Conto Naskah Warta Tema Kesenian Wayang Golek

Judul Warta/berita: Inovasi Wayang Golek

Warta Tentang Wayang Golek bahasa Sunda
Warta Kesenian Wayang Golek

Pamirsa nu ku simkuring dipikahormat, cunduk waktuna kana acara warta salajengna nyaeta Inovasi Wayang Golek dina bahasa sunda anu dipindangkeun ku …

Pamirsa, Kasenian Wayang golék teh kiwari geus loba rubahna, nu ngalakukeun inovasi dina wayang golek diantarana nya éta saperti ku dalang Asep Sunandar Sunarya, saperti nu tos dilansir di koran radar bogor dina dinten senen 12 januari 2013. (What, Who, When)

“Wayang teh Kudu boga tempat dimata dunya, Supaya terus dipakereseup, wayang golek teh kudu boga inovasi”. Nurutkeun Asep Sunandar Sunarya, pikeun néangan inovasi dina bahan carita bisa tina sababaraha jalan. Bisa tina Koran, berita, bisa ogé tina kaayaan sapopoé nu keur rame-ramena ayeuna. (Why)

Sabab, salain jadi kasenian sunda, Wayang golek téh jadi sala sahiji alat pikeun nepikeun sagala hal ka masarakat, ku sabab kitu dalang sakuduna terus ngalakukeun inovasi. Inovasi dina wayang ieu dilakukeun sangkan masarakat teu bosen kana kasenian ieu. (Why, What)

Dina inovasi wayang golek oge teu saeutik nu nolak, ku sabab aya anggapan inovasi ieu teh bisa ngabalukarkeun jeung ngaleungitkeun idéntitas dina kasenian wayang golek. Asep, kurang panuju kana anggapan ieu, manéhna nganggap yén inovasi dina wayang golék téh lain pikeun ngalanggar aturan tapi sangkan wayang golek bisa terus dipikaresep ku masarakat. (Why)