 juta rupiah” “nih nak,

Selamat nya nak, belajar lah lebih giat lagi yah” “ya pak terima kasih” si Udin saking sedihna si Udin teh sujud di luhur panggung saenggeus eta si Udin langsung uih ka imah na bari si Udin teu sabar mere kabar bahagia ka emana. Sasampai na si Udin di imah si udin, langsung sujud ka emana “eh din,,, din… Udin kunaon din?” “ma alhadulillah ma Udin jadi juara ka hiji, jeung hadiah nage beasiswa ka SMP jeung duit 5 juta ma” “Alhamdulillah ya allah allahuakbar syukur nuhun din ka allah” emana si Udin ge sabari sujud syukur” “ieu berkat doa ema” “nya din Alhamdulillah, ieu ge berkat kassabaran Udin akhirna Udin bisa neruskeun sakolana di SMP.